Kisah Para Rasul
2 Dina poé Perayaan Péntakosta,+ murid-murid karumpul di hiji tempat. 2 Ujug-ujug aya sora ti langit nu ngaguruh siga angin ribut. Sorana kadéngé saimah-imah.+ 3 Geus kitu, katémbong seuneu-seuneu nu bangunna siga létah. Éta seuneu nyebar tuluy eunteup luhureun sirah unggal jalma nu aya di dinya. 4 Maranéhna kabéh pinuh ku kawasa suci,+ seug maranéhna ngomong ku rupa-rupa basa, sakumaha bingbingan éta kawasa.+
5 Harita, loba urang Yahudi nu soléh keur aya di Yérusalém. Maranéhna téh daratang ti sagala bangsa di dunya.+ 6 Waktu éta sora kadéngé, jalma-jalma ngagimbung jeung haréraneun lantaran ngadéngé murid-murid ngomong maké basa maranéhna. 7 Bakating ku tajub-tajubna, maranéhna ngomong, ”Ieu jalma-jalma téh urang Galiléa,+ pan? 8 Ku naon maranéhna bet bisa ngomong maké basa* urang? 9 Urang téh pan urang Partia, Média,+ Élam,+ penduduk Mésopotamia, Yudéa, Kapadokia, Pontus, Propinsi Asia,+ 10 Frigia, Pamfilia, Mesir, urang daérah Libia deukeut Kiréné, nu daratang ti Roma, urang Yahudi jeung panganut agama Yahudi,+ 11 urang Kréta, jeung urang Arab. Tapi, urang ngadéngé maranéhna ngomong maké basa urang masing-masing, nyaritakeun hal-hal luar biasa nu dipidamel ku Allah.” 12 Maranéhna arolohok bakating ku bingung, terus pada ngomong, ”Aya naon ieu téh?” 13 Tapi aya ogé nu maroyok, cenah, ”Ah, maranéhna mah keur marabok, loba teuing nginum cianggur!”
14 Terus, Pétrus nangtung bareng jeung 11 rasul.+ Manéhna ngomong ku sora nu tarik, ”Urang Yudéa sareng sadaya penduduk Yérusalém, perhatikeun sareng dangukeun bener-bener cariosan abdi. 15 Ieu jalma-jalma téh teu marabok, teu siga sangkaan aranjeun, ayeuna pan kakara jam salapan énjing.* 16 Justru ieu téh cocog sareng nu disebutkeun ku Nabi Yoél, 17 ’Saur Allah, ”Dina ahir jaman, Kuring bakal ngucurkeun sabagian kawasa suci ka sagala rupa jalma. Anak awéwé jeung anak lalaki maranéh bakal ngaramal,* budak ngora bakal meunang titingalian, sarta nu kolot bakal meunang impian.+ 18 Dina mangsa éta, Kuring gé bakal ngucurkeun sabagian kawasa suci ka palayan awéwé jeung palayan lalaki Kuring. Maranéhna bakal ngaramal.+ 19 Kuring bakal ngayakeun tanda-tanda di langit jeung mujijat-mujijat di bumi, nyaéta getih, seuneu, jeung gumpelan-gumpelan haseup. 20 Panonpoé bakal jadi poék, bulan jadi beureum kawas getih. Geus kitu, poé Yéhuwa* nu hébat jeung mulya éta datang. 21 Tapi, sing saha nu sasambat ka nami Yéhuwa* bakal salamet.”’+
22 ”Urang Israél, dangukeun. Isa urang Nazarét téh geus puguh diutus ku Allah, sabab ku jalan anjeunna, Allah ngayakeun tindakan-tindakan nu hébat, mujijat-mujijat, sareng tanda-tanda di antara aranjeun.+ Éta tos kasaksian pisan ku aranjeun. 23 Ku aranjeun, anjeunna diserahkeun ka jalma-jalma nu daroraka sina dipakukeun kana tihang sarta dipaéhan. Éta mémang tos jadi kahoyong Allah,+ jadi Allah terang éta bakal kaalaman ku Isa.+ 24 Tapi ku Allah, anjeunna dibébaskeun tina kawasa maot* ku cara dihirupkeun deui,+ sabab mustahil anjeunna terus digenggem ku maot.+ 25 Éta sababna Daud nyarios ngeunaan anjeunna, ’Abdi bakal terus neuteup Yéhuwa* nu aya di payuneun abdi. Abdi moal hariwang lantaran Gusti aya di katuhueun abdi. 26 Ku kituna, haté abdi mani atoh sarta abdi nyarios bari suka bungah. Hirup abdi pinuh ku harepan, 27 sabab Gusti moal ninggalkeun abdi di Kuburan.* Hamba Gusti nu satia moal disina musna.+ 28 Gusti nuduhkeun jalan nu brasna kana kahirupan. Aya di payuneun Gusti, abdi gumbira pisan.’+
