Pamindo
1 Ieu nu ditepikeun ku Musa ka sakabéh urang Israél di wilayah Walungan Yordan di tanah gurun, di gurun keusik hareupeun Suf, di antara Paran, Tofél, Laban, Hazérot, jeung Dizahab. 2 Perjalanan ti Horéb ka Kadés-barnéa liwat jalan nu brasna ka Gunung Séir téh butuh waktu 11 poé. 3 Dina poé kahiji bulan ka-11 taun ka-40, sanggeus urang Israél budal ti Mesir, Musa ngabéjakeun sagala ucapan Yéhuwa anu ku Anjeunna diparéntahkeun pikeun ditepikeun. 4 Ieu téh sanggeus Sihon raja urang Amori, nu matuh di Hésbon, sarta Og raja Basyan, nu matuh di Astarot di Édréi, diéléhkeun. 5 Di wilayah Walungan Yordan di nagri Moab, Musa nerangkeun Torét, kieu cenah,
6 ”Basa keur di Horéb, Yéhuwa Allah urang nyarios kieu, ’Maranéh cicing di ieu gunung téh geus rada lila. 7 Geura sayaga, jung indit ka wilayah pagunungan urang Amori jeung ka kabéh wilayah sakurilingna, nyaéta Araba, wilayah pagunungan, Syéféla, Négéb, jeung wilayah basisir, nyaéta nagri urang Kanaan. Jung indit ka Lébanon* nepi ka walungan gedé, nyaéta Walungan Éfrat. 8 Éta nagri ku Kuring geus dibikeun ka maranéh. Jung indit, rebut éta nagri. Kuring, Yéhuwa, geus sumpah ka karuhun maranéh, nyaéta ka Ibrahim, Ishak, jeung Yakub, rék mikeun éta nagri ka maranéhna jeung turunan maranéhna.’
9 ”Harita kuring geus ngomong ka maranéh, ’Ari ku sorangan mah kuring teu sanggup mingpin maranéh. 10 Maranéh ku Yéhuwa Allah maranéh geus dijadikeun sakieu lobana lir béntang-béntang di langit. 11 Muga-muga maranéh ku Yéhuwa Allah karuhun maranéh dijadikeun sarébu kalieun ti ayeuna. Muga-muga maranéh gé diberkahan ku Anjeunna sakumaha jangji-Na. 12 Tapi, ari ku sorangan mah kumaha kuring bisa ngurus perkara maranéh sarta ngaréngsékeun masalah jeung pacékcokan maranéh? 13 Sok pilih priya-priya nu bijaksana, pinter, jeung boga pangalaman ti kaom maranéh, ku kuring rék diangkat jadi pamingpin maranéh.’ 14 Harita dijawab ku maranéh, ’Satuju, saé pisan.’ 15 Jadi, priya-priya nu bijaksana jeung boga pangalaman téh diangkat ku kuring jadi pamingpin maranéh. Maranéhna dijadikeun pamingpin nu ngapalaan 1.000 urang, pamingpin nu ngapalaan 100 urang, pamingpin nu ngapalaan 50 urang, pamingpin nu ngapalaan 10 urang, jeung pangawas kaom-kaom.
16 ”Harita, kuring méré paréntah kieu ka para hakim maranéh, ’Lamun aya masalah, uruskeun perkarana sing adil, boh perkara antara sasama urang Israél boh perkara antara urang Israél jeung urang asing nu cicing di antara maranéh. 17 Nyieun putusan téh ulah beurat sabeulah. Masalah jelema leutik jeung masalah jelema penting kudu sarua didéngékeun. Ulah sieun ku jelema, da maranéh ngahakiman téh ngawakilan Allah. Lamun masalahna beurat teuing, pasrahkeun ka kuring, kuring nu bakal ngurus.’ 18 Harita gé kuring geus nuduhkeun sagala nu kudu dilampahkeun ku maranéh.
19 ”Urang ngabring ti Horéb, sakumaha paréntah Yéhuwa Allah urang. Urang ngaliwatan tanah gurun anu nya lega nya pikasieuneun, nu katempo ku maranéh basa dina perjalanan ka wilayah pagunungan urang Amori. Tungtungna, urang nepi di Kadés-barnéa. 20 Geus kitu kuring ngomong kieu ka maranéh, ’Ayeuna maranéh geus nepi di wilayah pagunungan urang Amori, anu ku Yéhuwa Allah urang dibikeun ka urang. 21 Yéhuwa Allah maranéh geus mikeun éta nagri ka maranéh. Sok maju, rebut éta nagri, sakumaha nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah karuhun maranéh ka maranéh. Ulah sieun, ulah gimir.’
