Pamindo
9 ”Hé Israél, déngékeun. Poé ieu maranéh téréh meuntasan Walungan Yordan, bakal asup jeung ngarebut wilayah bangsa-bangsa nu leuwih gedé jeung leuwih kuat tibatan maranéh. Kota-kotana galedé, bénténg-bénténgna laluhur nepi ka langit. 2 Jalma-jalma di ditu téh urang Anakim, nu jarangkung gedé. Maranéh geus apal jeung pernah ngadéngé batur ngaromong kieu, ’Saha nu bisa ngalawan urang Anakim?’ 3 Ku kituna, poé ieu maranéh kudu nyaho yén Yéhuwa Allah maranéh bakal maju di hareupeun maranéh. Anjeunna kawas seuneu nu ngalebur sarta bakal ngamusnakeun maranéhna. Anjeunna bakal nalukkeun bangsa-bangsa éta di hareupeun panon maranéh pisan, supaya maranéh bisa gancang ngusir jeung ngabinasakeun maranéhna, sakumaha jangji Yéhuwa ka maranéh.
4 ”Waktu Yéhuwa Allah maranéh ngusir maranéhna ti hareupeun maranéh, ulah ngaromong kieu di jero haté, ’Urang dibawa asup ka ieu tanah ku Yéhuwa jeung bisa ngarebut ieu tanah téh lantaran lalampahan urang bener.’ Da sabenerna mah Yéhuwa ngusir bangsa-bangsa éta ti hareupeun maranéh téh lantaran maranéhna jahat. 5 Maranéh bisa asup jeung ngarebut éta tanah téh lain ku lantaran lalampahan maranéh bener atawa haté maranéh bener, tapi ku lantaran bangsa-bangsa nu diusir ku Yéhuwa Allah maranéh téh jahat, sarta supaya Yéhuwa bisa ngalaksanakeun sumpah-Na ka karuhun maranéh, nyaéta ka Ibrahim, Ishak, jeung Yakub. 6 Maranéh kudu nyaho yén Yéhuwa Allah maranéh méré tanah nu sakitu alusna pikeun direbut téh lain ku lantaran lalampahan maranéh bener, da maranéh mah bangsa nu bedegong.
7 ”Sing inget, ulah nepi ka poho, baheula di tanah gurun maranéh nyieun piambekeun Yéhuwa Allah maranéh. Ti saprak budal ti Mesir nepi ka ayeuna di dieu, maranéh hayoh waé barontak ka Yéhuwa. 8 Malah di Horéb gé maranéh nyieun piambekeun Yéhuwa. Saking ambekna, Yéhuwa nepi ka rék ngamusnakeun maranéh. 9 Waktu kuring naék ka gunung, kuring narima papan-papan batu, nyaéta papan nu ditulisan perjangjian antara Yéhuwa jeung maranéh. Kuring di éta gunung téh 40 poé 40 peuting, teu dahar teu nginum. 10 Geus kitu, Yéhuwa méré dua papan batu ka kuring nu ditulis ku ramo-Na. Eusina téh sakabéh firman Yéhuwa nu ditepikeun ka maranéh di éta gunung, ti jero seuneu, dina poé maranéh kumpul di ditu. 11 Sanggeus 40 poé 40 peuting, Yéhuwa méré dua papan batu téa ka kuring, nyaéta papan batu nu eusina perjangjian. 12 Tuluy Yéhuwa nitah kieu ka kuring, ’Geura turun, lantaran bangsa nu ku manéh dibawa budal ti Mesir téh geus milampah nu goréng. Gancang pisan maranéhna nyimpang tina jalan nu diparéntahkeun ku Kuring. Maranéhna geus nyieun patung logam.’ 13 Yéhuwa gé nyarios, ’Ku Kuring geus diperhatikeun, ieu bangsa téh mémang bedegong. 14 Manéh ulah ngahalang-halang, Kuring rék ngabasmi maranéhna. Ngaran maranéhna rék dipupus ti ieu bumi. Turunan manéh wéh nu bakal dijadikeun bangsa nu leuwih gedé jeung leuwih kuat tibatan maranéhna.’
15 ”Tuluy, kuring turun ti éta gunung bari mawa dua papan batu nu eusina perjangjian téa. Harita, éta gunung hurung ku seuneu. 16 Terus kuring nempo maranéh geus ngalampahkeun dosa ka Yéhuwa Allah maranéh. Maranéh nyieun patung anak sapi tina logam. Gancang pisan maranéh nyimpang ti jalan nu diparéntahkeun ku Yéhuwa. 17 Jadi, dua papan batu nu dicekel ku kuring téh dibeubeutkeun di hareupeun maranéh nepi ka ancur. 18 Bruk kuring sujud ka Yéhuwa 40 poé 40 peuting, siga saacanna. Kuring teu dahar teu nginum, sabab maranéh geus ngalampahkeun dosa. Maranéh geus ngalampahkeun naon nu jahat dina pandangan Yéhuwa sarta ngaraheutan haté-Na. 19 Kuring sieun pisan lantaran Yéhuwa kacida ambekna ka maranéh nepi ka rék ngamusnakeun maranéh. Tapi, sakali deui Yéhuwa ngadangukeun kuring.
20 ”Yéhuwa gé ambek pisan ka Harun nepi ka rék ngamusnakeun manéhna, tapi harita kuring neneda demi Harun. 21 Tuluy, patung anak sapi jieunan maranéh nu nyababkeun maranéh dosa téh ku kuring dicokot, diduruk dina seuneu, diancurkeun nepi ka bubuk kawas lebu. Tuluy, éta diawurkeun ka walungan nu ngocor ti éta gunung.
22 ”Salian ti éta, di Tabéra, di Masah, jeung di Kibrot-hataawa gé maranéh nyieun piambekeun Yéhuwa. 23 Tuluy Yéhuwa nitah maranéh indit ti Kadés-barnéa, saur Anjeunna, ’Sok indit, rebut tanah nu rék dibikeun ku Kuring ka maranéh!’ Tapi, maranéh ngalawan deui paréntah Yéhuwa Allah maranéh. Maranéh teu boga iman jeung teu nurut ka Anjeunna. 24 Ti mimiti kuring wawuh gé, maranéh geus barontak ka Yéhuwa.
25 ”Jadi kuring sujud ka Yéhuwa 40 poé 40 peuting. Kuring sujud kitu téh lantaran Yéhuwa nyarios yén maranéh rék dimusnakeun. 26 Kuring sasambat kieu ka Yéhuwa, ’Nun Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, ulah ngamusnakeun umat Gusti. Maranéhna téh kagungan Gusti, nu ku Gusti ditebus nganggo kawasa Gusti sarta dibudalkeun ti Mesir ku panangan Gusti nu kuat. 27 Sing émut ka hamba-hamba Gusti, nyaéta Ibrahim, Ishak, sareng Yakub. Mugia Gusti ngahampura bangsa nu bedegong ieu, nu tos ngalampahkeun nu jahat sareng migawé dosa. 28 Upami teu kitu, engké jalma-jalma di nagri tempat Gusti ngabudalkeun abdi sadaya téh bakal ngaromong kieu, ”Yéhuwa teu sanggup mawa maranéhna ka tanah nu dijangjikeun téa. Anjeunna ngéwa ka maranéhna, matakna maranéhna dibudalkeun téh pikeun dipaéhan di tanah gurun.” 29 Maranéhna téh umat Gusti, kagungan Gusti, nu dibudalkeun ku kawasa Gusti nu gedé jeung kakuatan Gusti nu hébat.’