Kisah Para Rasul
25 Sanggeus tilu poé datang ka propinsina jeung mulai ngawasa, Féstus indit ti Kaisaréa ka Yérusalém. 2 Tuluy imam-imam kapala jeung tokoh-tokoh penting urang Yahudi daratang ka manéhna rék merkarakeun Paulus. Maranéhna méménta ka Féstus 3 pikeun ngabulkeun kahayang maranéhna sangkan Paulus dikirim ka Yérusalém. Sabenerna, maranéhna boga niat rék nyegat Paulus jeung maéhan manéhna di jalan. 4 Tapi Féstus ngajawab yén Paulus kudu tetep di Kaisaréa da sakeudeung deui gé manéhna rék balik ka dinya. 5 Ceuk manéhna, ”Geus wéh para pamingpin maranéh milu jeung urang pikeun ngadakwa manéhna, mun bener manéhna salah.”
6 Jadi, sanggeus manéhna cicing di dinya kira-kira dalapan atawa sapuluh poé, manéhna balik ka Kaisaréa. Isukna, manéhna diuk di korsi pangadilan jeung nitah Paulus dibawa asup. 7 Sanggeus manéhna asup, urang Yahudi nu daratang ti Yérusalém nangtung ngurilingan manéhna. Manéhna didakwa ku rupa-rupa tuduhan nu bareurat nu teu bisa dibuktikeun.
8 Tapi Paulus ngabéla diri kieu, ”Sim kuring teu ngalanggar Torétna urang Yahudi atawa boga salah ka bait atawa ka Kaisar.” 9 Féstus nu hayang dipikaresep ku urang Yahudi némbalan kieu ka Paulus, ”Manéh daék teu dibawa ka Yérusalém jeung perkara manéh ku urang diadilan di ditu?” 10 Tapi ceuk Paulus, ”Ayeuna kuring nangtung di hareupeun korsi pangadilan Kaisar, da mémang geus sakuduna kuring diadilan di dieu. Bapa ogé terang kuring teu boga salah ka urang Yahudi. 11 Tapi lamun mémang kuring salah jeung ngalakukeun hal-hal nu pantes dihukum pati, dipaéhan gé kuring narima. Tapi lamun dakwaan maranéhna ka kuring euweuh dasarna, euweuh nu boga hak nyerahkeun kuring ka maranéhna demi nyenangkeun maranéhna. Sim kuring naék banding ka Kaisar!” 12 Sanggeus rundingan jeung para panaséhat, Féstus ngajawab, ”Ku sabab manéh naék banding ka Kaisar, manéh bakal ngadep ka Kaisar.”
13 Sababaraha poé ti harita, Raja Agripa jeung Bérnike datang ka Kaisaréa rék méré salamet ka Féstus. 14 Maranéhna cicing di dinya sababaraha poé, jadi Féstus nyaritakeun perkarana Paulus ka raja, kieu,
”Di dieu, aya saurang tahanan nu ditinggalkeun ku Féliks. 15 Basa abdi keur di Yérusalém, imam-imam kapala jeung para pamingpin urang Yahudi nuduh manéhna jeung ménta supaya manéhna dihukum. 16 Tapi ku abdi dijawab yén nurutkeun kabiasaan bangsa Romawi, saurang jalma teu meunang diserahkeun ka sasaha saacan dibéré kasempetan pikeun ngabéla diri di hareupeun jalma-jalma nu nuduhna. 17 Jadi basa maranéhna datang ka dieu, ku abdi teu diengké-engké. Isukna abdi langsung diuk di korsi pangadilan jeung nitah jalma éta dibawa asup. 18 Geus kitu, maranéhna narangtung jeung ngadakwa jalma éta. Ari pék téh dakwaanana lain kajahatan nu disangka ku abdi. 19 Masalahna téh ngan saukur sual ibadah ka déwa* maranéhna jeung sual saurang jalma nu ngaranna Isa, nu geus maot tapi Paulus keukeuh nyebutkeun manéhna téh hirup. 20 Bakating ku bingung kudu dikumahakeun, abdi nanya, manéhna daék teu indit ka Yérusalém jeung perkarana diadilan di ditu. 21 Tapi, Paulus ménta tetep ditahan nepi ka perkarana diputus ku Nu Agung.* Jadi abdi maréntahkeun manéhna ditahan nepi ka abdi bisa ngirim manéhna ka Kaisar.”
22 Tuluy ceuk Agripa, ”Urang hayang ngadéngé sorangan ti manéhna.” Féstus ngajawab, ”Mangga, énjing tiasa.” 23 Jadi isukna, Agripa jeung Bérnike datang bari pamér kaméwahan. Maranéhna asup ka rohangan pangadilan bareng jeung para komandan pasukan sarta jalma-jalma penting di kota éta. Geus kitu, Féstus maréntahkeun Paulus dibawa asup. 24 Terus ceuk Féstus, ”Raja Agripa jeung sakabéh hadirin, mangga tingali jalma ieu. Kabéh urang Yahudi boh di Yérusalém boh di dieu, gogorowokan ménta ka abdi supaya manéhna dipaéhan. 25 Tapi ceuk abdi mah manéhna teu ngalakukeun hal-hal nu pantes dihukum pati. Jadi basa manéhna naék banding ka Nu Agung, abdi mutuskeun rék ngirim manéhna. 26 Tapi, abdi teu nyaho naon nu kudu dituliskeun ngeunaan manéhna ka Kaisar.* Éta sababna manéhna ku abdi dibawa ka payuneun aranjeun, utamana ka payuneun anjeun, Raja Agripa, supaya sanggeus pamariksaan pangadilan ieu, abdi bisa nyaho naon nu kudu ditulis. 27 Sabab abdi moal mungkin ngirimkeun tahanan bari teu nyebutkeun dakwaanana.”