PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Zakharia 3
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Zakharia

      • Titingalian 4: Baju imam agung diganti (1-10)

        • Sétan ngalawan Imam Agung Yosua (1)

        • ”Kuring bakal ngutus hamba Kuring nu disebut Sirung” (8)

Zakharia 3:4

Catetan Handap

  • *

    Katingalina ngamaksudkeun malaikat-malaikat séjén.

  • *

    Atawa ”Kasalahan”.

Zakharia 3:7

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”ngajaga”.

  • *

    Katingalina ngamaksudkeun malaikat-malaikat séjén.

Zakharia 3:9

Catetan Handap

  • *

    Bisa jadi maksudna aya tujuh panon nu ningalikeun éta batu.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Zakharia 3:1-10

Zakharia

3 Ti dinya, Anjeunna némbongkeun Imam Agung Yosua ka kuring. Yosua keur nangtung hareupeun malaikat Yéhuwa. Di katuhueunana aya Sétan nu nangtung pikeun ngalawan manéhna. 2 Geus kitu, malaikat Yéhuwa ngomong ka Sétan, ”Éh Sétan, manéh sing ditegor ku Yéhuwa! Muga-muga Yéhuwa, nu geus milih Yérusalém, negor manéh! Ieu jalma téh kawas kai nu didudut tina seuneu, pan?”

3 Yosua nu nangtung hareupeun malaikat téh maké baju kotor. 4 Éta malaikat ngomong ka nu araya* di hareupeunana, ”Laanan baju kotorna.” Ceuk éta malaikat ka Yosua, ”Dosa* manéh ku kuring geus dipiceun. Manéh bakal disalinan ku baju nu alus.”

5 Jadi ceuk kuring, ”Pangmasangkeun sorban nu bersih kana sirahna.” Seug maranéhna masangkeun sorban nu bersih kana sirah Yosua sarta ngabajuan manéhna ku baju nu alus téa. Harita, malaikat Yéhuwa téh nangtung deukeut manéhna. 6 Malaikat Yéhuwa ngomong kieu ka Yosua, 7 ”Kieu saur Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ’Lamun manéh nurut kana paréntah Kuring jeung ngajalankeun tugas ti Kuring, manéh bakal jadi hakim di imah Kuring sarta bakal ngurus* buruan Kuring. Manéh bakal diidinan ngadep ka Kuring, sakumaha maranéhna* nu nangtung di dieu.’

8 ”’Déngékeun, hé Imam Agung Yosua jeung para imam nu dariuk di hareupeunana. Maranéh téh lambang jaman nu bakal datang. Kuring bakal ngutus hamba Kuring nu disebut Sirung. 9 Jig tempo batu nu diteundeun ku Kuring hareupeun Yosua. Dina éta batu aya tujuh panon.* Kuring rék ngukir tulisan di dinya. Kasalahan éta nagri téh bakal disingkirkeun ku Kuring di jero sapoé,’ saur Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.

10 ”’Dina poé éta, maranéh masing-masing bakal ngondang tatangga-tatangga tuluy ngajak maranéhna diuk di handapeun tangkal anggur jeung tangkal ara maranéh,’ saur Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun