Nu Ditulis ku Yahya
16 ”Éta kabéh dicaritakeun ku urang téh ngarah maranéh teu pegat iman.* 2 Maranéh bakal dikaluarkeun ti tempat ibadah. Malah bakal aya waktuna, jalma-jalma nu maéhan maranéh téh ngarasa geus ngalakukeun palayanan suci ka Allah. 3 Tapi, maranéhna kitu téh lantaran teu wanoh ka Bapa atawa ka urang. 4 Urang ngabéjaan ieu kabéh téh ngarah engké waktu éta kaalaman, maranéh inget urang geus ngabéjaan maranéh.
”Urang teu ngabéjaan ti baréto téh lantaran urang masih kénéh bareng jeung maranéh. 5 Ayeuna, urang rék indit ka Anjeunna nu ngutus urang, tapi maranéh euweuh nu nanya ka urang, ’Rék indit ka mana?’ 6 Maranéh kacida sedihna lantaran urang ngabéjaan hal-hal ieu. 7 Tapi nu diomongkeun ku urang téh bener. Urang indit téh keur mangpaat maranéh. Lamun urang teu indit, panulung éta moal datang ka maranéh, tapi lamun urang indit, urang bakal ngirimkeunana ka maranéh. 8 Waktu panulung éta datang, éta bakal méré bukti nu jelas ngeunaan saha nu dosa, saha nu bener, jeung saha nu dihakiman. 9 Kahiji, ngeunaan saha nu dosa, lantaran maranéhna teu boga iman ka urang. 10 Tuluy ngeunaan saha nu bener, lantaran urang rék indit ka Bapa jeung maranéh moal ningali urang deui. 11 Geus kitu ngeunaan saha nu dihakiman, lantaran pangawasa dunya ieu geus dihakiman.
12 ”Loba kénéh nu rék diomongkeun ka maranéh téh, ngan ayeuna mah maranéh moal ngarti. 13 Tapi waktu manéhna* datang, nyaéta kawasa suci nu nyingkabkeun hal nu bener, manéhna bakal ngabingbing maranéh sangkan ngarti pisan kana naon nu bener. Nu diomongkeun ku manéhna téh lain ti manéhna sorangan, tapi nu diomongkeunana téh naon nu didéngé ku manéhna. Manéhna gé bakal méré nyaho hal-hal nu bakal kajadian. 14 Manéhna bakal ngamulyakeun urang, sabab manéhna bakal méré nyaho ka maranéh sagala nu ditarima ku manéhna ti urang. 15 Sagala milik Bapa téh milik urang ogé. Éta sababna urang ngomong yén panulung éta bakal méré nyaho ka maranéh sagala nu ditarima ku manéhna ti urang. 16 Sakeudeung deui, maranéh moal bakal ningali urang, tapi sakeudeung deui, maranéh bakal ningali urang.”
17 Ngadéngé kitu, sababaraha murid pada ngomong kieu, ”Naon maksudna manéhna ngomong, ’Sakeudeung deui, maranéh moal bakal ningali urang, tapi sakeudeung deui, maranéh bakal ningali urang,’ jeung ngomong, ’Lantaran urang rék indit ka Bapa’?” 18 Tuluy ceuk maranéhna, ”Naon maksudna manéhna ngomong, ’sakeudeung deui’? Asa teu ngalalarti.” 19 Isa nyaho maranéhna hayang nanya, jadi ditanya ku Isa, ”Maranéh silih tanya téh pédah urang ngomong, ’Sakeudeung deui, maranéh moal bakal ningali urang, tapi sakeudeung deui, maranéh bakal ningali urang’? 20 Urang ngomong nu sabener-benerna, maranéh bakal sedih jeung careurik, tapi dunya bakal gumbira. Maranéh bakal peurih haté, tapi kapeurih maranéh bakal robah jadi kagumbiraan. 21 Pas waktuna ngalahirkeun, saurang awéwé ngarasakeun kanyeri, tapi ari orokna geus borojol mah manéhna poho kana kasusahna bakating ku bungah ningali orokna geus lahir ka dunya. 22 Jadi maranéh gé ayeuna mah saredih, tapi engké urang bakal panggih deui jeung maranéh sarta maranéh bakal ngarasa bungah, jeung moal aya nu bisa ngarampas kabungah maranéh. 23 Dina poé éta, maranéh moal tatanya deui ka urang. Urang ngomong nu sabener-benerna, naon waé nu dipénta ku maranéh ka Bapa maké ngaran urang, ku Anjeunna bakal dikabul. 24 Nepi ka ayeuna, maranéh can ménta nanaon maké ngaran urang. Sok ménta, tangtu bakal narima. Ku kituna, maranéh bakal bener-bener bungah.
25 ”Nu enggeus-enggeus, urang nerangkeun hal-hal ieu maké ibarat. Tapi, bakal aya waktuna urang ngomong sajéntréna ngeunaan Bapa ka maranéh, moal ku ibarat deui. 26 Dina poé éta, maranéh bakal ménta ka Bapa maké ngaran urang, tapi ieu lain hartina dipangméntakeun ku urang. 27 Bapa nyaah ka maranéh, sabab maranéh nyaah ka urang jeung percaya urang datang téh salaku wakil Allah. 28 Urang datang téh salaku wakil Bapa jeung geus datang ka dunya. Ayeuna, urang rék ninggalkeun dunya, balik ka Bapa.”
29 Murid-muridna ngomong, ”Tah, ayeuna mah Juragan ngomong sajéntréna, teu maké ibarat. 30 Ayeuna urang-urang apal Juragan téh nyaho sagalana. Jalma teu perlu tatanya deui ka Juragan sabab Juragan nyaho nu dipikirkeun ku manéhna. Éta sababna urang-urang percaya Juragan asalna ti Allah.” 31 Ceuk Isa, ”Maranéh ayeuna percaya? 32 Déngékeun, bakal datang waktuna, malahan sakeudeung deui, maranéh bakal papencar ka imahna masing-masing jeung ninggalkeun urang sorangan. Tapi urang moal sorangan, sabab Bapa nyarengan urang. 33 Urang ngabéjaan ieu ka maranéh téh supaya maranéh meunang katengtreman ku lantaran urang. Di dunya ieu, maranéh bakal ngalaman kasangsaraan. Tapi sing taleger, urang geus nalukkeun dunya!”