Nu Ditulis ku Yahya
18 Sanggeus ngomong kitu, Isa jeung murid-muridna indit ka hiji taman di peuntaseun Lebak Kidron. 2 Yudas, nu rék ngahianat, nyahoeun ogé tempat éta sabab Isa sering ka dinya bareng jeung murid-muridna. 3 Jadi, Yudas mawa sapasukan prajurit jeung para panjaga nu diutus ku imam-imam kapala jeung urang Farisi. Maranéhna datang bari mawa obor, lampu minyak, jeung senjata. 4 Isa, nu apaleun sagala nu bakal kaalaman ku manéhna, maju jeung ngomong, ”Maranéh néangan saha?” 5 Maranéhna ngajawab, ”Isa urang Nazarét.” Dijawab deui ku Isa, ”Urang jelemana.” Yudas, nu rék ngahianat manéhna, aya di dinya bareng jeung maranéhna.
6 Tapi, basa Isa ngomong ka maranéhna, ”Urang jelemana,” maranéhna malundur nepi ka tingjarengkang. 7 Jadi manéhna nanya deui, ”Maranéh néangan saha?” Ceuk maranéhna, ”Isa urang Nazarét.” 8 Isa ngajawab, ”Pan tadi urang geus ngomong urang jelemana. Lamun maranéh néangan urang, keun nu séjén sina indit.” 9 Ieu téh supaya laksana naon nu diucapkeun ku manéhna, ”Kabéh nu dipasrahkeun ku Bapa ka abdi teu aya nu leungit.”
10 Simon Pétrus, nu mawa pedang, nyabut pedangna jeung nyabet palayan imam agung, beunang ceuli katuhuna nepi ka sapat. Ngaran palayan éta téh Malkhus. 11 Tapi, Isa ngomong ka Pétrus, ”Sarungkeun deui pedangna. Lainna urang kudu nginum tina gelas nu dibikeun ku Bapa ka urang?”
12 Geus kitu, Isa ditéwak jeung ditalian ku para prajurit, komandan militér, jeung para panjaga nu diutus ku urang Yahudi. 13 Mimitina, Isa dibawa ka Hanas, sabab manéhna téh mitohana Kayafas nu jadi imam agung taun éta. 14 Kayafas téh nu méré naséhat ka urang Yahudi yén leuwih alus saurang jalma paéh demi jalma-jalma.
15 Simon Pétrus jeung murid nu saurang deui nuturkeun Isa. Murid éta téh geus dikenal ku imam agung, jadi manéhna bareng jeung Isa asup ka buruan imahna imam agung, 16 ari Pétrus mah cicing di luareun lawang. Jadi murid éta, nu geus dikenal ku imam agung, indit ka luar jeung ngomong ka nu jaga panto, tuluy ngajak Pétrus asup. 17 Palayan awéwé nu ngajaga panto ngomong ka Pétrus, ”Manéh téh salah saurang muridna jelema éta, pan?” Ceuk Pétrus, ”Lain.” 18 Harita hawana tiris, jadi para palayan jeung panjaga narangtung ngurilingan seuneu, saliduru. Pétrus gé milu nangtung jeung siduru bareng jeung maranéhna.
19 Imam kapala tatanya ka Isa ngeunaan murid-muridna jeung pangajaranana. 20 Isa ngajawab manéhna, ”Urang téh ngomong di hareupeun loba jalma. Urang gé ngajar di tempat ibadah jeung bait, tempatna urang Yahudi karumpul. Euweuh nu disumput-sumputkeun. 21 Ku naon bet tatanya ka urang? Sok wéh tanya ka jalma-jalma nu pernah ngadéngékeun urang. Maranéhna pasti apaleun naon nu diomongkeun ku urang.” 22 Sanggeus Isa ngomong kitu, saurang panjaga nu nangtung di deukeut Isa nampiling Isa bari ngomong, ”Kitu carana manéh ngajawab imam kapala téh?” 23 Isa némbalan, ”Lamun omongan urang salah, béré nyaho* salahna di mana. Tapi lamun omongan urang bener, ku naon manéh bet nampiling urang?” 24 Isa nu ditalian kénéh dikirim ku Hanas ka Imam Agung Kayafas.
25 Pas Simon Pétrus keur nangtung siduru, manéhna ditanya ku nu aya di dinya, ”Manéh téh salah saurang muridna ogé, pan?” Manéhna nyangkal, ”Lain.” 26 Saurang palayan imam agung, dulurna jalma nu ceulina diteukteuk ku Pétrus, ngomong, ”Urang ningali manéh di taman bareng jeung manéhna. Bener, pan?” 27 Pétrus nyangkal deui. Harita kénéh, kadéngé sora hayam kongkorongok.
28 Subuh-subuh, maranéhna mawa Isa ti Kayafas ka imahna gubernur. Tapi, maranéhna embung asup ka imahna gubernur lantaran embung jadi najis supaya bisa milu ngadahar jamuan Paskah. 29 Jadi, Pilatus kaluar manggihan maranéhna, tuluy ngomong, ”Naon tuduhan maranéh ka jalma ieu?” 30 Ceuk maranéhna, ”Mun jelema ieu teu salah mah ku urang kabéh moal dibawa ka dieu.” 31 Jadi Pilatus ngomong ka maranéhna, ”Jig bawa ku maranéh, adilan maké hukum maranéh sorangan.” Ceuk urang Yahudi, ”Urang teu boga wewenang maéhan sasaha.” 32 Ku kituna, ucapan Isa ngeunaan cara manéhna maot bakal kajadian.
33 Jadi, Pilatus asup deui ka imah gubernur, ngageroan Isa, tuluy ngomong, ”Bener manéh téh Raja Urang Yahudi?” 34 Isa némbalan, ”Bapa nanya kitu téh mémang hayang nyaho atawa lantaran ngadéngé ngeunaan abdi ti batur?” 35 Pilatus ngajawab, ”Urang mah lain urang Yahudi. Bangsa manéh sorangan jeung imam-imam kapala nu nyerahkeun manéh ka urang. Naon nu dilakukeun ku manéh?” 36 Isa ngajawab, ”Pamaréntahan abdi mah lain bagian ti dunya ieu. Lamun Pamaréntahan abdi bagian ti dunya ieu, tangtu balad abdi geus bajoang supaya abdi teu diserahkeun ka urang Yahudi. Tapi mémang, Pamaréntahan abdi lain ti dunya ieu.” 37 Pilatus nanya, ”Jadi bener manéh téh raja?” Ceuk Isa, ”Bener, sakumaha omongan Bapa, abdi téh raja. Abdi dilahirkeun jeung datang ka dunya téh pikeun méré kasaksian ngeunaan hal nu bener. Saha waé nu mihak ka nu bener bakal ngadéngékeun omongan abdi.” 38 Pilatus ngomong, ”Hal nu bener? Naon éta téh?”
Sanggeus ngomong kitu, manéhna kaluar deui manggihan urang Yahudi, tuluy ngomong, ”Urang teu ningali aya nu salah ti manéhna. 39 Ayeuna kieu, nurutkeun kabiasaan maranéh, unggal Paskah urang kudu ngabébaskeun saurang jalma. Jadi kumaha, maranéh hayang urang ngabébaskeun Raja Urang Yahudi?” 40 Tuluy maranéhna gogorowokan, ”Ulah manéhna, Barabas wéh bébaskeun!” Ari Barabas téh rampog.