22 ”Tapi, maranéh kabéh ngadatangan kuring, ceuk maranéh, ’Kedahna mah aya nu diutus ti heula ka éta nagri, sina mariksa kaayaanana. Engké maranéhna sina ngabéjaan, ka ditu téh liwat jalan mana, sareng kota-kota nu bakal didatangan téh kumaha kaayaanana.’ 23 Éta usul téh alus, matakna kuring milih 12 lalaki ti antara maranéh, saurang ti unggal kaom. 24 Bral maranéhna indit ka wilayah pagunungan, seug nepi di Lebak* Éskol tuluy mariksa éta nagri. 25 Maranéhna nyokot bubuahan ti éta nagri, tuluy dibawa ka urang. Maranéhna ngalapor kieu, ’Nagri nu dibikeun ku Yéhuwa Allah urang téh alus.’ 26 Tapi maranéh teu daék indit ka ditu, ngadon ngalawan paréntah Yéhuwa Allah maranéh. 27 Maranéh teterusan kukulutus di kémah maranéh, pada ngaromong kieu, ’Urang dipikangéwa ku Yéhuwa, matakna urang dibudalkeun ti Mesir téh rék dipasrahkeun ka urang Amori sina dibasmi. 28 Urang téh sabenerna rék dibawa ka mana? Sieun urang mah, da ceuk dulur-dulur urang, ”Jalma-jalma di ditu téh leuwih gedé jeung leuwih jangkung tibatan urang. Kota-kotana gé lalega, bénténg-bénténgna laluhur nepi ka langit. Di ditu gé aya urang Anakim.”’
29 ”Jadi ceuk kuring téh, ’Tong sieun atawa gimir ku maranéhna. 30 Yéhuwa Allah maranéh bakal maju panghareupna, bakal perang demi maranéh, sakumaha nu geus dilampahkeun ku Anjeunna hareupeun maranéh pisan basa di Mesir. 31 Kapan maranéh geus ningali sorangan, di tanah gurun, Yéhuwa Allah maranéh geus ngurus maranéh sapanjang jalan nepi ka dieu, kawas bapa mangku anak.’ 32 Tapi sangkilang geus kitu gé, maranéh teu boga iman ka Yéhuwa Allah maranéh, 33 nu aya di hareupeun maranéh, nu néangan tempat keur maranéh masang kémah. Ti peuting Anjeunna némbongan dina tihang seuneu, ti beurang dina tihang méga* pikeun nuduhkeun jalan nu kudu dijugjug.
34 ”Omongan maranéh kadéngé ku Yéhuwa. Anjeunna ambek tuluy sumpah kieu, 35 ’Ti antara génerasi nu jahat ieu, moal aya saurang-urang acan nu bakal ningali nagri nu alus nu geus dijangjikeun ku Kuring pikeun dibikeun ka karuhun maranéh, 36 kajaba Kaléb anak Yéfuné. Manéhna bakal ningali éta nagri. Nagri nu geus didatangan ku manéhna téh ku Kuring bakal dibikeun ka manéhna jeung turunanana, sabab manéhna mah nurut ka Yéhuwa ku sapinuhna haté. 37 (Gara-gara maranéh, Yéhuwa gé jadi ambek ka kuring. Saur Anjeunna, ”Manéh gé moal asup ka dinya. 38 Nu bakal asup ka éta nagri téh Yosua anak Nun, palayan* manéh. Kuatkeun* manéhna, sabab manéhna nu bakal ngabantu Israél ngarebut éta nagri.”) 39 Salian ti éta, anak-anak maranéh nu ceuk maranéh bakal jadi tawanan sarta nu ayeuna teu nyaho mana nu bener mana nu salah, tah maranéhna nu bakal asup ka éta nagri. Kuring bakal mikeun éta nagri ka maranéhna pikeun dipimilik. 40 Ari maranéh mah kudu baralik deui ka tanah gurun, ka jalan nu brasna ka Laut Beureum.’
41 ”Ceuk maranéh ka kuring, ’Abdi sadaya tos milampah dosa ka Yéhuwa. Ayeuna abdi sadaya badé perang, sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa Allah abdi sadaya!’ Ti dinya, maranéh mawa senjata perang masing-masing. Samarukna naék ka éta gunung téh babari. 42 Tapi Yéhuwa nyarios kieu ka kuring, ’Béjakeun ka maranéhna, ”Maranéh ulah indit perang, sabab Kuring moal nyarengan maranéh. Lamun keukeuh, maranéh bakal éléh ku musuh.”’ 43 Jadi éta ditepikeun ku kuring ka maranéh, tapi teu digugu. Maranéh kalah ka ngalawan paréntah Yéhuwa, lancang naék ka éta gunung. 44 Burudul urang Amori nu matuh di éta gunung narajang sarta ngudag maranéh kawas nyiruan. Maranéh paburencay ti Séir nepi ka Horma. 45 Tuluy maranéh baralik, careurik hareupeun Yéhuwa, tapi diantep, teu didangu ku Yéhuwa. 46 Éta sababna maranéh matuh di Kadés lila pisan.