PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Zakharia 10
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Zakharia

      • Suhunkeun hujan ka Yéhuwa, lain ka déwa-déwa (1, 2)

      • Yéhuwa ngahijikeun umat-Na (3-12)

        • Pamingpin ti urang Yéhuda (3, 4)

Zakharia 10:1

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”usim”.

  • *

    Atawa ”awan”.

Zakharia 10:2

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”déwa-déwa kulawarga”. As. ”térafim”.

Zakharia 10:3

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”nu kawas embé”.

Zakharia 10:4

Catetan Handap

  • *

    As. ”bakal aya munara nu di juru”. Ieu téh ngagambarkeun jalma nu penting.

  • *

    As. ”bakal aya patok”. Ieu téh ngagambarkeun jalma nu ngadukung.

  • *

    Atawa ”jeung jalma nu méré tugas”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Zakharia 10:1-12

Zakharia

10 ”Dina waktuna hujan usum* semi, suhunkeun hujan ka Yéhuwa.

Yéhuwa nu nyieun méga* hideung,

Nu nurunkeun hujan angin.

Anjeunna nu nurunkeun hujan keur manusa,sangkan pepelakan jaradi di tegalan pikeun kaperluan sakabéh manusa.

 2 Ucapan patung-patung berhala* téh bohong.

Titingalian nu ditepikeun ku tukang ramal gé jijieunan.

Impian nu dicaritakeun ku maranéhna téh omong kosong.

Maranéhna rék nengtremkeun, tapi teu aya gunana.

Éta sababna maranéhna bakal aprak-aprakan kawas domba.

Maranéhna bakal sangsara lantaran euweuh nu ngangon.

 3 Amarah Kuring ngagedur ka para pangangon.

Kuring bakal ngahukum para pamingpin nu sok nindes,*

Sabab Kuring, Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, geus merhatikeun domba-domba Kuring, nyaéta urang Yéhuda.

Maranéhna ku Kuring geus dijadikeun kawas kuda perang nu gagah.

 4 Ti urang Yéhuda bakal aya pamingpin.*

Ti maranéhna bakal aya pangawasa nu ngadukung.*

Ti maranéhna bakal aya busur perang jeung para pangawas.*

Kabéhanana téh muncul ti Yéhuda.

 5 Maranéhna bakal jadi kawas prajurit

Nu ngaleyek leutak di jalan waktu keur tempur.

Maranéhna bakal maju perang, lantaran Yéhuwa nyarengan.

Nu tarumpak kuda bakal direndahkeun.

 6 Ku Kuring urang Yéhuda rék diunggulkeun,

Turunan Yusuf gé rék disalametkeun.

Kuring rék mawa balik maranéhna,

Sabab Kuring rék némbongkeun welas asih ka maranéhna.

Moal aya tapak-tapak urut dipiceun ku Kuring,

Sabab Kuring téh Yéhuwa Allah maranéhna, sarta Kuring bakal ngajawab maranéhna.

 7 Urang Éfraim pasti jadi kawas prajurit nu perkasa.

Haté maranéhna bakal galumbira kawas jalma nu nginum cianggur.

Anak-anakna bakal nyaksian sarta barungah.

Haté maranéhna bakal galumbira ku karana Yéhuwa.

 8 ’Kuring rék ngahéot ngageroan maranéhna sina karumpul.

Sabab Kuring bakal nebus maranéhna,

Sarta maranéhna bakal jadi loba jeung terus ngalobaan.

 9 Sanajan maranéhna ku Kuring dipaburencaykeun di antara bangsa-bangsa kawas binih nu ditebarkeun,

Maranéhna bakal aringet ka Kuring ti tempat-tempat nu jauh.

Maranéhna jeung anak-anakna bakal sarumanget deui tuluy baralik.

10 Kuring bakal mawa maranéhna balik ti Mesir

Sarta ngumpulkeun maranéhna ti Asiria.

Kuring bakal mawa maranéhna ka Giléad jeung Lébanon,

Malahan mah éta daérah gé moal mahi keur maranéhna.

11 Waktu laut ngahalangan maranéhna,

Kuring bakal nyorang ka dinya sarta neunggeul ombak-ombakna.

Waktu Walungan Nil ngahalangan maranéhna,

Caina ku Kuring rék disaatan.

Asiria nu adigung ku Kuring rék disina ngeluk,

Ari tongkat karajaan Mesir bakal disirnakeun.

12 Maranéhna ku Kuring, Yéhuwa, bakal disina unggul.

Nu dipilampah ku maranéhna bakal ngamulyakeun ngaran Kuring,’ saur Yéhuwa.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun