Kisah Para Rasul
27 Sanggeus diputuskeun yén urang-urang kudu balayar ka Italia, maranéhna nyerahkeun Paulus jeung sababaraha tahanan ka saurang perwira nu ngaranna Yulius, ti pasukan Agustus. 2 Urang kabéh naék kapal nu rék balayar ti Adramitium ka palabuhan-palabuhan nu aya di basisir Propinsi Asia. Aristarkhus, urang Makédonia ti Tésalonika ogé milu. 3 Isukna, urang kabéh balabuh di Sidon. Yulius meni bageur pisan* ka Paulus. Manéhna ngidinan Paulus manggihan babaturanana, ku kituna maranéhna bisa méré bantuan ka Paulus.
4 Ti dinya, urang-urang balayar deukeut Pulo Siprus ngarah teu katebak angin ti hareup. 5 Tuluy, kapal balayar ngaliwatan laut di sapanjang Kilikia jeung Pamfilia, geus kitu balabuh di Mira nu aya di Likia. 6 Di dinya, éta perwira manggihan kapal ti Aléksandria nu rék balayar ka Italia. Manéhna nitah urang kabéh naék kapal éta. 7 Sanggeus balayar lalaunan sababaraha poé, kapal nepi di Knidus sanajan kudu bajoang. Lantaran anginna goréng, kapal balayar deukeut Pulo Kréta liwat Salmoné. 8 Sanggeus bajoang balayar di sapanjang basisir, urang kabéh nepi di tempat nu disebut Palabuhan Éndah, di deukeut kota Laséa.
9 Urang-urang cicing di dinya rada lila, jadi lamun ayeuna rék balayar téh bahaya, malah waktu puasa keur Poé Pangampura Dosa gé geus kaliwat. Jadi Paulus méré saran kieu 10 ka maranéhna, ”Dulur-dulur, ceuk urang mah neruskeun balayar téh pibahayaeun, sabab urang kabéh teu ngan saukur bakal rugi barang jeung kapal, tapi ogé rugi nyawa.” 11 Sanajan kitu, omongan Paulus teu digugu ku éta perwira. Manéhna kalah ka ngadéngékeun jurumudi jeung nu boga kapal. 12 Ku sabab palabuhan éta teu cocog dipaké cicing keur usum tiris, kalolobaan jalma méré saran pikeun terus balayar, malah lamun bisa maranéhna hayang cicing di Féniks salila usum tiris. Féniks téh palabuhan di Pulo Kréta nu nyanghareup ka beulah kalér-wétan jeung ka beulah kidul-wétan.
13 Barang angin kidul ngahiliwir, disangkana maranéhna bisa nepi ka tempat tujuanana. Seug jangkar téh ditarik tuluy maranéhna balayar mipir basisir Pulo Kréta. 14 Ari teu lila, gelebug aya angin ribut nu disebut Éuroakuilo.* 15 Lantaran ditarajang ku angin gedé éta, kapal teu bisa maju, tungtungna mah diantep nurutkeun angin. 16 Saterusna, kapal nepi ka pulo leutik nu ngaranna Kauda, jadi rada kahalangan ti angin. Sanajan kitu, urang ampir-ampiran teu bisa nyalametkeun sakoci nu aya di tukangeun kapal. 17 Sanggeus sakocina diangkat kana kapal, maranéhna ngabeungkeut bagian handap kapalna. Lantaran sieun kapalna kandas di Sirtis,* maranéhna narik tali-tali layar jeung kapalna diantep sina nuturkeun angin. 18 Ku sabab kapalna digaluang-galéong ku angin nu ngamuk, isukna maranéhna miceunan sawaréh muatan. 19 Malah dina poé nu katilu, pakakas-pakakas kapal ogé kapaksa dipiceunan ka laut.
