Ibrani
9 Perjangjian nu saacanna boga hukum-hukum pikeun palayanan suci jeung boga tempat suci di bumi. 2 Kémah éta boga dua rohangan. Dina rohangan nu kahiji, aya tempat lampu, méja, jeung roti nu dibaktikeun. Rohangan éta disebut ”Rohangan Suci”. 3 Tapi, di tukangeun hordén nu kadua di kémah éta, aya rohangan séjén nu disebut ”Rohangan Mahasuci”. 4 Di rohangan éta, aya wadah emas paranti ngaduruk dupa jeung peti perjangjian nu dilapis ku emas. Di jero peti éta, aya wadah emas nu eusina manna, iteuk Harun nu pernah sirungan, jeung papan-papan batu perjangjian. 5 Di luhureunana, aya kérub-kérub nu mulya nu jangjangna mayungan tutup* peti. Tapi, ayeuna lain waktuna pikeun ngajéntrékeun hal-hal ieu.
6 Sanggeus éta kabéh dijieun siga kitu, para imam rutin asup ka rohangan nu kahiji di kémah éta pikeun ngalakukeun palayanan suci. 7 Tapi, ngan imam agung nu meunang asup ka rohangan nu kadua sakali sataun bari jeung kudu mawa getih, nu disanggakeun keur dirina jeung keur dosa nu teu dihaja dilakukeun ku bangsa éta. 8 Jadi, kawasa suci ngajéntrékeun yén salila kémah nu kahiji ngadeg kénéh, jalan ka Rohangan Mahasuci moal waka dibuka. 9 Kémah éta ngagambarkeun kaayaan jaman kiwari. Éta némbongkeun yén pangbakti jeung kurban nu disanggakeun teu bisa méré haté sanubari nu bener-bener bersih ka jalma nu ngajalankeun palayanan suci. 10 Éta kabéh ngan saukur ngeunaan dahareun, inuman, jeung rupa-rupa upacara ngabersihkeun diri.* Éta téh hukum keur hal-hal jasmani nu kudu dijalankeun nepi ka waktuna pikeun ngalempengkeun sagala hal.
11 Tapi, Al-Masih datang salaku imam agung pikeun mawa hal-hal hadé nu dipiboga ku urang ayeuna. Manéhna asup ka kémah nu leuwih penting jeung leuwih sampurna, nu teu dijieun ku leungeun manusa atawa diadegkeun di bumi. 12 Manéhna asup ka Rohangan Mahasuci, lain mawa getih embé atawa getih sapi jalu ngora, tapi mawa getihna sorangan, sakali keur salilana, supaya bisa ngabébaskeun* urang pikeun salilana. 13 Para imam maké getih embé jeung getih sapi jalu, sarta ngawurkeun lebu sapi bikang ngora ka jalma-jalma nu najis. Lamun éta kabéh bisa nyucikeun jalma-jalma nu najis, 14 komo deui getih Al-Masih! Ku bantuan kawasa suci nu abadi, Al-Masih nyanggakeun dirina ka Allah jadi korban nu taya cacadna. Getihna ngabersihkeun haté sanubari urang, jeung urang eureun ngalampahkeun hal-hal nu euweuh gunana, ku kituna urang bisa ngajalankeun palayanan suci ka Allah nu hirup.
15 Éta sababna, manéhna jadi perantara perjangjian nu anyar, supaya jalma-jalma nu geus dipilih bisa narima jangji ngeunaan berkah nu langgeng, sabab ku jalan maotna, maranéhna ditebus jeung dibébaskeun tina kasalahan-kasalahan nu dijieun salila perjangjian nu saacanna aya kénéh. 16 Waktu manusa nyieun perjangjian jeung Allah, manusa nu nyieun perjangjian éta kudu maot, 17 sabab hiji perjangjian jadi sah téh lamun aya nu maot. Éta moal sah lamun manusa nu nyieun perjangjianana hirup kénéh. 18 Éta sababna, perjangjian nu saacanna disahkeun* ku getih. 19 Sanggeus nepikeun sakabéh paréntah dina Torét ka éta bangsa, Musa nyokot getih sapi jalu ngora sarta getih embé, jeung dicampur ku cai. Tuluy, éta diképrét-képrétkeun kana kitab* jeung bangsa éta maké wol beureum jeung dahan hisop,* 20 bari ngomong, ”Ieu getih pikeun ngesahkeun perjangjian nu diparéntahkeun ku Allah, nu kudu ditarurut ku maranéh.” 21 Manéhna gé ngéprét-ngéprétkeun getih éta ka kémah jeung ka sakabéh wadah nu dipaké dina palayanan suci. 22 Mémang nurutkeun Torét, ampir sagala hal disucikeun ku getih. Dosa gé moal dihampura lamun euweuh getih nu dikucurkeun.
23 Jadi, kitu carana nyucikeun barang-barang nu ngagambarkeun hal-hal nu aya di sorga, ari hal-hal nu di sorga mah kudu disucikeun ku korban-korban nu jauh leuwih hadé. 24 Al-Masih lain asup ka Rohangan Mahasuci jieunan leungeun manusa, nyaéta titironan ti nu sabenerna, tapi manéhna bener-bener asup ka sorga jeung ayeuna aya di hareupeun Allah* demi kapentingan urang. 25 Manéhna teu kudu mangkali-kali ngorbankeun dirina siga imam agung nu unggal taun asup ka Rohangan Mahasuci bari mawa getih sato, lain getihna sorangan, 26 sabab mun kitu mah Al-Masih kudu mangkali-kali sangsara ti saprak ayana dunya.* Tapi ayeuna, manéhna geus némbongkeun diri sakali keur salilana dina panungtungan jaman* ieu pikeun nyingkirkeun dosa ku cara ngorbankeun dirina. 27 Sakumaha manusa maot sakali keur salilana tuluy diadilan, 28 Al-Masih ogé ngorbankeun diri sakali keur salilana pikeun nanggung dosa loba jalma. Engké, waktu datang kadua kalina, manéhna lain rék nyingkirkeun dosa, tapi rék nyalametkeun jalma-jalma nu ngarep-ngarep manéhna.