PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 1 Tésalonika 4
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 1 Tésalonika

      • Jauhan lampah cabul (1-8)

      • Leuwih mikanyaah deui (9-12)

        • ”Henteu pipilueun urusan batur” (11)

      • Jalma nu maot nu ngahiji jeung Al-Masih dihirupkeun ti heula (13-18)

1 Tésalonika 4:2

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”paréntah-paréntah”.

1 Tésalonika 4:3

Catetan Handap

  • *

    Yunani: pornéia. Tingali Daptar Istilah.

1 Tésalonika 4:4

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”dihormat ku batur”.

1 Tésalonika 4:13

Catetan Handap

  • *

    As. ”saré”.

1 Tésalonika 4:14

Catetan Handap

  • *

    As. ”saré”.

1 Tésalonika 4:15

Catetan Handap

  • *

    As. ”sararé”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • Baca di Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
1 Tésalonika 4:1-18

1 Tésalonika

4 Dulur-dulur, aranjeun geus dibéré pituduh ngeunaan carana sangkan laku lampah aranjeun nyenangkeun Allah. Tah, éta téh geus dijalankeun ku aranjeun, tapi ayeuna ku ngaran Juragan Isa, urang-urang ménta jeung ngajurung aranjeun supaya ngalakukeunana leuwih hadé deui. 2 Aranjeun apal, pituduh-pituduh* nu dibikeun ku urang-urang téh asalna ti Juragan Isa.

3 Kahayang Allah téh aranjeun suci jeung ngajauhan lampah cabul.* 4 Aranjeun masing-masing kudu nyaho carana ngadalikeun awak supaya suci jeung dipikaresep ku Allah.* 5 Ulah siga bangsa-bangsa séjén nu teu kenal ka Allah, nu ngumbar napsu séksualna jeung teu pernah puas. 6 Ngeunaan hal ieu, ulah aya nu ngaléngkahan hak jeung ngamangpaatkeun dulur saimanna, lantaran Yéhuwa bakal ngahukum jalma-jalma nu ngalakukeun hal-hal ieu, sakumaha nu geus dibéjaan jeung diomat-omatan pisan ka aranjeun ku urang-urang. 7 Urang dipilih ku Allah téh supaya jadi suci, lain jadi najis. 8 Ku kituna, jalma nu nolak pituduh ieu lain nolak manusa, tapi nolak Allah nu méré kawasa suci-Na ka aranjeun.

9 Ari sual kanyaah ka dulur saiman mah urang-urang geus teu kudu nulis deui ka aranjeun, da aranjeun geus diajar ku Allah pikeun silih pikanyaah. 10 Malah, aranjeun geus mikanyaah sakabéh dulur di sakuliah Makédonia. Tapi dulur-dulur, urang-urang ngajurung aranjeun supaya leuwih mikanyaah deui. 11 Urang-urang geus méré pituduh sangkan aranjeun sabisa-bisa hirup tenang, henteu pipilueun urusan batur, jeung getol digawé, 12 supaya batur nu di luareun sidang jamaah ningali laku lampah aranjeun téh hadé jeung aranjeun teu kakurangan nanaon.

13 Salian ti éta, dulur-dulur, urang-urang hayang aranjeun paham ngeunaan jalma-jalma nu maot,* supaya kasedih aranjeun téh teu siga jalma-jalma séjén nu teu boga harepan. 14 Lamun urang boga iman yén Isa geus maot tuluy dihirupkeun deui, Allah gé bakal ngahirupkeun deui murid-murid Isa nu geus maot* supaya bisa babarengan jeung Isa. 15 Luyu jeung firman Yéhuwa, urang-urang rék méré nyaho yén urang nu hirup kénéh nepi ka kahadiranana Juragan bakal dihirupkeun ka sorga. Tapi, nu dihirupkeun ti heula mah nu geus maraot,* sanggeusna kakara urang, 16 sabab Juragan bakal turun ti sorga jeung méré paréntah ku sora pamingpin malaikat jeung ku sora tarompét Allah, tuluy jalma-jalma nu geus maraot nu ngahiji jeung Al-Masih bakal dihirupkeun ti heula. 17 Sanggeusna, urang nu hirup kénéh bakal dibawa bareng jeung maranéhna dina awan pikeun panggih jeung Juragan di langit, ku kituna urang bakal terus babarengan jeung Juragan. 18 Jadi, terus silih kuatkeun ku kekecapan ieu.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun