Pamindo
7 ”Waktu Yéhuwa Allah maranéh mawa asup maranéh ka tanah nu bakal direbut ku maranéh,+ Anjeunna gé bakal nyingkirkeun tujuh bangsa nu gedé,+ nyaéta urang Hét, urang Girgasyi, urang Amori,+ urang Kanaan, urang Périz, urang Héwi, jeung urang Yébus.+ Maranéhna téh bangsa nu leuwih gedé jeung leuwih kuat tibatan maranéh.+ 2 Éta bangsa-bangsa téh ku Yéhuwa Allah maranéh bakal dipasrahkeun ka maranéh, ku maranéh bakal diéléhkeun.+ Éta bangsa-bangsa kudu dimusnakeun.+ Ulah nyieun perjangjian jeung maranéhna atawa mikarunya maranéhna.+ 3 Ulah kawin jeung maranéhna.* Anak-anak awéwé maranéh ulah dikawinkeun ka anak-anak lalaki maranéhna. Anak-anak awéwé maranéhna ulah dijadikeun pamajikan keur anak-anak lalaki maranéh.+ 4 Teu meunang kitu téh sabab anak-anak lalaki maranéh ku maranéhna bakal diajak mungkir ti Allah sarta nyembah ka allah-allah séjén.+ Upama nepi ka kitu, Yéhuwa bakal ambek pisan sarta langsung ngabinasakeun maranéh.+
5 ”Jadi, ieu nu kudu dilampahkeun: Ancurkeun mézbah-mézbahna, runtuhkeun pilar-pilar berhala*+ jeung tihang-tihang berhalana,*+ sarta duruk patung-patung ukiranana.+ 6 Kudu kitu téh sabab maranéh bangsa nu suci keur Yéhuwa Allah maranéh. Ti antara sakabéh bangsa di bumi, maranéh geus dipilih ku Yéhuwa Allah maranéh pikeun jadi umat-Na, milik-Na nu istiméwa.*+
7 ”Maranéh dipikanyaah jeung dipilih ku Yéhuwa+ téh lain ku lantaran maranéh bangsa nu panggedéna di antara sakabéh bangsa, justru maranéh téh nu pangleutikna.+ 8 Ku lantaran Yéhuwa nyaah ka maranéh sarta nedunan ikrar-Na ka karuhun maranéh,+ Yéhuwa ngabudalkeun maranéh ku kawasa-Na nu gedé. Maranéh ditebus ti tempat maranéh diperbudak,+ ti kawasa Firaun raja Mesir. 9 Maranéh nyaho pisan yén Yéhuwa Allah maranéh téh Allah nu sajati, Allah nu satia, nu nyepeng kana perjangjiana-Na, sarta némbongkeun asih satia ka jalma nu nyaah ka Anjeunna jeung ngajalankeun paréntah-Na, malah nepi ka génerasina nu kasarébu.+ 10 Tapi, Anjeunna pasti bakal ngabales jeung ngabinasakeun jalma nu ngéwa ka Anjeunna.+ Jalma nu ngéwa ka Anjeunna bakal langsung dihukum jeung dibales. 11 Ku kituna, paréntah, aturan, jeung putusan hukum nu ditepikeun ku kuring poé ieu kudu enya-enya dijalankeun, kabéhanana kudu dilampahkeun.
12 ”Lamun maranéh terus ngadéngékeun, ngajalankeun, jeung nurut kana putusan hukum ieu, Yéhuwa Allah maranéh bakal terus nyepeng kana perjangjiana-Na sarta némbongkeun asih satia, sakumaha sumpah-Na ka karuhun maranéh. 13 Anjeunna bakal mikanyaah jeung ngaberkahan maranéh. Turunan maranéh bakal jadi loba.+ Maranéh bakal dibéré loba anak, hasil tanah, sisikian, cianggur anyar, minyak,+ anak-anak sapi jeung domba di tanah nu dijangjikeun ku Anjeunna ka karuhun maranéh pikeun dibikeun ka maranéh.+ 14 Ti antara sakabéh bangsa, maranéh bakal jadi bangsa nu dibéré berkah panglobana.+ Moal aya lalaki atawa awéwé di antara maranéh anu mandul, kitu deui jeung ingon-ingon maranéh.+ 15 Maranéh ku Yéhuwa bakal dijauhkeun tina sagala panyakit sarta moal diterapan panyakit parah nu ditingali ku maranéh basa di Mesir.+ Tapi, éta kabéh bakal dikeunakeun ka kabéh jalma nu ngéwa ka maranéh. 16 Maranéh kudu ngamusnakeun sakabéh bangsa nu geus dipasrahkeun ku Yéhuwa Allah maranéh.+ Ulah karunya ka maranéhna,+ sarta ulah nyembah ka allah-allah maranéhna,+ lantaran éta téh jiret keur maranéh.+
17 ”Lamun maranéh ngomong di jero haté, ’Bangsa-bangsa ieu leuwih gedé tibatan urang, kumaha urang bisa ngusir maranéhna?’+ 18 Ulah sieun ka maranéhna.+ Sing inget naon nu dilampahkeun ku Yéhuwa Allah maranéh ka Firaun jeung ka sakuliah Mesir.+ 19 Sing inget kana hukuman nu beurat nu ditempo ku maranéh, tanda-tanda, mujijat-mujijat,+ kawasa-Na nu gedé jeung kakuatana-Na nu hébat, nu dipaké ku Yéhuwa Allah maranéh pikeun ngabudalkeun maranéh.+ Éta nu bakal dipidamel ku Yéhuwa Allah maranéh ka bangsa-bangsa nu dipikasieun ku maranéh.+ 20 Maranéhna bakal disina leungit sumanget* ku Yéhuwa Allah maranéh. Nu nyésa+ jeung nu nyumput ti maranéh gé bakal disingkirkeun. 21 Ulah sieun ka maranéhna, sabab Yéhuwa Allah maranéh nu hébat+ jeung matak tajub téh nangtayungan maranéh.+
22 ”Bangsa-bangsa éta pasti diusir ku Yéhuwa Allah maranéh, diusirna saeutik-saeutik.+ Ku maranéh dibasmina ulah disakalikeun, supaya sato-sato galak henteu ngalobaan jeung nyilakakeun maranéh. 23 Yéhuwa Allah maranéh bakal masrahkeun bangsa-bangsa éta ka maranéh. Anjeunna bakal ngéléhkeun maranéhna nepi ka béak.+ 24 Raja-rajana bakal dipasrahkeun ka maranéh.+ Ngaran raja-raja éta moal diinget-inget deui.+ Moal aya nu bisa ngalawan maranéh.+ Maranéh bakal ngabasmi maranéhna.+ 25 Duruk patung ukiran allah-allahna.+ Ulah kabita atawa nyokot emas jeung pérak maranéhna,+ sabab éta bisa jadi jiret. Éta téh dipikageuleuh ku Yéhuwa Allah maranéh.+ 26 Ulah mawa barang-barang nu pikageuleuheun ka imah maranéh supaya maranéh teu dimusnakeun kawas barang-barang éta. Maranéh kudu geuleuh pisan ka barang-barang éta, lantaran éta téh kaasup barang-barang nu kudu dimusnakeun.