Nu Ditulis ku Yahya
7 Geus kitu, Isa ngideran Galiléa. Anjeunna embung ka Yudéa lantaran diarah ku urang Yahudi* rék dipaéhan.+ 2 Tapi, harita téh geus téréh Perayaan Tabernakel*+ urang Yahudi, 3 jadi adi-adi lalakina+ ngaromong kieu, ”Geura indit atuh ka Yudéa, ngarah murid-murid Aa gé bisa ningali naon nu dilampahkeun ku Aa. 4 Jalma nu hayang kasohor mah moal susulumputan. Témbongkeun atuh naon nu dilampahkeun ku Aa ka dunya.” 5 Adi-adina mah teu boga iman ka anjeunna.+ 6 Jadi Isa ngomong ka maranéhna, ”Ayeuna can waktuna keur urang,+ tapi ari maranéh mah indit iraha waé gé bisa. 7 Jalma-jalma teu boga alesan ngéwa ka maranéh, tapi ka urang mah ngéwa, sabab urang nyingkabkeun kalakuanana nu jahat.+ 8 Sok maranéh wéh nu indit ka perayaan, urang mah moal waka indit, sabab can waktuna keur urang.”+ 9 Sanggeus ngomong kitu, anjeunna tetep cicing di Galiléa.
10 Tapi sanggeus adi-adina arindit ka perayaan, anjeunna gé indit, ngan henteu terang-terangan. 11 Urang Yahudi nu datang ka éta perayaan naréangan anjeunna, kieu cenah, ”Mana jalmana?” 12 Jalma réa tingharéwos ngomongkeun anjeunna. Aya nu ngomong kieu, ”Manéhna téh jalma bageur.” Tapi nu séjénna ngomong, ”Teu ah, manéhna téh nyasabkeun loba jalma.”+ 13 Tangtuna, euweuh nu wani ngomongkeun anjeunna terang-terangan sabab sarieuneun ka urang Yahudi.+
14 Kira-kira dina poé kaopat perayaan, Isa indit ka bait tuluy ngajar di dinya. 15 Urang Yahudi haréraneun, pok ngomong kieu, ”Naha nya manéhna bet nyaho sakitu lobana ngeunaan Kitab Suci?*+ Pan manéhna téh teu sakola agama.”*+ 16 Terus Isa ngomong kieu, ”Nu diajarkeun ku urang téh lain pangajaran urang sorangan, tapi pangajaran ti Anjeunna nu ngutus urang.+ 17 Jalma nu hayang ngalampahkeun kahoyong Allah bakal nyaho, naha ieu pangajaran téh ti Allah+ atawa ti urang sorangan. 18 Jalma nu nyaritakeun pamikiranana sorangan mah hayang ngamulyakeun diri sorangan. Tapi, nu hayang ngamulyakeun pribadi nu ngutusna+ téh omonganana bener jeung taya kapalsuanana. 19 Maranéh dibéré Torét ku Musa,+ pan? Tapi saurang gé euweuh nu nurut kana éta Torét. Jadi, ku naon bet harayang maéhan urang?”+ 20 Jalma réa ngajawab, ”Har, saha nu rék maéhan? Kasurupan manéh mah!” 21 Dijawab ku Isa, ”Urang ngan ngalampahkeun hiji hal dina poé Sabat gé, maranéh geus reuwas. 22 Pék pikirkeun, Musa méré hukum ngeunaan sunat ka maranéh.+ Sabenerna éta téh lain ti Musa, tapi ti karuhunna.+ Jadi dina poé Sabat gé, maranéh osok nyunatan. 23 Lamun maranéh nyunatan dina poé Sabat ngarah Hukum Musa teu dilanggar, ku naon bet ambek ka urang pédah urang nyageurkeun jalma nepi ka bener-bener séhat dina poé Sabat?+ 24 Ulah ngahakiman ngan ku ningali luarna wungkul, ngahakiman téh kudu adil.”+
25 Geus kitu, sababaraha penduduk Yérusalém ngaromong kieu, ”Ieu téh jalma nu diarah rék dipaéhan téa, lain?+ 26 Geuning manéhna bisa nyarita di hareupeun umum, euweuh nu ngomong nanaon deuih. Boa-boa para pangawasa geus nyaho manéhna téh mémang Al-Masih. 27 Tapi pan urang nyaho ieu jalma téh asalna ti mana,+ ari Al-Masih datang mah moal aya nu nyaho asalna ti mana.” 28 Terus waktu ngajar di bait, Isa ngomong kieu ku sora nu tarik, ”Maranéh nyaho urang téh saha jeung nyaho urang téh asalna ti mana. Urang datang téh lain ku kahayang sorangan.+ Nu ngutus urang téh bener-bener aya, tapi maranéh teu kenal ka Anjeunna.+ 29 Ari urang mah kenal,+ sabab urang téh wakil-Na, sarta Anjeunna nu ngutus urang téh.” 30 Ku kituna, maranéhna néangan akal pikeun néwak Isa,+ ngan euweuh nu bisa, da harita téh can waktuna.+ 31 Tapi, loba ogé nu boga iman ka anjeunna.+ Ceuk maranéhna, ”Lamun Al-Masih datang, anjeunna bakal nyieun loba mujijat. Éta pan nu keur dilampahkeun ku ieu jalma?”
32 Urang Farisi ngadéngé jalma réa tingharéwos ngomongkeun Isa, jadi imam-imam kapala jeung urang Farisi ngutus tukang-tukang jaga pikeun néwak anjeunna. 33 Tuluy Isa ngomong, ”Urang bareng jeung maranéh téh moal lila. Sakeudeung deui, urang kudu balik ka Anjeunna nu ngutus urang.+ 34 Maranéh bakal néangan urang, tapi moal kapanggih. Maranéh gé moal bisa datang ka tempat urang.”+ 35 Urang Yahudi pada ngaromong kieu, ”Mémangna manéhna rék ka mana kitu nepi ka moal bisa kapanggih ku urang? Rék indit ka urang Yahudi nu aya di antara urang Yunani, terus ngajar urang Yunani? 36 Naon maksudna manéhna ngomong yén urang bakal néangan manéhna tapi moal kapanggih, sarta urang moal bisa datang ka tempat manéhna?”
37 Dina poé panutupan perayaan, poé nu pangpentingna,+ Isa nangtung tuluy ngomong kieu ku sora nu tarik, ”Lamun aya nu haus, sok datang ka urang tuluy nginum.+ 38 Saha waé nu boga iman ka urang bakal ngarasakeun naon nu disebutkeun dina ieu ayat, ’Cai kahirupan bakal mudal ti jero haténa.’”+ 39 Sabenerna, nu dimaksud ku Isa téh nyaéta kawasa suci nu bakal dibikeun ka jalma-jalma nu boga iman ka anjeunna. Tapi, harita mah éta kawasa+ téh can dibikeun, sabab Isa can dimulyakeun.+ 40 Sababaraha jalma nu ngadéngé hal éta ngomong kieu, ”Anjeunna téh bener-bener Nabi nu dijangjikeun téa.”+ 41 Nu séjén ngomong, ”Anjeunna téh Al-Masih.”+ Tapi aya ogé nu ngomong, ”Piraku Al-Masih datang ti Galiléa.+ 42 Ceuk Kitab Suci, Al-Masih téh turunan Daud+ jeung asalna ti Bétléhém,+ lemburna Daud, pan?”+ 43 Jalma-jalma jadi teu sapaham ngeunaan anjeunna. 44 Malah, aya nu hayang néwak anjeunna, tapi teu bisa.
45 Waktu tukang-tukang jaga baralik, imam-imam kapala jeung urang Farisi nanya kieu, ”Mana jalmana, ku naon teu dibawa?” 46 Tukang-tukang jaga ngajawab, ”Can pernah aya jalma nu ngomongna siga kitu.”+ 47 Ceuk urang Farisi, ”Sigana maranéh geus kasasabkeun ogé, nya? 48 Aya kitu pamingpin atawa urang Farisi nu boga iman ka manéhna? Euweuh, pan?+ 49 Éta jalma-jalma, nu teu ngarti Torét mah, mémang jalma-jalma nu dikutuk.” 50 Di antara urang Farisi, aya Nikodémus nu pernah panggih jeung Isa. Ceuk manéhna, 51 ”Nurutkeun Torét urang, jalma ulah waka dihakiman saméméh didéngé heula kateranganana jeung dipariksa kalakuanana. Bener teu?”+ 52 Maranéhna ngajawab, ”Anjeun téh urang Galiléa ogé? Sok geura pariksa Kitab Suci, da euweuh nabi nu asalna ti Galiléa mah.”*