Keur Urang Ibrani
3 Ku kituna, dulur-dulur nu suci, nu dipilih* pikeun indit ka sorga,+ perhatikeun Isa, nu diaku rasul jeung imam agung ku urang kabéh.+ 2 Anjeunna satia ka Allah nu ngalantik anjeunna,+ siga Musa nu satia waktu ngalalayanan di bumina Allah.*+ 3 Isa dianggap layak narima leuwih loba kamulyaan+ tibatan Musa, lantaran nu ngawangun imah leuwih dihormat tibatan imahna. 4 Unggal imah tangtu aya anu ngawangunna, ari sagala hal mah diwangunna ku Allah. 5 Musa téh palayan nu satia di bumina Allah. Éta ngagambarkeun hal-hal nu engké bakal disingkabkeun. 6 Ari Al-Masih mah putra nu satia+ nu jadi kapala bumina Allah. Nu disebut bumina Allah+ téh urang kabéh, asal urang tetep wani* nyarita sarta nyekel pageuh harepan nu diagulkeun ku urang nepi ka ahir.
7 Jadi, sakumaha nu ditepikeun ku jalan kawasa suci,+ ”Mugia poé ieu maranéh daék ngadéngékeun sora Anjeunna. 8 Ulah bedegong siga karuhun maranéh nu ngalantarankeun Kuring ambek pisan, waktu maranéhna nguji Kuring di tanah gurun.+ 9 Di dinya, karuhun maranéh nguji jeung ngadoja Kuring, padahal maranéhna geus ningali naon nu dipigawé ku Kuring salila 40 taun.+ 10 Éta sababna Kuring jadi geuleuh ka éta génerasi tuluy ngomong, ’Éta jalma-jalma teterusan nuturkeun kahayangna sorangan. Maranéhna teu nuturkeun jalan-jalan Kuring.’ 11 Bakating ku ambek, Kuring sumpah, ’Maranéhna moal asup ka tempat reureuh Kuring.’”+
12 Dulur-dulur, sing ati-ati. Di antara aranjeun ulah aya nu boga haté jahat sarta teu boga iman gara-gara ngajauh ti Allah nu hirup.+ 13 Sabalikna, terus silih kuatkeun unggal poé meungpeung bisa kénéh disebut ”Poé ieu”,+ supaya di antara aranjeun euweuh nu bedegong lantaran ditipu ku dosa. 14 Urang kabéh bisa narima naon nu ditarima ku Al-Masih, asal nepi ka ahir urang nyekel pageuh kayakinan nu dipiboga ku urang ti mimiti.+ 15 Kitab Suci nyebutkeun, ”Mugia poé ieu maranéh daék ngadéngékeun sora Anjeunna. Ulah bedegong siga karuhun maranéh nu ngalantarankeun Kuring ambek pisan.”+
16 Saha nu ngadéngé sora Allah tapi angger ngalantarankeun Anjeunna ambek pisan? Lain kabéh jalma nu dipingpin ku Musa nu budal ti Mesir?+ 17 Salian ti éta, saha nu dipikageuleuh ku Allah salila 40 taun?+ Lain jalma-jalma nu nyieun dosa, nu mayitna tinggolépak di tanah gurun?+ 18 Ka saha Anjeunna sumpah yén maranéhna moal asup ka tempat reureuh-Na? Lain ka jalma-jalma nu teu taat téa? 19 Jadi jelas, maranéhna teu bisa asup téh lantaran teu boga iman.+