PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 2 Tésalonika 1
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 2 Tésalonika

      • Salam (1, 2)

      • Iman urang Tésalonika beuki kuat (3-5)

      • Jalma-jalma nu teu taat dibales (6-10)

      • Doa keur sidang jamaah (11, 12)

2 Tésalonika 1:1

Catetan Handap

  • *

    Ngaran séjénna Silas.

2 Tésalonika 1:2

Catetan Handap

  • *

    Tingali Daptar Istilah.

2 Tésalonika 1:12

Catetan Handap

  • *

    Tingali Daptar Istilah.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • Baca di Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
2 Tésalonika 1:1-12

2 Tésalonika

1 Ti Paulus, Silvanus,* jeung Timotius, keur sidang jamaah di Tésalonika nu ngahiji jeung Allah, Bapa urang, sarta Juragan Isa Al-Masih.

2 Mugia aranjeun narima welas asih nu taya bandingna* jeung katengtreman ti Allah, Bapa urang, sarta ti Juragan Isa Al-Masih.

3 Dulur-dulur, urang-urang ngarasa kudu terus nganuhunkeun ka Allah ku lantaran aranjeun. Ieu téh geus sapantesna lantaran iman aranjeun beuki kuat. Aranjeun gé beuki silih pikanyaah. 4 Aranjeun téh ku urang-urang diagulkeun ka sidang-sidang jamaah Allah, lantaran aranjeun tetep tabah jeung boga iman, sanajan dikaniaya jeung ngalaman kasangsaraan. 5 Ieu bukti putusan Allah téh bener. Ku kituna, aranjeun dianggap layak asup ka Pamaréntahan Allah. Nya ku lantaran éta aranjeun jadi sangsara téh.

6 Allah téh adil, jalma nu nyangsarakeun aranjeun bakal dijieun sangsara ku Anjeunna. 7 Tapi, aranjeun nu ngalaman sangsara bakal dibébaskeun bareng jeung urang-urang waktu Juragan Isa némbongkeun dirina ti sorga bareng jeung para malaikatna nu kuat 8 dina seuneu nu ngagedur. Manéhna bakal ngabales jalma-jalma nu teu kenal ka Allah jeung nu teu nurut kana warta hadé ngeunaan Juragan urang Isa. 9 Maranéhna bakal narima hukuman, nyaéta dibinasakeun salilana. Ku kituna, maranéhna disingkirkeun ti hareupeun Juragan jeung moal narima kawasana nu mulya. 10 Kajadianana téh waktu manéhna datang pikeun dimulyakeun bareng jeung jalma-jalma sucina sarta pikeun dipuji-puji ku sakabéh jalma nu boga iman ka manéhna, kaasup aranjeun, lantaran aranjeun boga iman kana kasaksian urang-urang.

11 Ku sabab kitu, urang-urang teu eureun ngadoakeun aranjeun supaya Allah nganggap aranjeun layak dipilih ku Anjeunna. Urang-urang gé ngadoakeun supaya ku kawasa-Na, Allah ngalaksanakeun sakabéh hal-hal hadé nu dipikaresep ku Anjeunna, sarta supaya sagala nu dilakukeun ku aranjeun lantaran iman téh bisa laksana. 12 Ku kituna, ngaran Juragan urang Isa dimulyakeun liwat aranjeun, jeung aranjeun gé dimulyakeun ku lantaran ngahiji jeung manéhna. Kamulyaan ieu bisa dibikeun téh ku lantaran welas asih nu taya bandingna* ti Allah urang jeung ti Juragan Isa Al-Masih.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun