PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Maléakhi 2
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Maléakhi

      • Para imam teu ngajar umat Allah (1-9)

        • Biwir imam kuduna ngajarkeun pangarti (7)

      • Dosa lantaran sangeunahna megatkeun pamajikan (10-17)

        • ”’Kuring geuleuh kana pepegatan,’ ucap Yéhuwa” (16)

Maléakhi 2:1

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Mal 1:6

Maléakhi 2:2

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 26:14-17; Pam 28:15
  • +Hag 1:11

Maléakhi 2:3

Catetan Handap

  • *

    Maksudna, tempat miceun kokotor sato nu dikurbankeun.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yl 1:17

Maléakhi 2:4

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 40:12, 15; Bil 3:6; 18:23; Yéh 44:15, 16

Maléakhi 2:5

Catetan Handap

  • *

    As. ”sieun”.

  • *

    As. ”sieun”.

Maléakhi 2:6

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”pituduh”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Bab 17:8, 9
  • +Bud 32:26

Maléakhi 2:7

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”pituduh”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 24:8; 2Bab 15:3; Néh 8:7, 8; Yéh 44:23, 24

Maléakhi 2:8

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”gara-gara pituduh maranéh”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Luk 11:52
  • +Néh 13:29

Maléakhi 2:9

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 19:15; Pam 1:17; 16:19

Maléakhi 2:10

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Mal 1:6; 1Kor 8:6
  • +Néh 5:8

Maléakhi 2:11

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”ngahina tempat suci nu dipikacinta ku Yéhuwa”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 20:26
  • +Pam 7:1, 3; Hak 3:5, 6; 1Raj 11:1, 2; Néh 13:23

Maléakhi 2:12

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Sam 15:22

Maléakhi 2:13

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Sil 21:27

Maléakhi 2:14

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Sil 5:18-20; Mat 19:4-6

Maléakhi 2:16

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 2:24; Mat 5:32; 19:8, 9; Mar 10:5-9
  • +Mal 2:10

Maléakhi 2:17

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yés 1:14, 15
  • +Yéh 18:29

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

Mal. 2:1Mal 1:6
Mal. 2:2Ima 26:14-17; Pam 28:15
Mal. 2:2Hag 1:11
Mal. 2:3Yl 1:17
Mal. 2:4Bud 40:12, 15; Bil 3:6; 18:23; Yéh 44:15, 16
Mal. 2:62Bab 17:8, 9
Mal. 2:6Bud 32:26
Mal. 2:7Pam 24:8; 2Bab 15:3; Néh 8:7, 8; Yéh 44:23, 24
Mal. 2:8Luk 11:52
Mal. 2:8Néh 13:29
Mal. 2:9Ima 19:15; Pam 1:17; 16:19
Mal. 2:10Mal 1:6; 1Kor 8:6
Mal. 2:10Néh 5:8
Mal. 2:11Ima 20:26
Mal. 2:11Pam 7:1, 3; Hak 3:5, 6; 1Raj 11:1, 2; Néh 13:23
Mal. 2:121Sam 15:22
Mal. 2:13Sil 21:27
Mal. 2:14Sil 5:18-20; Mat 19:4-6
Mal. 2:16Kaj 2:24; Mat 5:32; 19:8, 9; Mar 10:5-9
Mal. 2:16Mal 2:10
Mal. 2:17Yés 1:14, 15
Mal. 2:17Yéh 18:29
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Maléakhi 2:1-17

Maléakhi

2 ”Hé para imam, ieu paréntah keur maranéh:+ 2 Lamun maranéh embung ngadéngékeun jeung teu bener-bener ngamulyakeun ngaran Kuring, maranéh bakal dikutuk ku Kuring.+ Kuring bakal ngaganti berkah maranéh jadi kutuk.+ Malah Kuring geus ngaganti berkah maranéh jadi kutuk, lantaran maranéh teu bener-bener ngajalankeun paréntah Kuring,” ucap Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.

