Surat keur Sidang Jamaah di Kolose
1 Ti Paulus, nu jadi rasulna Isa Al-Masih* ku kersa Allah, jeung ti Timotius+ dulur urang kabéh, 2 keur jalma-jalma suci* sarta sadérék-sadérék nu satia, nu jadi murid-murid Al-Masih di Kolose.
Mugia aranjeun narima welas asih nu taya bandingna* sarta katengtreman ti Allah, Bapa urang.
3 Waktu ngadoakeun aranjeun, abdi sadaya teu eureun-eureun muji sukur ka Allah, Bapana Isa Al-Masih Juragan urang. 4 Éta téh lantaran abdi sadaya ngadéngé yén aranjeun boga iman ka Isa Al-Masih sarta nyaah ka sakabéh jalma suci. 5 Aranjeun bisa kitu téh ku sabab boga harepan bakal narima ganjaran nu geus disadiakeun keur aranjeun di sorga.+ Aranjeun ngadéngé ngeunaan ieu harepan ku jalan warta bebeneran, nyaéta warta hadé 6 nu ditepikeun ka aranjeun. Éta warta hadé téh hasilna loba sarta geus nyebar ka sakuliah dunya,+ kitu ogé di antara aranjeun ti saprak aranjeun ngadéngé jeung nyaho pisan ngeunaan naon sabenerna welas asih Allah nu taya bandingna téh. 7 Éta nu diajarkeun ka aranjeun ku Épafras,+ sadérék abdi sadaya nu dipikanyaah jeung satia, nu ngabdi jadi palayan Al-Masih demi abdi sadaya. 8 Manéhna gé méré nyaho ka abdi sadaya ngeunaan kanyaah aranjeun, nu dihasilkeun ku bantuan kawasa suci.
9 Éta sababna ti saprak ngadéngé éta, abdi sadaya teu pernah eureun ngadoakeun aranjeun+ supaya aranjeun bener-bener terang kana kahoyong Allah+ sarta boga kabijaksanaan nu sajati jeung pangarti rohani.+ 10 Ku kituna, laku lampah aranjeun dianggap layak ku Yéhuwa.* Aranjeun gé bisa bener-bener nyenangkeun Anjeunna lantaran terus nyieun kahadéan sarta boga leuwih loba pangarti nu bener ngeunaan Allah.+ 11 Mugia aranjeun dikuatkeun ku kawasa-Na nu hébat,+ supaya aranjeun bisa tabah dina sagala kaayaan sarta bisa sabar jeung suka bungah. 12 Ucapkeun sukur ka Bapa, nu ngalantarankeun aranjeun layak narima warisan keur jalma-jalma suci+ nu aya dina caang.
13 Urang kabéh geus disalametkeun ku Anjeunna tina kawasa poék+ tuluy dipindahkeun kana pamaréntahan Putra-Na nu dipikanyaah. 14 Putra-Na ngabébaskeun urang ku tebusan, ku kituna dosa-dosa urang dihampura.+ 15 Anjeunna téh gambaran Allah nu teu katingali.+ Anjeunna gé nu mimiti diciptakeun.+ 16 Ku jalan anjeunna, sakabéh nu di sorga jeung di bumi diciptakeun: nu katingali, nu teu katingali,+ raja, pamingpin, pamaréntah, atawa pangawasa. Hal-hal séjénna diciptakeun ku jalan anjeunna+ tur jadi milikna. 17 Anjeunna geus aya saacan nu séjénna aya,+ sarta ku jalan anjeunna éta kabéh jadi aya. 18 Anjeunna téh sirahna awak, nyaéta sidang jamaah.+ Anjeunna téh nu awal, nu mimiti dihirupkeun deui ti antara nu maot.+ Ku kituna, anjeunna jadi nu pangmimitina dina sagala hal, 19 lantaran Allah hoyong anjeunna lengkep dina sagala hal.+ 20 Ku jalan anjeunna, nyaéta ku jalan getihna+ nu dikucurkeun dina tihang siksaan,* sakabéh nu aya di bumi jeung sorga dirukunkeun jeung Allah.+
21 Tadina mah aranjeun jauh ti Allah sarta jadi musuh-Na ku lantaran aranjeun mikirkeun hal-hal nu jahat. 22 Tapi, ayeuna aranjeun geus dirukunkeun ku jalan Putra nu geus ngorbankeun awakna nepi ka maot. Tujuanana téh nyaéta supaya aranjeun suci, hirup taya cacadna, jeung bébas tina tuduhan hareupeun Allah.+ 23 Tapi, tangtu aranjeun kudu terus boga iman,+ ajeg dina éta pondasi,+ tetep pengkuh,+ sarta terus neuteup harepan nu aya dina warta hadé nu didéngé ku aranjeun, nu geus diwawarkeun ka sakabéh ciptaan di kolong langit.+ Kuring, Paulus, jadi palayan keur éta warta hadé.+
24 Kuring bungah sanajan kudu sangsara demi aranjeun.+ Kuring nyaho yén kuring masih kudu ngalaman sangsara siga Al-Masih. Ieu téh demi awakna Al-Masih,+ nyaéta sidang jamaah.+ 25 Kuring ngalalayanan sidang jamaah téh da ditugaskeun+ ku Allah demi kapentingan aranjeun. Tugasna téh sabisa-bisa ngawartakeun firman Allah, 26 nyaéta rasiah suci+ nu disumputkeun ti dunya* baheula+ jeung ti jalma-jalma jaman baheula. Tapi ayeuna, éta geus disingkabkeun ka jalma-jalma suci.+ 27 Ka maranéhna, Allah resep méré nyaho rasiah suci nu sakitu mulyana, nu diwartakeun ogé ka bangsa-bangsa.+ Rasiahna téh nyaéta Al-Masih ngahiji jeung aranjeun. Éta hartina aranjeun boga harepan pikeun dimulyakeun bareng jeung anjeunna.+ 28 Nu diuarkeun ku urang kabéh téh nyaéta warta ngeunaan anjeunna. Urang gé méré naséhat jeung ngajar jalma-jalma ku kabijaksanaan nu sajati. Ku kituna, urang bisa ngabantu unggal jalma nu ngahiji jeung Al-Masih supaya jadi asak rohani hareupeun Allah.+ 29 Éta tujuanana kuring digawé banting tulang téh. Kuring bajoang sakuat tanaga bari ngandelkeun kawasa ti Anjeunna nu dibikeun ka kuring.+