PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Maléakhi 4
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Maléakhi

      • Élia datang saacan poé Yéhuwa (1-6)

        • ’Sorot panonpoé nu mawa bebeneran’ (2)

Maléakhi 4:1

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Zéf 2:2; 2Pét 3:7

Maléakhi 4:2

Catetan Handap

  • *

    As. ”sieun”.

Maléakhi 4:4

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 4:5

Maléakhi 4:5

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Ilyas”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Mat 11:13, 14; Mar 9:11, 12
  • +Yl 2:31; Kis 2:20; 2Pét 3:10

Maléakhi 4:6

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Luk 1:17

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

Mal. 4:1Zéf 2:2; 2Pét 3:7
Mal. 4:4Pam 4:5
Mal. 4:5Mat 11:13, 14; Mar 9:11, 12
Mal. 4:5Yl 2:31; Kis 2:20; 2Pét 3:10
Mal. 4:6Luk 1:17
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Maléakhi 4:1-6

Maléakhi

4 Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ngucap kieu, ”Poé éta bakal datang. Kaayaan dina poé éta bakal panas kawas di pameuleuman.+ Kabéh jalma nu lancang jeung jahat bakal jadi kawas jarami. Dina poé éta, kabéhanana pasti dimusnakeun nepi ka euweuh sésana, boh akarna boh cabangna, moal nyésa. 2 Tapi, maranéh nu hormat* ka ngaran Kuring mah bakal kasorot ku panonpoé nu mawa bebeneran, nu sinarna matak nyageurkeun. Maranéh bakal ajrug-ajrugan kawas anak sapi nu lintuh.”

3 ”Dina poé Kuring ngalaksanakeun éta, jalma jahat bakal ditincakan ku maranéh nepi ka jadi kekebul handapeun suku maranéh,” ucap Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.

4 ”Sing inget kana Hukum nu dibikeun ku Kuring ka Musa hamba Kuring di Horéb. Éta téh aturan jeung putusan hukum nu kudu dijalankeun ku sakabéh urang Israél.+

5 ”Kuring ngutus Nabi Élia*+ ka maranéh saacan datangna poé Yéhuwa nu hébat jeung matak tajub.+ 6 Manéhna bakal ngarobah haté para bapa jadi kawas haté barudak,+ sarta haté barudak jadi kawas haté para bapa. Ku kituna, Kuring moal datang pikeun nyilakakeun jeung ngabinasakeun bumi.”

(Ahir tarjamahan Kitab-Kitab Ibrani-Aram, diteruskeun ku Kitab-Kitab Yunani Kristen)

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun