Nu Ditulis ku Yahya
21 Geus kitu, Isa némbongan deui ka murid-muridna di Situ Tibérias. Kieu kajadianana: 2 Harita, Simon Pétrus, Tomas (nu disebut si Kembar), Natanaél ti Kana di Galiléa, anak-anak Zébédéus, jeung dua murid séjén keur karumpul. 3 Simon Pétrus ngomong ka maranéhna, ”Urang rék ngala lauk.” Ceuk maranéhna, ”Urang-urang gé rék milu.” Tuluy maranéhna indit naék parahu, tapi sapeupeuting teu beubeunangan.
4 Pas meleték panonpoé, Isa nangtung di basisir, tapi murid-muridna teu engeuheun éta téh Isa. 5 Tuluy Isa nanya ka maranéhna, ”Barudak, boga dahareun* teu?” Dijawabna, ”Teu!” 6 Ceuk manéhna, ”Alungkeun jaringna ka beulah katuhu, engké bakal beubeunangan.” Jaringna dialungkeun, pas rék ditarik, maranéhna teu sanggupeun bakating ku loba-lobana lauk nu kaala. 7 Terus, murid nu dipikanyaah ku Isa ngomong ka Pétrus, ”Itu Juragan!” Barang Simon Pétrus ngadéngé éta téh Juragan, manéhna maké baju luarna da keur teu maké baju.* Brus manéhna ngajleng kana cai. 8 Tapi murid-murid séjén nyampeurkeun maké parahu leutik bari narik jaring nu pinuh ku lauk, da maranéhna teu jauh ti darat ngan kira-kira 90 méter.*
9 Pas nepi ka darat, maranéhna ningali aya lauk nu dibeuleum di luhureun areng ruhay jeung aya roti ogé. 10 Isa ngomong ka maranéhna, ”Lauk beubeunangan bieu téh bawa ka dieu sababaraha siki.” 11 Jadi, Simon Pétrus naék kana parahu, jeung narik ka darat jaring nu pinuh ku lauk nu baradag, jumlahna aya 153 siki. Sanajan laukna loba, jaringna teu soék. 12 Isa ngomong ka maranéhna, ”Hayu dalahar heula.” Euweuh murid nu wani nanya, ”Manéh téh saha?” sabab maranéhna nyaho éta téh Juragan. 13 Isa nyokot roti tuluy dibikeun ka maranéhna, kitu ogé jeung laukna. 14 Ieu téh katilu kalina Isa némbongan ka murid-muridna sanggeus dihirupkeun deui.
15 Sabérésna dahar, Isa ngomong ka Simon Pétrus, ”Simon anak Yahya, enya manéh leuwih nyaah* ka urang tibatan ka ieu?” Jawab Pétrus, ”Enya Juragan. Juragan apal urang nyaah* ka Juragan.” Ceuk Isa, ”Béré dahar anak-anak domba urang.” 16 Isa ngomong kadua kalina, ”Simon anak Yahya, enya manéh nyaah* ka urang?” Jawab Pétrus, ”Enya Juragan. Juragan apal urang nyaah* ka Juragan.” Ceuk Isa, ”Panguruskeun domba-domba leutik urang.” 17 Isa ngomong katilu kalina, ”Simon anak Yahya, enya manéh nyaah* ka urang?” Pétrus jadi sedih ditanya kieu tilu kali, ”Enya manéh nyaah* ka urang?” Jadi, Pétrus ngajawab, ”Juragan nyaho sagalana. Juragan apal urang nyaah* ka Juragan.” Ceuk Isa, ”Béré dahar domba-domba leutik urang. 18 Urang ngomong nu sabener-benerna, basa keur ngora kénéh mah manéh bisa maké baju sorangan jeung indit ka mana waé sakahayang manéh. Tapi waktu geus kolot mah manéh bakal ngangkat leungeun manéh jeung dibajuan ku batur, tuluy dibawa indit ka tempat nu teu dipikahayang ku manéh.” 19 Isa ngomong kitu téh pikeun nunjukkeun cara Pétrus maot demi ngamulyakeun Allah. Sanggeus ngomong kitu, Isa ngomong ka manéhna, ”Terus tuturkeun urang.”
20 Pétrus ngalieuk tuluy ningali aya murid nu nuturkeun. Manéhna téh murid nu dipikanyaah ku Isa, nu ngadeukeutkeun sirahna ka Isa* pas dahar peuting, jeung nu nanya, ”Saha jalma nu ngahianat ka Juragan téh?” 21 Jadi waktu manéhna katingali ku Pétrus, Pétrus nanya ka Isa, ”Juragan, ari manéhna kumaha?” 22 Isa ngomong, ”Lamun urang hayang manéhna tetep hirup nepi ka urang datang, ku naon bet dipikiran ku manéh? Manéh mah terus wéh tuturkeun urang.” 23 Jadi aya béja di antara murid-murid yén murid ieu moal maot, padahal Isa henteu ngomong murid éta moal maot, tapi ngomong, ”Lamun urang hayang manéhna tetep hirup nepi ka urang datang, ku naon bet dipikiran ku manéh?”
24 Ieu téh murid nu méré kasaksian jeung nulis ngeunaan hal-hal ieu. Urang kabéh nyaho kasaksian manéhna téh bener.
25 Sabenerna, loba kénéh nu dilakukeun ku Isa. Lamun éta kabéh ditulis sajéntré-jéntréna dina gulungan, sigana mah dunya ieu moal cukup keur nyimpen gulungan-gulungan éta.