Nahum
2 Éh Niniwé, jalma nu bakal mencarkeun penduduk manéh geus datang.+
Sok jaga bénténg-bénténg,
Awaskeun jalan-jalan.
Geura siap sadia perang, kumpulkeun kakuatan.
2 Yéhuwa bakal mulihkeun kamulyaan Yakub,
Kitu ogé jeung kamulyaan Israél,
Sabab musuh-musuh geus ngancurkeun maranéhna+
Sarta ngaruksak sirung-sirung maranéhna.
3 Musuhna Niniwé mawa taméng beureum,
Para prajuritna gé maraké pakéan beureum.
Dina poé manéhna siap perang,
Beusi dina karéta perangna hurung kawas seuneu,
Sarta tumbakna diacung-acung.
4 Karéta-karéta perangna tarik pisan, tinggurudug di jalan-jalan,
Ka ditu ka dieu di alun-alun.
Éta karéta-karéta téh hurung kawas obor sarta tingbelesat kawas kilat.
5 Raja ngageroan para pajabatna.
Maranéhna maraju, tapi titarajong.
Bral maranéhna arindit ka témbok kota,
Nguatan pertahanan.
6 Gerbang-gerbang walungan bakal maruka,
Istana bakal rugrug.
7 Ieu geus diputuskeun: Manéhna bakal ditaranjangan tuluy diboyong.
Para palayan awéwéna bakal careurik bari neunggeulan dada,
Ceurikna ngagarukguk kawas sora japati.
8 Salila hirupna, Niniwé+ kawas émpang,
Tapi ayeuna pendudukna ngaburudul kalaluar.
Aya nu ngagorowok, ”Ulah kabur! Cicing di dieu!”
Tapi euweuh nu balik deui.+
9 Jarah pérakna, jarah emasna!
Hartana teu béak-béak,
Pependemanana loba.
10 Éta kota jadi kosong, ancur, jeung kalantar!+
Haté maranéhna dicangkerem ku kasieun, tuurna nyorodcod laleuleus, cangkéngna gé ngageter.
Beungeut maranéhna pias.
11 Cik, mana kota nu tadina lir guha singa,+ tempat singa-singa ngora* diparaban,
Tempat singa jeung anak-anakna leuleumpangan
Sarta teu sieun ku naon-naon?
12 Gabrug mamangsanna dirontok jeung disasaak,
Dibikeun ka bikang-bikang jeung anak-anakna.
Guhana pinuh ku daging mamangsanna,
Daging beunang nyasaak.
13 Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ngucap kieu, ”Kuring nu rék ngalawan manéh.+
Karéta-karéta perang manéh rék diduruk nepi ka béak.+
Singa-singa ngora manéh* rék diparaéhan ku pedang.
Manéh moal bisa moro deui di bumi.
Sora para utusan manéh gé moal bakal kadéngé-déngé deui.”+