29 ”Dulur-dulur, abdi badé terus terang nyarita ngeunaan Daud, karuhun urang sadaya. Manéhna maot sareng dikuburkeun,+ makamna gé aya kénéh nepi ka ayeuna. 30 Manéhna téh nabi sarta nyaho yén Allah tos sumpah yén salah saurang turunanana bakal calik dina tahtana.+ 31 Jadi, manéhna nyaho ti saacanna yén Al-Masih bakal dihirupkeun deui. Manéhna gé ngomong yén Al-Masih moal ditinggalkeun di Kuburan,* awakna gé moal bakal musna.*+ 32 Allah ngahirupkeun deui Isa. Éta tos kasaksian ku abdi sadaya.+ 33 Jadi, lantaran anjeunna tos diangkat ka katuhueun Allah+ sarta tos narima kawasa suci nu dijangjikeun ku Bapa,+ éta kawasa gé ku anjeunna dikucurkeun ka abdi sadaya, sakumaha nu ditingali sareng didangu ku aranjeun. 34 Daud teu naék ka sorga, tapi manéhna ngomong, ’Saur Yéhuwa* ka Juragan abdi, ”Diuk katuhueun Kuring 35 nepi ka Kuring nalukkeun kabéh musuh manéh handapeun suku manéh.”’+ 36 Jadi, sadaya urang Israél kedah yakin yén Isa nu dipaéhan dina tihang+ ku aranjeun téh tos dijadikeun Juragan+ sareng Al-Masih ku Allah.”
37 Naon nu didéngé téh keuna kana haté maranéhna, tuluy maranéhna ngomong ka Pétrus jeung rasul-rasul séjénna, ”Dulur-dulur, jadi abdi sadaya kedah kumaha atuh?” 38 Pétrus ngomong ka maranéhna, ”Geura tarobat.+ Masing-masing kedah dibaptis+ ku nami Isa Al-Masih supaya dosa-dosa aranjeun dihampura.+ Tos kitu, aranjeun bakal narima kurnia mangrupa kawasa suci. 39 Éta jangji+ téh kanggo sadaya jalmi nu dipilih ku Yéhuwa,* Allah urang saréréa, nyaéta kanggo aranjeun, anak-anak aranjeun, sareng jalmi-jalmi di tempat-tempat nu jauh.”+ 40 Loba kénéh nu diomongkeun ku Pétrus pikeun nyaritakeun warta hadé sajéntré-jéntréna. Pétrus gé terus ngadesek maranéhna, ”Pisahkeun diri aranjeun ti jalma-jalma jaman ayeuna nu jarahat, supaya aranjeun salamet.”+ 41 Jadi, jalma-jalma nu satuju kana omongan Pétrus dibaptis.+ Dina poé éta, jumlah murid-murid nambahan kira-kira 3.000 jalma.+ 42 Maranéhna terus merhatikeun pangajaran rasul-rasul, ngariung sauyunan,* dahar bareng,+ jeung kumpul ngadoa.+
43 Ningali para rasul nyieun loba mujijat jeung tanda, jalma-jalma jadi pada ngahormat* ka Allah.+ 44 Kabéh jalma nu geus palercaya osok karumpul, sarta sagala pangabogana dipaké keur saréréa. 45 Maranéhna gé ngajual harta banda+ jeung tanahna. Hasilna dibagikeun ka kabéhan, nurutkeun pangabutuh masing-masing.+ 46 Ti poé ka poé, maranéhna terus karumpul di bait, dahar di imah dulur-dulur, jeung bungah bisa babagi dahareun. 47 Maranéhna gé muji Allah sarta dipikaresep ku jalma réa. Unggal poé, jumlahna ku Yéhuwa* ditambahan, jadi nu disalametkeun téh beuki loba.+