PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Bilangan 19
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Bilangan

      • Sapi beureum jeung cai paranti nyucikeun (1-22)

Bilangan 19:6

Catetan Handap

  • *

    Tingali Daptar Istilah.

Bilangan 19:9

Catetan Handap

  • *

    As. ”tempat nu bersih”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Bilangan 19:1-22

Bilangan

19 Yéhuwa ngomong deui ka Musa jeung Harun, 2 ”Ieu hukum nu ditetepkeun ku Yéhuwa, ’Béjakeun ka urang Israél sina mawa hiji sapi beureum. Sapina kudu nu séhat, taya cacadna, jeung can pernah dipaké gawé. 3 Bikeun sapina ka Imam Éléazar. Engké sapina sina ditungtun ku manéhna ka luar pakémahan, tuluy sina dipeuncit hareupeun manéhna. 4 Imam Éléazar kudu nyokot getihna saeutik ku ramo, tuluy képrét-képrétkeun tujuh kali ka arah lawang asup kémah tepangan. 5 Duruk sapina hareupeun manéhna. Kulit, daging, getih, jeung eusi peujitna kudu diduruk. 6 Éta imam kudu nyokot kai aras, hisop,* jeung kaén beureum, tuluy ngalungkeun kabéhanana kana seuneu nu ngaduruk éta sapi. 7 Terus, éta imam kudu nyeuseuh bajuna sarta mandi. Sanggeus kitu, kakara manéhna bisa asup ka pakémahan, tapi manéhna bakal jadi najis nepi ka panonpoé surup.

8 ”’Jalma nu ngaduruk éta sapi kudu nyeuseuh bajuna sarta mandi. Manéhna bakal jadi najis nepi ka panonpoé surup.

9 ”’Hiji jalma nu teu najis kudu ngumpulkeun lebu sapina, tuluy éta kudu ditumpukkeun di hiji tempat nu geus ditangtukeun* di luar pakémahan. Éta lebu kudu disimpen ku jamaah Israél keur piparantieun nyieun cai jang nyucikeun. Éta téh kurban pangampura dosa. 10 Jalma nu ngumpulkeun lebu sapi kudu nyeuseuh bajuna. Manéhna bakal jadi najis nepi ka panonpoé surup.

”’Ieu aturan nu kudu dijalankeun sapapanjangna ku urang Israél jeung urang asing nu cicing di antara maranéhna: 11 Saha waé nu nyabak mayit bakal jadi najis salila tujuh poé. 12 Dina poé katilu, manéhna kudu nyucikeun diri ku éta cai. Dina poé katujuh, manéhna teu najis deui. Tapi lamun teu nyucikeun diri dina poé katilu, dina poé katujuh manéhna najis kénéh. 13 Saha waé nu nyabak mayit tapi teu nyucikeun dirina téh nganajisan tabernakel Yéhuwa. Éta jalma kudu dipaéhan. Lantaran manéhna teu diképrétan ku cai paranti nyucikeun, manéhna téh najis jeung bakal tetep najis.

14 ”’Ieu hukumna lamun aya nu maot di jero kémah: Saha waé nu asup ka éta kémah sarta nu geus aya di dinya bakal jadi najis salila tujuh poé. 15 Unggal wadah nu teu dituruban gé jadi najis. 16 Saha waé nu aya di tegalan nu nyabak mayit, atawa tulang-taléng jelema, atawa kuburan, atawa jalma nu dipaéhan ku pedang bakal jadi najis salila tujuh poé. 17 Supaya teu najis deui, manéhna kudu dipangnyokotkeun lebu tina kurban pangampura dosa nu geus diduruk. Asupkeun lebuna kana wadah, caian ku cai tina cinyusu. 18 Geus kitu, hiji jalma nu teu najis kudu nyokot hisop. Anclomkeun hisopna kana éta cai, tuluy képrét-képrétkeun kana kémah, kana sakabéh wadah, ka jalma nu aya di jero kémah, jeung ka jalma nu nyabak tulang-taléng, atawa ka nu nyabak jalma nu dipaéhan, mayit, atawa kuburan. 19 Dina poé katilu jeung katujuh, jalma nu teu najis kudu ngéprét-ngéprétkeun éta cai ka jalma nu najis téa. Dina poé katujuh, manéhna kudu nyucikeun jalma nu najis éta tina dosana. Geus kitu, jalma nu najis éta kudu nyeuseuh bajuna sarta mandi. Waktu panonpoé surup, manéhna teu najis deui.

20 ”’Jalma najis nu teu nyucikeun diri kudu dipaéhan, lantaran manéhna nganajisan tempat suci Yéhuwa. Ku sabab manéhna teu diképrétan ku cai paranti nyucikeun diri, manéhna téh najis.

21 ”’Ieu hukum nu kudu dijalankeun sapapanjangna: Jalma nu ngéprét-ngéprétkeun cai paranti nyucikeun nu najis kudu nyeuseuh bajuna. Jalma nu nyabak éta cai bakal jadi najis nepi ka panonpoé surup. 22 Naon waé nu dicabak ku jalma nu najis bakal jadi najis, kitu deui saha waé nu antel kana barang-barang éta bakal jadi najis nepi ka panonpoé surup.’”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun