Nu Ditulis ku Matius
6 ”Kadé, ulah ngalampahkeun nu bener pédah hayang katempo ku batur.+ Mun kitu, maranéh moal meunang ganjaran ti Bapa nu di sorga. 2 Waktu méré sidekah, ulah sok diuar-uar* siga jalma-jalma nu munapék. Maranéhna osok kitu di tempat-tempat ibadah jeung di jalan-jalan ngarah kapuji ku batur. Sing percaya, ngan éta ganjaran maranéhna. 3 Tapi ari maranéh mah waktu méré sidekah téh leungeun kénca ulah nyaho naon nu dibikeun ku leungeun katuhu, 4 jadi sidekahna moal kanyahoan ku batur. Ku kituna, maranéh bakal dibéré ganjaran ku Bapa+ nu bisa ningali sagalana.
5 ”Salian ti éta, ari ngadoa ulah siga jalma-jalma munapék.+ Jalma-jalma nu siga kitu mah osok ngadoa bari nangtung di tempat ibadah jeung di péngkolan jalan gedé supaya katempo ku batur.+ Sing percaya, ngan éta ganjaran maranéhna. 6 Tapi, waktu maranéh ngadoa, pék asup ka kamar, tutup pantona, prak ngadoa ka Bapa nu di sorga.+ Ku kituna, maranéh bakal dibéré ganjaran ku Bapa nu bisa ningali sagalana. 7 Unggal ngadoa, ulah teterusan maké kekecapan nu sarua kawas jalma-jalma ti bangsa-bangsa séjén. Ceuk pamikirna mah doa nu panjang téh bakal didéngé. 8 Ulah siga maranéhna. Saacan dipénta gé Bapa maranéh geus nyaho naon nu dibutuhkeun ku maranéh.+
”’Bapa nu di sorga, mugia nami Bapa+ disucikeun.*+ 10 Mugia Pamaréntahan Bapa+ énggal ngawasa. Kahoyong Bapa+ mugia laksana di bumi+ saperti di sorga. 11 Abdi nyuhunkeun dipasihan tuangeun* nu cekap kanggo dinten ieu.+ 12 Hampura dosa* abdi, sakumaha abdi gé tos ngahampura dosa* batur.+ 13 Tulungan abdi supaya teu nyerah ku gogoda+ sarta leupaskeun* abdi ti si jahat.’*+
14 ”Lamun maranéh ngahampura kasalahan batur, Bapa nu di sorga gé bakal ngahampura maranéh.+ 15 Tapi lamun maranéh henteu ngahampura kasalahan batur, Bapa nu di sorga gé moal ngahampura kasalahan maranéh.+
16 ”Mun keur puasa,+ beungeut teu kudu disedih-sedih siga jalma nu munapék. Beungeut maranéhna téh dihaja sina caludih ngarah katempo keur puasa.+ Sing percaya, ngan éta ganjaran maranéhna. 17 Ari maranéh mah lamun keur puasa, pék buuk minyakan, heug sibeungeut, 18 supaya maranéh puasa téh teu katempo ku batur, tapi ngan katempo ku Bapa nu di sorga. Ku kituna, maranéh bakal dibéré ganjaran ku Bapa nu bisa ningali sagalana.
19 ”Ulah ngumpul-ngumpulkeun deui harta di dunya+ nu bisa dihakan ku ngenget,* bisa tai hiangan, jeung bisa dipaok ku bangsat. 20 Tapi, kumpulkeun harta di sorga+ nu teu bisa dihakan ku ngenget, moal tai hiangan,+ jeung moal dipaok ku bangsat. 21 Sabab di mana ayana harta manéh, nya di dinya nyantélna haté manéh.
22 ”Panon téh lampuna awak.+ Lamun panon manéh ngan ningali nu haradé,* sakujur awak gé bakal cahayaan. 23 Tapi lamun panon manéh sirikan,*+ sakujur awak gé bakal poék. Lamun nu aya dina diri manéh téh poék, lain caang, awak manéh téh kacida pisan poékna.
24 ”Moal aya nu bisa jadi palayan keur dua dunungan, sabab manéhna bakal nyaah ka nu hiji jeung ngéwa ka nu séjén,+ atawa bakal satia ka nu hiji jeung teu satia ka nu séjén. Maranéh moal bisa jadi palayan Allah ongkoh, palayan Kabeungharan ongkoh.+
25 ”Ku kituna urang ngabéjaan: Ulah hariwang deui+ kana kahirupan, mikiran rék dahar naon atawa rék nginum naon, atawa hariwang awak rék dibajuan naon.+ Kapan kahirupan téh leuwih penting tibatan dahareun, sarta awak téh leuwih penting tibatan baju.+ 26 Pék sidik-sidik manuk nu keur hiber.+ Manuk mah tara melak, tara ngala, tara ngumpulkeun dahareun ka lumbung, tapi tetep wéh diparaban ku Bapa maranéh nu di sorga. Komo deui maranéh, maranéh leuwih hargaan tibatan manuk, pan? 27 Mémangna mun maranéh hariwang, umur maranéh bisa manjangan saeutik,* kitu?+ 28 Salian ti éta, ku naon maranéh hariwang kana papakéan? Tuh tingali kembang bakung nu jaradi di tegalan, tara baranggawé, tara ngaput, 29 tapi urang ngabéjaan, Sulaéman+ nu kacida beungharna gé teu boga papakéan nu alus siga kitu. 30 Tah, lamun pepelakan nu ayeuna jadi tuluy isukna diduruk ogé dibéré papakéan nu alus ku Allah, komo deui maranéh. Ku naon nepi ka kurang percaya kitu? 31 Jadi, ulah nepi ka hariwang mikiran,+ ’Naon nu rék didahar?’ atawa, ’Naon nu rék diinum?’ atawa, ’Naon nu rék dipaké?’+ 32 Hal-hal éta nu diudag-udag ku bangsa-bangsa séjén. Tapi, Bapa maranéh nu di sorga mah nyaho maranéh téh butuh éta kabéh.
33 ”Ku kituna, pentingkeun heula Pamaréntahan Allah sarta hal-hal nu bener dina pandangan Allah. Engké, sagala pangabutuh maranéh ku Allah bakal dicumponan.+ 34 Jadi, ulah hariwang poé isukan rék kumaha.+ Pikirkeun mah poé ieu wéh, isukan mah isukan deui, da unggal poéna gé aya hariwangna.