Pamindo
14 ”Maranéh téh anak-anak Yéhuwa Allah maranéh. Lamun katinggal maot, ulah ngaraheutan awak atawa ngurud halis.* 2 Maranéh téh bangsa nu suci keur Yéhuwa Allah maranéh. Ti antara sakabéh bangsa di bumi, maranéh geus dipilih ku Yéhuwa pikeun jadi umat-Na, milik-Na nu istiméwa.*
3 ”Ulah ngadahar naon waé nu haram. 4 Ieu sasatoan nu meunang didahar: sapi, domba, embé, 5 uncal, kijang, uncal jinis lianna, embé leuweung, antélop, domba leuweung, jeung kijang gunung. 6 Unggal sato nu ngagayem jeung kukuna beulah kabagi dua meunang didahar. 7 Tapi, maranéh teu meunang ngadahar sato-sato nu ngagayem hungkul atawa nu kukuna beulah hungkul, misalna onta, kelenci,* jeung hiraks,* sabab sanajan ngagayem, tapi kukuna henteu beulah. Éta sato-sato téh haram. 8 Babi gé haram, sabab enya gé kukuna beulah, tapi henteu ngagayem. Ulah ngadahar daging sato-sato éta atawa nyabak bangkéna.
9 ”Sagala sato di cai nu meunang didahar téh nu cécépétan jeung sisitan. 10 Tapi sagala nu euweuh cécépétan jeung euweuh sisitan teu meunang didahar. Éta téh haram.
11 ”Sagala manuk nu halal meunang didahar. 12 Tapi manuk-manuk ieu teu meunang didahar: heulang, rajawali, manuk bangké hideung, 13 heulang beureum, heulang hideung, sakabéh heulang jinis lianna, 14 sagala jinis gagak, 15 manuk onta, bueuk, camar, tiap jinis manuk falkon, 16 bueuk leutik, bueuk nu ceulina panjang, soang, 17 manuk pélikan, manuk bangké, manuk pecuk padi, 18 bango, tiap jinis manuk kuntul, manuk hupo, jeung kalong. 19 Salian ti éta, kabéh serangga* nu jangjangan teu meunang didahar. Éta téh haram. 20 Kabéh sasatoan nu hiber jeung halal meunang didahar.
21 ”Lamun manggih sato nu paéh, teu meunang didahar. Maranéh téh umat nu suci keur Yéhuwa Allah maranéh. Tapi, éta meunang dibikeun ka urang asing nu matuh di kota-kota maranéh, da manéhna mah meunang ngadahar éta, atawa éta bisa dijual ka urang asing.
”Ulah ngulub daging anak embé ku cisusu indungna.
22 ”Unggal taun, maranéh kudu méré sapersapuluh tina hasil pepelakan di kebon maranéh. 23 Sapersapuluh bagian tina sisikian, cianggur anyar, minyak, cikal sapi, embé, jeung domba maranéh kudu didahar di hareupeun Yéhuwa Allah maranéh, di tempat nu geus dipilih ku Anjeunna pikeun ngamulyakeun nami-Na. Ku kituna, maranéh bisa diajar pikeun terus hormat* ka Yéhuwa Allah maranéh.
24 ”Upama tempat nu dipilih ku Yéhuwa Allah maranéh pikeun ngamulyakeun nami-Na téh jauh teuing, sarta perjalanan ka ditu téh lila nepi ka maranéh hésé mawa éta perpuluhan (sabab Yéhuwa Allah maranéh bakal ngaberkahan maranéh), 25 éta perpuluhan téh meunang dijual. Engké, duitna bawa ka tempat nu dipilih ku Yéhuwa Allah maranéh. 26 Beulikeun naon waé nu dipikahayang, misalna sapi, domba, embé, cianggur, inuman séjén nu aya alkoholan, atawa naon waé nu dipikaresep. Pék dahar bareng jeung kulawarga di éta tempat, di hareupeun Yéhuwa Allah maranéh, sarta sing gumbira. 27 Ulah poho ka urang Léwi nu aya di kota-kota maranéh, sabab maranéhna mah teu meunang bagian atawa warisan kawas maranéh.
28 ”Unggal tutup taun katilu, bawa sakabéh sapersapuluh bagian tina hasil panén taun éta, tuluy kumpulkeun di kota-kota maranéh. 29 Geus kitu, urang Léwi nu teu meunang bagian atawa warisan kawas maranéh, urang asing nu matuh di antara maranéh, budak yatim,* jeung randa nu aya di kota-kota maranéh bakal daratang jeung dalahar nepi ka seubeuh. Ku kituna, sagala nu dipigawé ku maranéh bakal diberkahan ku Yéhuwa Allah maranéh.