Surat keur Sidang Jamaah di Roma
9 Kuring téh murid Al-Masih, jadi moal bohong. Lantaran haté sanubari kuring dibingbing ku kawasa suci, kuring rék ngomong jujur. 2 Kuring téh sedih kabina-bina, haté mani asa peurih. 3 Mun bisa mah kajeun kuring wéh nu dipisahkeun ti Al-Masih sarta dikutuk gaganti dulur-dulur kuring nu sabangsa, 4 nyaéta bangsa Israél. Da maranéhna nu diangkat jadi anak Allah+ nu dibéré kamulyaan, perjangjian-perjangjian,+ hukum+ Torét, palayanan suci,+ jeung jangji-jangji.+ 5 Maranéhna téh turunan+ ti karuhunna+ Al-Masih. Mugia Allah, nu ngawasa sagalana, dipuji salalanggengna. Amin.
6 Tapi, ieu téh lain hartina firman Allah teu laksana, sabab teu kabéh turunan Israél téh urang Israél sajati.+ 7 Mémang kabéhanana téh turunan Ibrahim, tapi teu kabéh jadi anak-anak Ibrahim nu sajati.+ Sabab Allah ngucap kieu ka Ibrahim, ”Nu bakal disebut turunan manéh téh nu asalna ti Ishak.”+ 8 Hartina, teu kabéh anak Ibrahim téh bener-bener anak Allah.+ Nu dianggap turunan Ibrahim téh nyaéta ngan nu lahir ku karana éta jangji+ wungkul. 9 Allah geus jangji, ”Dina waktu kawas ayeuna, Kuring bakal datang, sarta Sara bakal boga budak lalaki.”+ 10 Éta jangji teu dibikeun harita wungkul, tapi ogé basa Ribka ngandung budak kembar ti Ishak, karuhun urang.+ 11 Méméh éta barudak lahir jeung méméh ngalampahkeun nu hadé atawa nu goréng, Allah geus nyebutkeun saha nu rék dipilih. Jadi Allah milih téh lain gumantung kana laku lampah éta jalma, tapi sakumaha nu dipikahoyong ku Anjeunna. 12 Éta sababna Allah nyarios ka Ribka, ”Nu cikal bakal jadi palayan nu bungsu.”+ 13 Sakumaha aya ayat nu nyebutkeun, ”Kuring mah nyaahna ka Yakub, ari ka Ésau mah ngéwa.”+
14 Mun kitu, kumaha? Allah téh teu adil, kitu? Teu mungkin Allah teu adil!+ 15 Sabab Allah nyarios ka Musa, ”Kuring bakal mikawelas saha waé nu dipikahayang ku Kuring, sarta Kuring bakal mikarunya saha waé nu dipikahayang ku Kuring.”+ 16 Jadi, dipilihna hiji jalma téh lain gumantung kana kahayang atawa upayana sorangan, tapi gumantung ka Allah nu welas asih.+ 17 Aya ayat nu nyebutkeun kieu ngeunaan Firaun, ”Manéh tetep hirup nepi ka ayeuna téh supaya manéh nyaksian kawasa Kuring, sarta supaya ngaran Kuring kamashur di sakuliah bumi.”+ 18 Jadi, Allah mikawelas saha waé nu dipikahoyong ku Anjeunna, ari nu séjén mah diantep ngaheuraskeun haténa.+
19 Meureun aya nu nanya kieu ka kuring, ”Ku naon sih Allah nyalah-nyalahkeun manusa waé? Pan euweuh nu bisa ngalawan kahoyong-Na?” 20 Saha atuh aranjeun téh maké wani némbalan ka Allah?+ Maenya barang nu dijieun ngomong kieu ka nu nyieunna, ”Ku naon urang bet dijieun siga kieu?”+ 21 Teu tarerang, kitu? Tukang nyieun gagarabah boga hak rék nyieun naon waé tina sagunduk taneuh liket.+ Aya nu dijieun jadi barang penting, aya ogé nu dijieun jadi barang biasa.* Éta mah kumaha manéhna, pan? 22 Nya Allah gé kitu. Sanajan hoyong némbongkeun amarah jeung kakuatana-Na, Anjeunna kacida sabarna ka jalma-jalma* nu pantes narima amarah jeung dibinasakeun. 23 Anjeunna kitu téh pikeun némbongkeun kamulyaana-Na nu luar biasa ka jalma-jalma* nu pantes dipikawelas+ sarta nu geus disiapkeun pikeun dimulyakeun. 24 Éta téh urang kabéh nu dipilih ti antara urang Yahudi jeung ti bangsa séjénna.+ 25 Éta sajalan jeung ucapan Anjeunna dina kitab Hoséa, ”Jalma-jalma nu lain umat Kuring,+ ku Kuring bakal disebut ’umat Kuring’, jeung wanita nu teu dipikanyaah ku Kuring bakal disebut ’nu dipikanyaah ku Kuring’.+ 26 Kitu deui di tempat Kuring pernah ngomong ka maranéhna, ’Maranéh lain umat Kuring,’ di dinya maranéhna bakal disebut ’anak-anak ti Allah nu hirup’.”+
27 Salian ti éta, Yésaya ngomong kieu ngeunaan Israél, ”Sanajan urang Israél lobana siga keusik di laut, anu bakal salamet mah ngan sésana,+ 28 sabab Yéhuwa* bakal ngahakiman bumi, sarta éta bakal gancang dibéréskeunana.”*+ 29 Yésaya gé ngaramalkeun,* ”Lamun ku Yéhuwa,* pangawasa pasukan sorga, teu disésakeun turunan keur urang, tangtu urang geus jadi kawas Sodom sarta geus jadi kawas Gomora.”+
30 Jadi, naon kasimpulanana? Jalma-jalma ti bangsa séjén mah henteu ngupayakeun sangkan dianggap bener, tapi maranéhna dianggap bener+ lantaran boga iman.+ 31 Sabalikna Israél mah sabisa-bisa ngajalankeun hukum da hayang dianggap bener, tapi teu bisa ngajalankeun éta kabéh. 32 Naon sababna? Sabab maranéhna ngupayakeun dianggap bener téh lain ku iman, tapi ku laku lampah. Maranéhna labuh ku lantaran ”batu nu matak jalma titajong”,+ 33 sakumaha aya ayat nu nyebutkeun, ”Di Zion, Kuring neundeun batu+ nu matak titajong jeung batu nu matak labuh, tapi saha waé nu boga iman ka manéhna moal dikuciwakeun.”+