1 Korintus
14 Aranjeun kudu satékah polah némbongkeun kanyaah, tapi upayakeun ogé pikeun meunangkeun* kurnia-kurnia rohani, utamana kurnia pikeun ngaramal.* 2 Jalma nu ngomong maké basa séjén teu dipikaharti ku batur, da nu ngarti téh ngan Allah hungkul. Sanajan ku bantuan kawasa suci, manéhna ngomongkeun rasiah suci, euweuh nu ngartieun. 3 Tapi, jalma nu bisa ngaramal mah ucapanana téh nguatkeun, ngabantu, jeung negerkeun batur. 4 Nu ngomong maké basa séjén mah nguatkeun diri sorangan, tapi nu bisa ngaramal mah nguatkeun sidang jamaah. 5 Kuring gé hayangna mah aranjeun kabéh téh bisa ngomong basa séjén, tapi kuring leuwih resep lamun aranjeun bisa ngaramal. Ngaramal téh leuwih hadé tibatan ngomong basa séjén, kajaba éta ditarjamahkeun, jadi sidang jamaah bisa dikuatkeun. 6 Dulur-dulur, lamun kuring datang jeung ngomong maké basa séjén, naon mangpaatna? Supaya aya mangpaatna keur aranjeun, kuring kudu nepikeun pangaweruh, atawa ramalan, atawa pangajaran, atawa hal-hal nu disingkabkeun ku Allah.
7 Ieu téh sarua jeung alat musik, misalna suling atawa harpa. Lamun sora nu dihasilkeunana téh ngan hiji nada, kumaha bisa nyaho éta téh lagu naon? 8 Lamun sora tarompét henteu jelas, saha nu rék siap-siap perang? 9 Nya sarua, lamun ucapan aranjeun teu gampang kaharti, kumaha batur bisa ngarti omongan aranjeun? Aranjeun téh sarua wéh jeung ngomong ka angin. 10 Di dunya, basa téh aya rupa-rupa, tapi kabéh aya hartina. 11 Lamun kuring teu ngarti omongan hiji jalma, kuring téh jadi urang asing keur manéhna, manéhna gé jadi urang asing keur kuring. 12 Kitu ogé jeung aranjeun, lantaran aranjeun hayang pisan meunangkeun kurnia-kurnia rohani, upayakeun meunangkeun loba kurnia pikeun nguatkeun sidang jamaah.
13 Ku kituna, jalma nu bisa basa séjén kudu ngadoa ngarah bisa narjamahkeunana. 14 Waktu kuring ngadoa maké basa séjén, éta téh lantaran kuring meunangkeun kurnia rohani, tapi kuring teu ngarti naon hartina. 15 Jadi, kudu kumaha atuh? Kuring rék ngadoa ngagunakeun kurnia rohani, tapi kuring gé rék ngucapkeun doa nu dipikaharti ku kuring. Kuring rék ngawihkeun pujian ngagunakeun kurnia rohani, tapi kuring gé rék ngawihkeun pujian nu dipikaharti ku kuring. 16 Sabalikna, lamun aranjeun muji ka Allah ngagunakeun kurnia rohani, tuluy ucapan sukur aranjeun teu dipikaharti ku jalma biasa nu aya di antara aranjeun, kumaha manéhna bisa ngucapkeun ”Amin”? 17 Mémang, ucapan sukur aranjeun téh hadé, tapi manéhna moal dikuatkeun. 18 Kuring nganuhunkeun ka Allah lantaran kuring bisa ngomong leuwih loba basa tibatan aranjeun. 19 Sanajan kitu, di sidang jamaah, mending kuring maké lima kecap nu dipikaharti supaya bisa ngajar batur,* tibatan maké sapuluh rébu kecap dina basa nu teu dipikaharti ku batur.
20 Dulur-dulur, pikiran aranjeun téh ulah kawas budak leutik, kudu kawas jalma déwasa. Tapi, dina hal kagoréngan mah kakara kudu kawas budak leutik. 21 Dina Torét ditulis, ”’Kuring bakal ngagunakeun urang asing jeung jalma-jalma nu maké basa séjén pikeun ngomong ka umat ieu. Sanajan kitu, maranéhna embung ngadéngékeun Kuring,’ ceuk Yéhuwa.” 22 Ku kituna, kurnia pikeun ngomong maké basa séjén téh bukti keur jalma nu can percaya, lain keur jalma nu percaya. Ari kurnia pikeun ngaramal mah keur jalma nu percaya, lain keur jalma nu can percaya. 23 Jadi, lamun sidang jamaah ngumpul di hiji tempat jeung kabéhanana ngomong maké basa séjén, tuluy datang jalma biasa atawa jalma nu can percaya, lainna aranjeun bakal disangka gélo ku manéhna? 24 Tapi lamun aranjeun kabéh ngaramal, tuluy datang jalma nu can percaya atawa jalma biasa, manéhna bakal ngarasa ditegor, jeung kajurung pikeun mariksa diri ku sabab omongan aranjeun éta. 25 Manéhna bakal nyaho hal-hal nu buni dina haténa. Ku kituna, manéhna bakal sujud jeung nyembah Allah bari ngucapkeun, ”Allah bener-bener aya di antara aranjeun.”
26 Dulur-dulur, jadi aranjeun kudu kumaha? Waktu aranjeun kumpul, aya nu ngawihkeun jabur, aya nu ngajar, aya nu nepikeun hal-hal nu disingkabkeun ku Allah, aya nu ngomong basa séjén, jeung aya ogé nu narjamahkeun. Lakukeun sagalana pikeun nguatkeun sidang jamaah. 27 Lamun aya nu ngomong basa séjén, ulah leuwih ti duaan atawa tiluan jeung kudu giliran, salian ti éta kudu aya nu narjamahkeunana. 28 Lamun euweuh nu narjamahkeun, manéhna kudu jempé di sidang jamaah jeung ngomong ka Allah di jero haténa. 29 Lamun aya dua atawa tilu nabi keur ngomong, nu séjénna kudu merhatikeun supaya paham naon hartina. 30 Tapi, lamun Allah nyingkabkeun hiji hal ka salah saurang nu diuk di dinya, nu keur ngomong kudu jempé heula. 31 Aranjeun kabéh bisa ngaramal, tapi giliran. Ku kituna, kabéh bisa diajar jeung kabéh bisa dikuatkeun. 32 Para nabi kudu ngadalikeun diri dina ngagunakeun kurnia rohanina, 33 sabab Allah téh Allah katengtreman jeung teu resep lamun aya nu teu tartib.
Sakumaha di kabéh sidang jamaah jalma-jalma suci, 34 para awéwé kudu jempé di sidang jamaah, maranéhna teu meunang ngomong. Sabalikna, maranéhna kudu tunduk, sakumaha ceuk Torét. 35 Lamun aya nu teu dipikaharti ku maranéhna, sok tanyakeun ka salakina di imah, sabab awéwé mah teu pantes ngomong di sidang jamaah.
36 Firman Allah téh asalna ti aranjeun kitu, atawa ngan saukur ditepikeun ka aranjeun?
37 Lamun aya nu ngarasa manéhna téh nabi atawa boga kurnia rohani, manéhna kudu narima yén naon nu ditulis ku kuring ka aranjeun téh paréntah ti Juragan.* 38 Tapi lamun aya nu teu ngawaro kana hal ieu, manéhna gé ku Allah moal diwaro.* 39 Jadi dulur-dulur, upayakeun pikeun meunangkeun kurnia ngaramal, tapi nu ngomong basa séjén gé ulah dilarang. 40 Sagala prak-prakanana kudu bener jeung tartib.*