Nu Ditulis ku Lukas
13 Harita, aya sababaraha jalma di dinya nu ngalaporkeun ngeunaan sababaraha urang Galiléa nu diparaéhan ku Pilatus basa keur méré kurban. 2 Isa ngajawab, ”Disangka maranéh, urang Galiléa nu diparaéhan téh dosana leuwih gedé kitu tibatan urang Galiléa séjénna? 3 Teu, lain kitu. Maranéh gé bakal binasa siga maranéhna lamun embung tobat. 4 Atawa disangka maranéh, 18 jalma nu maot katinggang munara nu rugrug di Siloam téh dosana leuwih gedé kitu tibatan kabéh urang Yérusalém séjénna? 5 Teu, lain kitu. Maranéh gé bakal binasa siga maranéhna lamun embung tobat.”
6 Tuluy manéhna nyaritakeun ibarat ieu, ”Aya saurang jalma nu boga hiji tangkal ara di kebon anggurna. Barang ditingali buahna, ari pék téh euweuhan. 7 Jalma éta ngomong ka tukang kebonna, ’Geus tilu taun urang datang rék néangan buahna, tapi euweuhan waé. Geus tuar wéh, tibatan ngaheurinan lahan!’ 8 Tukang kebonna ngajawab, ’Dunungan, keun heula sataun deui mah. Ku abdi rék dikali sakurilingna, terus dipupukan. 9 Lamun engké buahan, nya alus. Lamun teu buahan, nya urang tuar wéh.’”
10 Hiji poé, Isa ngajar di hiji tempat ibadah pas keur poé Sabat. 11 Di dinya, aya saurang awéwé nu gering salila 18 taun lantaran diganggu ku roh jahat. Awak manéhna téh bongkok pisan jeung teu bisa ajeg saeutik-eutik acan. 12 Waktu ningali manéhna, Isa ngomong, ”Nyai téh geus dibébaskeun tina panyakit Nyai.” 13 Isa numpangkeun leungeun ka manéhna. Harita kénéh manéhna ajeg jeung muji sukur ka Allah. 14 Tapi, kapala tempat ibadah jadi ambek lantaran Isa nyageurkeun dina poé Sabat. Manéhna ngomong ka jalma réa, ”Aya genep poé keur digawé. Jadi mun hayang dicageurkeun datang dina poé-poé éta, ulah dina poé Sabat.” 15 Tapi ceuk Juragan ka manéhna, ”Jalma munapék, pas keur poé Sabat manéh gé osok ngaleupaskeun cangcangan sapi atawa kaldé, tuluy digiring kaluar kandang sina nginum, pan? 16 Komo deui awéwé ieu, manéhna téh turunan Ibrahim jeung dicangcang ku Sétan salila 18 taun. Lainna manéhna téh kudu dibébaskeun sanajan dina poé Sabat?” 17 Dijawab kitu, nu nentang Isa aréraeun sorangan. Ari jalma réa mah pada aratoheun ningali hal-hal luar biasa nu dilakukeun Isa.
18 Isa neruskeun, ”Pamaréntahan Allah téh siga naon, sarta bisa diupamakeun jeung naon? 19 Éta téh saupama siki sasawi* nu dipelak ku saurang jalma di kebonna. Ari geus jadi mah bisa ngagedéan siga tangkal, nepi ka dahan-dahanna gé dipaké nyayang ku manuk.”
20 Manéhna nanya deui, ”Pamaréntahan Allah téh bisa diupamakeun jeung naon? 21 Éta téh saupama ragi, nu ku ibu-ibu biasana dicampur jeung tilu taker* tipung ngarah adonanana beukah.”
22 Waktu indit ka Yérusalém, manéhna nyimpang ka kota-kota jeung kampung-kampung bari ngajar jalma-jalma. 23 Aya lalaki nu nanya ka manéhna, ”Juragan, ari nu disalametkeun téh ngan saeutik, kitu?” Tuluy Isa ngomong ka jalma-jalma, 24 ”Maranéh kudu bajoang sakuat tanaga asup ka panto nu sempit, sabab urang ngabéjaan, loba nu harayangeun asup, tapi teu sanggup. 25 Lamun nu boga imah geus ngoncian panto, maranéh bakal nangtung di luar, ngetrokan panto bari ngomong, ’Juragan, pangmukakeun panto.’ Tapi manéhna bakal ngajawab, ’Urang teu wawuh ka maranéh.’ 26 Tuluy maranéh bakal ngomong, ’Urang pan dahar nginum bareng jeung Juragan. Juragan ogé ngajar di jalan-jalan gedé di kota urang.’ 27 Tapi manéhna bakal ngajawab, ’Urang teu wawuh ka maranéh! Nyaringkah siah, jelema-jelema jahat!’ 28 Waktu maranéh ningali Ibrahim, Ishak, Yakub, jeung kabéh nabi aya dina Pamaréntahan Allah, maranéh mah bakal dijongklokkeun ka luar. Di dinya maranéh bakal careurik bari jeung tingkereket huntu. 29 Salian ti éta, jalma-jalma bakal datang ti wétan jeung kulon sarta ti kalér jeung kidul. Maranéhna bakal diuk sarta dahar bareng di Pamaréntahan Allah. 30 Ku kituna, jalma-jalma nu tadina pandeuri jadi ti heula, jeung nu ti heula jadi pandeuri.”
31 Harita kénéh, aya sababaraha urang Farisi datang jeung ngabéjaan Isa, ”Geura indit ti dieu, lantaran manéh rék dipaéhan ku Hérodés.” 32 Tuluy ceuk manéhna, ”Indit jeung béjakeun ka jelema licik* éta, ’Poé ieu jeung isukan urang ngusiran roh-roh jahat jeung nyageurkeun nu garering. Dina poé nu katilu mah éta geus bérés.’ 33 Tapi poé ieu, isukan, jeung pagéto, urang kudu neruskeun perjalanan, sabab moal mungkin saurang nabi dipaéhan di luar Yérusalém. 34 Yérusalém, Yérusalém, nu maéhan para nabi jeung nu malédogan jalma-jalma nu diutus ka manéh, geus sering urang hayang ngumpulkeun anak-anak manéh siga indung hayam ngumpulkeun anak-anakna di handapeun jangjangna! Tapi maranéh embung. 35 Bait* maranéh bakal ditinggalkeun. Urang ngabéjaan, maranéh moal panggih deui jeung urang nepi ka maranéh ngomong, ’Mugia diberkahan jalma nu datang mawa ngaran Yéhuwa!’”