Pamindo
23 ”Jalma nu dikabiri, nyaéta anu buah zakarna diancurkeun atawa alat kelaminna diteukteuk, teu meunang jadi jamaah Yéhuwa.
2 ”Jalma nu lahir di luar tikah teu meunang jadi jamaah Yéhuwa, najan nepi ka turunan nu kasapuluh gé, teu meunang jadi jamaah Yéhuwa.
3 ”Urang Ammon jeung urang Moab teu meunang jadi jamaah Yéhuwa. Kabéh turunanana, najan turunan kasapuluh gé, teu meunang jadi jamaah Yéhuwa. 4 Éta téh ku sabab waktu maranéh budal ti Mesir, maranéhna teu méré dahareun jeung cai. Maranéhna kalah ka mayar Biléam anak Béor ti Pétor, di Mésopotamia, pikeun ngutuk maranéh. 5 Tapi, Yéhuwa Allah maranéh teu ngadéngékeun Biléam. Sabalikna, Yéhuwa Allah maranéh ngaganti éta kutuk jadi berkah keur maranéh. Éta téh lantaran Yéhuwa Allah maranéh nyaah ka maranéh. 6 Sapanjang maranéh hirup, ulah ngabantu bangsa-bangsa éta pikeun hirup tengtrem jeung makmur.
7 ”Ulah ngéwa ka urang Édom, sabab maranéhna téh dulur kénéh.
”Ulah ngéwa ka urang Mesir, sabab maranéh pernah jadi urang asing di nagrina. 8 Buyut-buyutna, nyaéta turunan nu katilu ti maranéhna, meunang jadi jamaah Yéhuwa.
9 ”Waktu rék perang jeung musuh, ulah nepi ka jadi najis. 10 Lamun ti peuting aya lalaki nu ngaluarkeun cimani, manéhna kudu kaluar ti pakémahan, teu meunang balik deui. 11 Isukna, barang geus burit, manéhna kudu mandi. Waktu panonpoé surup, kakara manéhna meunang balik deui ka pakémahan. 12 Di luar pakémahan, kudu aya tempat paranti miceun. Mun rék miceun, maranéh kudu indit ka dinya. 13 Di antara pakakas maranéh, kudu aya cocokél. Waktu rék miceun, éta kudu dibawa paranti ngagali lombang kotoran, urutna kudu ditutup deui. 14 Pakémahan téh kudu suci, sabab Yéhuwa Allah maranéh aya di pakémahan maranéh pikeun nyalametkeun maranéh jeung masrahkeun musuh-musuh. Ulah nepi ka Anjeunna ningali hal-hal nu najis di antara maranéh tuluy ninggalkeun maranéh.
15 ”Lamun aya palayan nu kabur ti dununganana tuluy datang ka maranéh, ulah disérénkeun deui ka dununganana. 16 Manéhna meunang cicing di antara maranéh di mana waé sukaeunana, di salah sahiji kota maranéh. Manéhna ulah dikaniaya.
17 ”Urang Israél, boh lalaki boh awéwé, teu meunang aya nu jadi palacur kuil. 18 Duit hasil ngalacur, boh ti lalaki boh ti awéwé, teu meunang disumbangkeun ka bumina Yéhuwa Allah maranéh pikeun nedunan ikrar, sabab éta kabéh téh dipikageuleuh ku Yéhuwa Allah maranéh.
19 ”Lamun nginjeumkeun duit, dahareun, atawa naon waé ka dulur maranéh, ulah maké rénten. 20 Ka urang asing meunang maké rénten, tapi ka dulur mah teu meunang, supaya Yéhuwa Allah maranéh ngaberkahan sagala usaha maranéh di tanah nu bakal dipimilik ku maranéh.
21 ”Lamun nyieun ikrar ka Yéhuwa Allah maranéh, kudu gancang ditedunan, sabab Yéhuwa Allah maranéh bakal nagih ka maranéh. Lamun henteu ditedunan, maranéh dosa. 22 Tapi lamun maranéh henteu ikrar, maranéh henteu dosa. 23 Ikrar maranéh téh kawas kurban sukaréla. Ikrar naon waé nu diucapkeun ka Yéhuwa kudu ditedunan.
24 ”Lamun maranéh asup ka kebon anggur sasama, maranéh meunang ngadahar anggurna nepi ka seubeuh, tapi teu meunang dikumpulkeun kana wadah.
25 ”Lamun maranéh asup ka kebon gandum sasama, maranéh meunang metik gandum nu arasak pikeun didahar, tapi teu meunang diala maké arit.