Surat Yakobus
3 Dulur-dulur, aranjeun teu kudu kabéhanana jadi guru, da aranjeun terang yén jalma nu jadi guru mah tanggung jawab ka Allahna téh leuwih gedé.+ 2 Urang kabéh sering nyieun salah.+ Lamun hiji jalma teu pernah salah ngomong, manéhna téh jalma sampurna nu bisa ngawasaan sakujur awakna. 3 Lamun urang masang tali kekang dina sungut kuda supaya nurut ka urang, nya urang bisa ngawasaan sakujur awakna. 4 Pék perhatikeun ogé kapal-kapal: Sanajan galaledé jeung majuna téh ku angin gedé, tapi diaturna mah ku kamudi nu leutik pisan, sakumaha kahayangna jurumudi.
5 Kitu ogé, létah téh bagian awak nu leutik tapi bisa gedé omong. Tah, ku seuneu nu leutik, leuweung nu gedé bisa kahuruan! 6 Létah sarua kawas seuneu.+ Ti sakujur awak, létah téh pinuh ku kajahatan, sabab bisa nganajisan saawak-awak+ sarta ngancurkeun kahirupan hiji jalma, kawas Géhéna.* 7 Sagala jinis sato galak, manuk, sato nu ngarayap,* jeung sato nu aya di laut bisa lindeuk, malah geus dijadikeun lindeuk ku manusa. 8 Tapi, euweuh manusa nu bisa ngawasaan létahna nepi ka lindeuk. Létah téh teu bisa dikawasaan, bisa nyilakakeun, jeung pinuh ku racun nu matih.+ 9 Ku létah, urang muji Yéhuwa,* Bapa urang. Ku létah ogé, urang ngutuk jalma nu dijieun ”sarupa jeung Allah”.+ 10 Tina biwir nu sarua kaluar berkah jeung kutukan.
Dulur-dulur, ulah nepi ka siga kitu.+ 11 Tina cinyusu nu sarua moal bijil cai tawar jeung cai asin sakaligus, pan? 12 Dulur-dulur, tangkal ara moal buahan zaitun, tangkal anggur gé moal buahan ara, pan?+ Sarupa kitu, cinyusu asin moal bisa ngabijilkeun cai tawar.
13 Aya teu nu bijaksana jeung boga pangarti di antara aranjeun? Lamun aya, manéhna kudu ngabuktikeun éta ku laku lampahna nu hadé sarta ngalampahkeun sagala hal dibarengan ku sipat lemah lembut nu dihasilkeun ku kabijaksanaan. 14 Tapi, lamun dina haté aranjeun aya parasaan sirik+ jeung kahayang pikeun paséa,*+ ulah ngagulkeun kabijaksanaan aranjeun,+ da lamun kitu aranjeun téh bohong. 15 Éta lain kabijaksanaan nu asalna ti sorga, tapi asalna ti ieu dunya,+ tina kahayang jasmani, jeung ti roh-roh jahat. 16 Lamun aya jalma nu sirikan jeung resep paséa,* kaayaanana bakal kacow jeung bakal aya rupa-rupa kajahatan.+
17 Ari kabijaksanaan nu asalna ti sorga mah mimitina ngalantarankeun hiji jalma jadi murni,+ tuluy resep rukun,+ daék ngéléhan,+ daék nurut, karunyaan pisan, loba nyieun kahadéan,+ teu beurat sabeulah,+ jeung teu munapék.+ 18 Salian ti éta, jalma-jalma nu ngupayakeun pikeun rukun+ jeung batur mah ngalantarankeun kaayaan jadi tengtrem.+ Hasilna téh maranéhna ngalampahkeun nu bener.