3 ”Ku sabab kalakuan maranéh, binih nu dipelak ku maranéh rék diruksak ku Kuring.+ Kokotor sato nu dikurbankeun ku maranéh waktu perayaan téh ku Kuring rék ditaplokkeun kana beungeut maranéh. Maranéh rék digusur kana tumpukan kokotor éta.* 4 Mun geus kitu mah kakara maranéh bakal nyaho yén Kuring méré ieu paréntah téh supaya perjangjian Kuring jeung Léwi teu batal,”+ ucap Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.

5 ”Perjangjian Kuring jeung manéhna téh ngajaga kahirupan jeung katengtreman manéhna, supaya manéhna hormat* ka Kuring. Harita manéhna mémang hormat* ka Kuring jeung mikagimir ngaran Kuring. 6 Biwirna ngajarkeun hukum* nu bener+ sarta tara ngucapkeun nu jahat. Manéhna rukun jeung Kuring, hirupna gé bener.+ Ku bantuan manéhna, loba jalma eureun ngalampahkeun nu salah. 7 Biwir imam téh kuduna mah ngajarkeun pangarti. Lamun hayang nyaho hukum,* jalma-jalma kudu néangan manéhna,+ sabab manéhna téh utusan Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.

8 ”Tapi maranéh sorangan nu nyimpang ti jalan nu sakuduna. Loba jalma ogé jadi teu ngajalankeun hukum gara-gara maranéh.*+ Maranéh ingkar tina perjangjian Kuring jeung Léwi,”+ ucap Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga. 9 Allah ngucap deui, ”Ku Kuring jalma-jalma rék disina nyapirakeun jeung ngarendahkeun maranéh, lantaran maranéh teu nurut kana paréntah Kuring. Maranéh kalah ka beurat sabeulah waktu ngajalankeun hukum.”+

10 ”Bapa urang kabéh téh ngan hiji, pan?+ Nu nyiptakeun urang kabéh téh Allah nu sarua, pan? Jadi ku naon urang silih hianat,+ ngalanggar perjangjian karuhun urang? 11 Urang Yéhuda geus ngahianat sarta ngalampahkeun nu pikaijideun di Israél jeung di Yérusalém. Maranéhna ngahina ka Yéhuwa, nu cinta kana kasucian,*+ tuluy kawin jeung awéwé nu nyembah ka allah séjén.+ 12 Rék saha waé gé, nu ngalampahkeun éta ku Yéhuwa bakal dimusnakeun ti pakémahan Yakub, sanajan manéhna ngabaktikeun kurban ka Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.”+

13 ”Aya deui nu dilampahkeun ku maranéh nu nyababkeun mézbah Yéhuwa kakeueum ku cimata. Di dinya, kadéngé sora nu ceurik jeung udah-aduh, nu matak Anjeunna moal narima deui pangbakti maranéh sarta moal resep kana naon waé nu dibikeun ku maranéh.+ 14 Maranéh nanya, ’Naon sababna?’ Éta téh lantaran Yéhuwa geus jadi saksi waktu maranéh ngahianat ka pamajikan nu dikawin basa keur ngora, padahal manéhna téh batur hirup jeung pamajikan maranéh nu sah.+ 15 Tapi aya sababaraha jalma nu lalampahanana teu kitu, sabab maranéhna masih dibingbing ku kawasa suci. Naon tujuan maranéhna? Maranéhna hayang boga turunan nu bener-bener umat Allah. Jadi jaga haté maranéh, ulah ngahianat ka pamajikan maranéh nu dikawin basa keur ngora, 16 Sabab Kuring geuleuh kana pepegatan,”+ ucap Yéhuwa, Allah Israél, ”sarta geuleuh ka jalma nu telenges,” ucap Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga. ”Jaga haté maranéh, ulah ngahianat.+

17 ”Yéhuwa geus bosen ku omongan maranéh.+ Tapi ceuk maranéh, ’Ku naon bet bosen?’ Sabab maranéh ngomong, ’Saha waé nu ngalampahkeun nu goréng téh dianggap hadé ku Yéhuwa. Anjeunna gé resep ka manéhna,’+ sarta ngomong, ’Mana Allah nu adil téh?’”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun