Nu Ditulis ku Lukas
23 Jadi, maranéhna kabéh indit mawa Isa ka Pilatus. 2 Geus kitu, maranéhna nuduh Isa, ”Jelema ieu kanyahoan ngahasud bangsa urang, ngalarang mayar pajeg ka Kaisar, jeung ngaku dirina téh Al-Masih, saurang raja.” 3 Pilatus nanya ka manéhna, ”Bener manéh téh Raja Urang Yahudi?” Ceuk Isa, ”Bener, sakumaha omongan Bapa.” 4 Terus, Pilatus ngomong ka imam-imam kapala jeung jalma réa, ”Urang teu ningali aya nu salah ti jelema ieu.” 5 Tapi, maranéhna keukeuh ngomong kieu, ”Pangajaranana geus ngarusuhkeun rahayat di sakuliah Yudéa, mimiti ti Galiléa nepi ka dieu.” 6 Ngadéngé kitu, Pilatus mastikeun na enya manéhna téh urang Galiléa. 7 Sanggeus nyaho Isa téh asalna ti daérah nu dikawasaan ku Hérodés, Pilatus ngirim manéhna ka Hérodés, nu harita gé keur aya di Yérusalém.
8 Waktu amprok jeung Isa, Hérodés atoh pisan. Geus lila manéhna hayang pisan panggih jeung Isa sabab geus ngadéngé loba hal ngeunaan Isa. Manéhna hayang ningali mujijat ti Isa. 9 Jadi, manéhna loba tatanya ka Isa, tapi euweuh nu dijawab. 10 Ari para imam kapala jeung ahli Torét mangkali-kali nangtung nuduh Isa bari jeung napsu. 11 Geus kitu, Hérodés bareng jeung prajurit-prajuritna ngahina-hina Isa. Pikeun ngaléléwé Isa, manéhna ngabajuan Isa ku pakéan nu alus tuluy dipulangkeun ka Pilatus. 12 Ti semet harita, Hérodés jeung Pilatus jadi nyobat padahal tadina mah mumusuhan.
13 Terus para imam kapala, para pangawasa, jeung jalma-jalma dikumpulkeun ku Pilatus. 14 Ceuk Pilatus, ”Jelema nu dibawa ku maranéh ka urang téh dituduh ngahasud rahayat sina barontak. Tapi sanggeus dipariksa ku urang di hareupeun maranéh, urang teu manggihan kasalahan nu dituduhkeun ku maranéh. 15 Hérodés gé teu manggih kasalahan nanaon, matak ku manéhna dibalikkeun deui ka dieu. Jelema ieu teu nyieun kasalahan nanaon nu pantes dihukum pati. 16 Jadi, ku urang rék dipecut tuluy dibébaskeun.” 17 *—— 18 Tapi, jalma réa kalah ka gogorowokan, ”Paéhan* jelema éta, bébaskeun Barabas!” 19 (Barabas diabuskeun ka panjara lantaran nyieun huru-hara di kota ngalawan pamaréntah jeung maéhan jelema.) 20 Lantaran hayang ngabébaskeun Isa, Pilatus ngomong deui ka maranéhna. 21 Maranéhna ngadon gogorowokan, ”Paéhan dina tihang! Paéhan dina tihang!” 22 Pilatus ngomong deui katilu kalina, ”Ku naon? Manéhna salah naon? Manéhna teu nyieun kasalahan nanaon nu pantes dihukum pati. Jadi, ku urang rék dipecut tuluy dibébaskeun.” 23 Maranéhna kalah ka gogorowokan beuki tarik, keukeuh maksa supaya Isa dipaéhan.* Tungtungna mah kahayang maranéhna digugu. 24 Pilatus nyieun putusan ngabulkeun kahayang maranéhna. 25 Manéhna ngabébaskeun jalma nu dipénta ku jalma réa, nyaéta nu dipanjara lantaran ngalawan pamaréntah jeung maéhan jelema. Tapi Isa diserahkeun sina dihukum pati sakumaha kahayang maranéhna.
26 Waktu Isa digiring, aya saurang jalma nu ngaranna Simon urang Kiréné datang ti luar kota. Manéhna digeroan jeung dititah manggul tihang siksaan* di tukangeun Isa. 27 Loba jalma naluturkeun manéhna, kaasup awéwé-awéwé nu ceurik jejeritan bari neunggeulan diri sorangan bakating ku sedih. 28 Isa ngalieuk ka awéwé-awéwé éta jeung ngomong, ”Wanita-wanita Yérusalém, entong nyeungceurikan urang. Mending nyeungceurikan diri sorangan jeung anak-anak maranéh, 29 sabab bakal datang mangsana jalma-jalma ngomong kieu, ’Bagja awéwé nu mandul, nu teu pernah ngalahirkeun, jeung nu teu pernah nyusuan!’ 30 Geus kitu, jalma-jalma bakal ngomong ka gunung-gunung, ’Urugan urang!’ jeung ka pasir-pasir, ’Tutupan urang!’ 31 Lamun tangkalna seger kénéh gé geus kieu kaayaanana, komo deui mun tangkalna geus garing!”
32 Harita gé aya dua penjahat nu digiring pikeun dihukum pati bareng jeung Isa. 33 Basa nepi di tempat nu disebut Tangkorak, Isa dipakukeun dina tihang bareng jeung dua penjahat éta, nu hiji di kénca nu hiji deui di katuhuna. 34 Tapi Isa ngomong, ”Bapa, hampura maranéhna, sabab maranéhna teu ngarti naon nu dilakukeunana.” Geus kitu, para prajurit ngabagi-bagikeun bajuna ku cara diundi. 35 Jalma-jalma narongton bari nangtung. Tapi para pangawasa ngahina manéhna, ”Batur disalametkeun ku manéhna. Keun sina nyalametkeun dirina sorangan, mun bener manéhna téh Al-Masih, Nu Dipilih ku Allah.” 36 Malahan para prajurit gé ngaléléwé manéhna. Maranéhna nyalampeurkeun Isa, ngasongkeun cianggur haseum, 37 tuluy ngomong, ”Lamun bener manéh téh Raja Urang Yahudi, sok salametkeun diri sorangan.” 38 Di luhureun sirahna aya tulisan ”Ieu Raja Urang Yahudi”.
39 Salah saurang penjahat nu digantung gé pipilueun ngahina Isa, cenah, ”Manéh téh Al-Masih, pan? Sok salametkeun diri manéh jeung urang duaan!” 40 Ngadéngé kitu, penjahat nu hiji deui negor manéhna, ”Ari manéh teu sieun ku Allah? Hukuman manéh jeung manéhna téh sarua, pan? 41 Geus puguh ari urang mah dihukum téh pantes, satimpal jeung kalakuan urang. Tapi, ari jelema ieu mah teu salah nanaon.” 42 Geus kitu manéhna ngomong ka Isa, ”Isa, sing inget ka abdi mun geus jadi raja.”* 43 Ceuk Isa ka manéhna, ”Urang jangji poé ieu, manéh bakal bareng jeung urang di Pirdaus.”
44 Harita, kira-kira jam 12 beurang* reup baé daérah éta jadi poék nepi ka jam 3 soré,* 45 sabab panonpoé leungit caangna. Tuluy, hordén bait soék jadi dua. 46 Isa ngagorowok ku sora nu tarik, ”Bapa, abdi masrahkeun nyawa* abdi ka panangan Bapa.” Geus kitu, les manéhna maot. 47 Perwira nu ningali kajadian ieu ngamulyakeun Allah jeung ngomong, ”Bener, jelema ieu téh teu salah.” 48 Sanggeus nyaksian kajadian éta, kabéh jalma nu ngarumpul jeung nongton, baralik ka imahna bari neunggeulan dada bakating ku sedih. 49 Ari nu warawuh ka Isa mah, kaasup awéwé-awéwé nu sok milu jeung Isa ti Galiléa, narangtung di kajauhan, nyaksian kajadianana.
50 Aya saurang lalaki nu ngaranna Yusuf, anggota Mahkamah Agung Yahudi. Manéhna téh jelema bageur jeung bener. 51 (Lalaki ieu teu milu ngadukung rencana jeung tindakan Mahkamah.) Manéhna téh ti Arimatéa, hiji kota di Yudéa, jeung ngadagoan datangna Pamaréntahan Allah. 52 Manéhna ngadep ka Pilatus ménta jasadna Isa. 53 Geus kitu, jasadna diturunkeun, dibulen ku linén alus, tuluy digolérkeun dina makam nu dibobok dina gunung cadas, nu can pernah dipaké. 54 Harita téh poé Persiapan, jeung peutingna Sabat rék dimimitian. 55 Tapi awéwé-awéwé nu datang bareng jeung manéhna ti Galiléa milu indit rék ningali makam jeung nyaksian jasadna digolérkeun. 56 Tuluy maranéhna balik rék nyiapkeun rempah-rempah jeung minyak seungit. Tapi tangtu, pas poé Sabat mah maranéhna reureuh heula sakumaha nu diparéntahkeun dina Torét.