Yosua
23 Yéhuwa méré hirup tengtrem ka Israél. Maranéhna teu diperangan deui ku musuh-musuh di sakurilingna. Lila ti harita, Yosua nu geus kolot pisan 2 ngageroan sakabéh urang Israél, para kokolot, para pamingpin, para hakim, jeung para pangawas, tuluy ngomong kieu ka maranéhna, ”Urang téh geus kolot pisan. 3 Maranéh geus ningali sorangan sagala nu dilakukeun ku Yéhuwa Allah maranéh ka bangsa-bangsa éta keur kapentingan maranéh. Yéhuwa Allah maranéh geus perang demi maranéh. 4 Urang geus ngabagi-bagikeun* tanah ti Walungan Yordan nepi ka Laut Tengah* di beulah kulon* pikeun jadi tanah warisan keur kaom-kaom maranéh, boh nu masih dicicingan ku bangsa séjén boh nu pendudukna geus dimusnakeun ku urang. 5 Yéhuwa Allah maranéh geus nyingkirkeun maranéhna ti hareupeun maranéh jeung ngusir* maranéhna demi maranéh, supaya tanahna bisa direbut ku maranéh, sakumaha jangji Yéhuwa Allah maranéh.
6 ”Tah ayeuna, maranéh kudu gedé kawani supaya bisa nuturkeun jeung ngajalankeun sakabéh nu ditulis dina buku Hukum Musa. Omat, ulah nyimpang ka kénca atawa ka katuhu. 7 Ulah gaul jeung bangsa-bangsa nu cicing di antara maranéh. Ulah nyebut ngaran déwa-déwana atawa sumpah demi ngaran déwa-déwa éta, sarta ulah nyembah atawa sujud ka déwa-déwa éta. 8 Tapi, maranéh kudu tetep satia ka Yéhuwa Allah maranéh, sakumaha nu geus dilakukeun ku maranéh nepi ka ayeuna. 9 Yéhuwa bakal ngusir bangsa-bangsa nu gedé jeung kuat ti hareupeun maranéh. Nepi ka ayeuna gé, teu aya saurang-urang acan nu sanggup ngalawan maranéh. 10 Saurang ti maranéh bakal ngéléhkeun sarébu urang, lantaran Yéhuwa Allah maranéh nu perang keur maranéh, sakumaha jangji-Na. 11 Jadi, terus jaga diri maranéh ku cara mikanyaah Yéhuwa Allah maranéh.
12 ”Tapi lamun maranéh ninggalkeun Allah, pipilueun jeung bangsa-bangsa nu araya kénéh di antara maranéh, gaul jeung maranéhna, sarta jadi dulur maranéhna lantaran katalian ku perkawinan,* 13 maranéh kudu nyaho Yéhuwa Allah maranéh moal ngusir deui* bangsa-bangsa éta demi maranéh. Maranéhna bakal jadi siga jiret, siga pecut nu ngajelebét kana tonggong, jeung siga cucuk nu nanceb dina panon, nepi ka maranéh musna ti tanah nu sakieu hadéna nu geus dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh.
14 ”Ayeuna urang téh téréh maot. Maranéh gé nyaho pisan* sagala hal alus nu dijangjikeun ka maranéh ku Yéhuwa Allah maranéh euweuh nu teu dilaksanakeun. Kabéhanana jadi kanyataan, euweuh sakecap-kecap acan nu teu dilaksanakeun. 15 Tapi, sakumaha Yéhuwa Allah maranéh geus ngalaksanakeun sagala hal alus nu dijangjikeun ku Anjeunna, Yéhuwa gé bakal ngadatangkeun sakabéh cilaka nu disebutkeun* ku Anjeunna sarta bakal ngamusnakeun maranéh ti tanah nu sakieu hadéna nu geus dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh. 16 Yéhuwa Allah maranéh geus maréntahkeun supaya maranéh ngajalankeun perjangjiana-Na. Tapi upama maranéh ngalanggar perjangjian éta jeung sembah sujud ka allah-allah séjén, Yéhuwa bakal kacida ambekna jeung bakal gancang ngamusnakeun maranéh ti tanah nu sakieu hadéna nu geus dibikeun ka maranéh.”