Nu Ditulis ku Markus
11 Pas geus deukeut ka Yérusalém, maranéhna nepi di Bétfagé jeung Bétani, di Gunung Zaitun, tuluy Isa ngutus dua muridna, 2 nitah kieu, ”Pék indit ka kampung di hareup. Pas asup, maranéh bakal ningali anak kaldé nu keur dicangcang, jeung can pernah ditumpakan ku sasaha. Leupaskeun talina tuluy bawa ka dieu. 3 Lamun aya nu nanya, ’Ku naon bet dileupaskeun?’ béjakeun kieu, ’Dipénta ku Juragan, engké langsung dipulangkeun deui.’” 4 Maranéhna indit jeung manggih anak kaldé keur dicangcang di hareupeun panto imah nu aya di sisi jalan, tuluy dileupaskeun ku maranéhna. 5 Tapi sababaraha jalma nu narangtung di dinya nanya kieu, ”Ku naon anak kaldéna bet dileupaskeun?” 6 Maranéhna ngajawab sakumaha pesen Isa, jeung anak kaldéna meunang dibawa.
7 Anak kaldéna dibawa ku maranéhna ka Isa, terus tonggongna ditilaman ku baju luar maranéhna, tuluy ku Isa ditumpakan. 8 Salian ti éta, loba jalma ngamparkeun baju luarna di jalan, nu séjénna neukteukan palapah-palapah palem di sisi jalan. 9 Jalma-jalma nu leumpang di hareupeun jeung di tukangeunana tinggarero, ”Mugia disalametkeun! Mugia diberkahan jalma nu datang mawa ngaran Yéhuwa! 10 Mugia diberkahan Pamaréntahan Daud, bapa urang, nu bakal ngadeg! Anjeun nu aya di sorga, salametkeun manéhna!” 11 Manéhna asup ka Yérusalém tuluy asup ka bait jeung ningalian sakurilingna. Tapi lantaran geus soré, manéhna indit ka Bétani bareng jeung 12 rasulna.
12 Isukna, pas maranéhna indit ti Bétani, Isa lapareun. 13 Ti kajauhan, manéhna nempo tangkal ara nu daunan, jeung ku manéhna dideukeutan bisi geus buahan. Ari pék téh euweuh buahna ngan daun hungkul, lantaran can usum buah ara. 14 Jadi manéhna ngomong ka éta tangkal, ”Moal aya deui nu dahar buah manéh salilana.” Ieu kadéngé ku murid-muridna.
15 Waktu nepi ka Yérusalém, Isa asup ka bait jeung ngusiran nu jual beuli di bait. Méja-méja tukang nukeuran duit jeung bangku-bangku tukang dagang japati ku manéhna diguling-gulingkeun. 16 Manéhna gé ngalarang jalma-jalma nu mawa barang motong jalan liwat bait, 17 terus manéhna ngajar kieu, ”Apal teu ayat nu nyebutkeun, ’Imah Kuring bakal disebut imah doa keur kabéh bangsa’? Tapi ku maranéh kalah ka dijadikeun sayang* bégal.” 18 Éta kadéngéeun ku imam-imam kapala jeung ahli-ahli Torét. Jadi maranéhna nyusun rencana rék maéhan Isa, tapi teu wanieun da jalma-jalma tarajubeun kana pangajaran manéhna.
19 Pas geus soré, maranéhna indit ti kota éta. 20 Tapi isuk-isuk kénéh pas keur di jalan, maranéhna ningali tangkal ara téa geus garing nepi ka akar-akarna. 21 Pétrus ingeteun, terus ngomong, ”Rabi,* tuh tingali! Tangkal ara nu dikutuk téa geus garing.” 22 Isa ngomong, ”Kudu boga iman ka Allah. 23 Sing percaya, saha waé nu ngomong ka ieu gunung, ’Pindah ka ditu, ka laut,’ jeung teu cangcaya dina haténa, tapi boga iman yén nu diucapkeunana bakal kajadian, éta bakal jadi kanyataan. 24 Éta sababna urang ngabéjaan, maranéh kudu boga iman yén maranéh bakal narima sagala nu didoakeun jeung dipénta ku maranéh, jeung éta tangtu dibéré. 25 Sarta waktu maranéh nangtung ngadoa, hampura sagala kasalahan batur ngarah kasalahan maranéh gé dihampura ku Bapa maranéh nu di sorga.” 26 *——
27 Tuluy maranéhna balik deui ka Yérusalém. Basa manéhna keur leumpang di bait, para imam kapala, para ahli Torét, jeung para pamingpin nyampeurkeun 28 tuluy ngomong ka manéhna, ”Naon hak manéh ngalakukeun hal-hal ieu? Saha nu nitah manéh ngalakukeun hal-hal ieu?” 29 Isa ngajawab, ”Urang rék nanya ka maranéh, sok jawab, engké ku urang dibéré nyaho saha nu nitah urang. 30 Nu nitah Yahya ngabaptis téh Allah di sorga atawa manusa? Sok jawab.” 31 Jadi maranéhna badami heula, cenah, ”Mun urang ngajawab, ’Allah di sorga,’ atuh engké manéhna ngomong, ’Naha atuh maranéh bet teu percaya ka manéhna?’ 32 Tapi wani kitu urang ngajawab, ’Manusa’?” Maranéhna sieun ka jalma réa sabab kabéh jalma nganggap Yahya téh bener-bener nabi. 33 Jadi maranéhna ngajawab, ”Urang-urang teu apal.” Isa némbalan, ”Mun kitu urang gé moal méré nyaho saha nu nitah urang ngalakukeun hal-hal ieu.”