Bilangan
34 Terus Yéhuwa ngomong ka Musa, 2 ”Béré pituduh kieu ka urang Israél, ’Waktu maranéh asup ka tanah Kanaan, ieu wawatesan éta tanah nu rék dibikeun ku Kuring jadi warisan keur maranéh.
3 ”’Di beulah kidul, watesna téh ti Tanah Gurun Zin di sapanjang wilayah Édom. Wates beulah kidul nu paling wétan téh nyaéta ti tungtung Laut Paéh.* 4 Ti dinya, watesna ngidul ka Tanjakan Akrabim nepi ka Zin, tungtungna téh di Kadés-barnéa beulah kidul. Ti dinya, watesna terus ka Hazar-adar nepi ka Azmon. 5 Tuluy, éta wates méngkol di Azmon ka Wadi* Mesir, tungtungna di Laut.*
6 ”’Wates beulah kulon téh nyaéta Laut Tengah jeung basisirna. Éta bakal jadi wates wilayah maranéh beulah kulon.
7 ”’Ieu wates wilayah maranéh beulah kalér: Ti Laut Tengah terus mapay nepi ka Gunung Hor. 8 Ti Gunung Hor mapay ka Lébo-Hamat,* tungtungna di Zédad. 9 Watesna terus ka Zifron, tungtungna di Hazar-énan. Éta bakal jadi wates wilayah maranéh beulah kalér.
10 ”’Di beulah wétan, wates wilayah maranéh téh ti Hazar-énan nepi ka Syéfam. 11 Ti Syéfam, watesna mapay ka Ribla wétaneun Ain, terus turun ka lamping Situ Khinérét* beulah wétan. 12 Ti dinya, watesna terus ka Walungan Yordan, tungtungna di Laut Paéh.* Éta nu bakal jadi tanah maranéh jeung wates-wates di sakurilingna.’”
13 Tuluy, Musa méré pituduh kieu ka urang Israél, ”Ieu tanah kudu dibagi-bagi jadi milik maranéh ku cara diundi, sakumaha paréntah Yéhuwa keur salapan satengah kaom. 14 Sabab kaom Rubén, kaom Gad, jeung satengah kaom Manasyé mah geus nyokot warisanana. 15 Dua satengah kaom éta geus nyokot warisanana, nyaéta di beulah wétan Walungan Yordan deukeut Yérikho, nu nyanghareup ka panonpoé medal.”
16 Yéhuwa ngomong deui ka Musa, 17 ”Ieu ngaran jalma-jalma nu bakal ngabagi-bagi tanah pikeun jadi milik maranéh: Imam Éléazar jeung Yosua anak Nun. 18 Tuluy, manéh kudu ngangkat hiji pamingpin ti unggal kaom keur ngabagi-bagi tanah pikeun jadi warisan maranéh. 19 Ieu ngaran para pamingpin éta: Ti kaom Yéhuda, Kaléb anak Yéfuné. 20 Ti kaom Siméon, Syémuél anak Amihud. 21 Ti kaom Bényamin, Élidad anak Khislon. 22 Ti kaom Dan, Buki anak Yogli. 23 Ti kaom Manasyé turunan Yusuf, Haniél anak Éfod. 24 Ti kaom Éfraim turunan Yusuf, Kémuél anak Syiftan. 25 Ti kaom Zébulon, Élizafan anak Parnakh. 26 Ti kaom Isakhar, Paltiél anak Azan. 27 Ti kaom Asyér, Ahihud anak Syélomi. 28 Ti kaom Naftali, Pédahél anak Amihud.” 29 Éta ngaran jalma-jalma nu dipilih ku Yéhuwa pikeun ngabagi-bagi tanah Kanaan ka urang Israél.