20 Geus mangpoé-poé angin gedé ngamuk terus, panonpoé jeung béntang gé teu katingali. Tungtungna, urang kabéh ngarasa euweuh harepan bisa salamet. 21 Sanggeus maranéhna lila teu inget dahar, Paulus nangtung di tengah-tengah maranéhna jeung ngomong, ”Dulur-dulur, kuduna mah maranéh ngagugu saran urang ulah balayar ti Kréta, jadi urang moal rugi jeung sangsara kawas kieu. 22 Sanajan kitu, urang ménta maranéh sing tabah, sabab moal aya saurang-urang acan nu bakal maot, ngan kapal ieu nu moal salamet. 23 Tadi peuting, Allah nu disembah jeung dilalayanan ku urang, ngutus malaikatna. Malaikat éta nangtung di deukeut urang 24 jeung ngomong, ’Ulah sieun, Paulus, manéh bakal ngadep ka Kaisar. Allah bakal nyalametkeun manéh, kitu ogé nu balayar jeung manéh.’ 25 Jadi dulur-dulur sing tabah, sabab urang percaya Allah bakal ngalaksanakeun sagala nu ditepikeun ku malaikat éta, 26 ngan urang kabéh bakal kandas di hiji pulo.”
27 Dina peuting nu ka-14, kapal masih kénéh digaluang-galéong di Laut Adria. Tengah peuting, para pagawé kapal ngarasa kapalna geus deukeut ka daratan. 28 Maranéhna ngukur jerona laut, ari pék téh jerona 36 méter. Jadi maranéhna maju deui saeutik tuluy ngukur deui, ayeuna mah jerona 27 méter. 29 Ku sabab sieun kandas kana karang, maranéhna nurunkeun opat jangkar nu aya di bagian tukang kapal bari ngarep-ngarep geura beurang. 30 Tapi, para pagawé kapal rék kalabur tina kapal. Maranéhna nurunkeun sakoci, api-apina rék nurunkeun jangkar ti hareupeun kapal. 31 Ku kituna, Paulus ngomong ka perwira jeung para prajurit, ”Lamun jelema-jelema ieu teu cicing di kapal, maranéh moal salamet.” 32 Jadi, tali-tali sakocina diteukteuk ku para prajurit, sakocina disina ragrag ka laut.
33 Barang rék bray beurang, Paulus ngajurung maranéhna dahar. Ceuk manéhna, ”Geus 14 poé maranéh ngadago-dago bari jeung was-was, teu dahar nanaon deuih. 34 Sok ayeuna mah geura dalahar, jang kasalametan maranéh ogé. Da moal aya buuk maranéh nu leungit salambar-lambar acan.” 35 Sanggeus ngomong kitu, manéhna nyokot roti, ngucap sukur ka Allah di hareupeun saréréa, rotina disemplékan, tuluy dahar. 36 Ku kituna, kabéhanana jadi leuwih tenang tuluy maranéhna dalahar. 37 Nu aya di kapal téh jumlahna 276 jalma. 38 Sanggeus sareubeuh, maranéhna miceunan gandum ka laut ngarah kapalna leuwih hampang.
39 Barang bray beurang, maranéhna nempo daratan tapi teu nyaho pulo naon, tuluy nempo teluk nu aya basisirna. Ku kituna maranéhna mutuskeun, mun bisa mah rék balabuh di dinya. 40 Jadi tali jangkarna diteukteuk, jangkar-jangkarna sina ngerelep ka laut, bari tali-tali dayung kamudina dilogoran. Geus kitu, layar hareupna dibébérkeun supaya kapal katebak angin ka basisir. 41 Tapi bagian hareup kapalna ngagesruk gundukan keusik nu aya di dasar laut, jadi kapalna mandeg. Ari bagian tukangna diteumbragan ku ombak nepi ka amburadul. 42 Ningali kitu, para prajurit rék maéhan para tahanan, supaya euweuh nu ngarojay terus kalabur. 43 Tapi maranéhna dihalangan ku perwira, da manéhna hayang nyalametkeun Paulus. Terus manéhna nitah saha waé nu bisa ngojay sina ngarajleng jeung ngarojay ti heula ka darat. 44 Anu séjénna dititah nuturkeun ti tukang bari nyarekelan papan jeung potongan kapal. Jadi, kabéhanana salamet nepi ka darat.