Surat nu Kahiji ti Pétrus
2 Singkirkeun sagala kalakuan nu goréng,+ tipu daya, kamunapékan, parasaan sirik, jeung omongan nu ngagogoréng batur. 2 Siga orok nu kakara dijurukeun+ nu haus kana cisusu, aranjeun gé kudu diajar pikeun mikahayang cisusu nu murni, nyaéta firman Allah, supaya aranjeun jadi déwasa jeung disalametkeun,+ 3 da aranjeun geus ngarasakeun* kumaha bageurna Juragan.
4 Juragan urang saréréa téh batu nu hirup, nu ditolak ku jalma-jalma+ tapi dipilih jeung dianggap penting ku Allah.+ Waktu aranjeun daratang ka anjeunna, 5 aranjeun téh batu-batu rohani nu rék dipaké keur ngawangun imah rohani,+ supaya aranjeun jadi imam-imam nu suci. Ku kituna, ku jalan Isa Al-Masih, aranjeun bisa ngabaktikeun kurban-kurban rohani+ nu dipikaresep ku Allah.+ 6 Aya ayat nu nyebutkeun, ”Di Zion, Kuring masangkeun batu pilihan, nyaéta batu pondasi nu aya di juru nu luhur nilaina. Jalma nu boga iman ka manéhna moal dikuciwakeun.”*+
7 Keur aranjeun nu percaya mah anjeunna téh penting. Tapi keur nu teu percaya mah ”batu nu teu kapaké ku tukang wangunan+ geus jadi batu juru nu utama”+ 8 sarta jadi ”batu nu matak titajong jeung batu nu matak labuh”.+ Maranéhna pecat iman téh ku sabab teu taat kana firman. Éta ahir nu bakal kaalaman ku maranéhna. 9 Sabalikna, aranjeun mah ”bangsa nu kapilih, imam-imam nu jadi raja, bangsa nu suci,+ umat nu istiméwa milik Allah+ pikeun nguarkeun kaagungan”+ Allah* nu geus ngajait* aranjeun ti nu poék ka caang Anjeunna nu gumilang.+ 10 Tadina aranjeun téh lain umat Allah, tapi ayeuna mah jadi umat-Na.+ Tadina aranjeun teu dipikawelas ku Allah, tapi ayeuna dipikawelas ku Anjeunna.+
11 Dulur-dulur nu dipikanyaah, aranjeun téh urang asing nu cicing sementara di ieu dunya,+ jadi kuring ngajurung aranjeun supaya nolak kahayang awak nu dosa,+ nu merangan aranjeun.+ 12 Laku lampah aranjeun kudu tetep hadé di antara jalma-jalma di dunya,+ supaya waktu maranéhna nuduh aranjeun nyieun salah, maranéhna bisa nyaksian laku lampah aranjeun nu hadé.+ Hasilna, maranéhna bakal ngamulyakeun Allah dina poé Anjeunna mariksa umat manusa.
13 Demi Juragan urang, aranjeun kudu tunduk ka sakabéh pamaréntahan* manusa,+ boh ka raja+ nu leuwih luhur ti aranjeun 14 boh ka gubernur nu dilantik ku raja pikeun ngahukum nu salah tapi muji nu kalakuanana hadé.+ 15 Allah hayang kalakuan aranjeun nu hadé téh bisa ngabungkem jalma-jalma bodo nu nuduh aranjeun lantaran teu boga pangarti.+ 16 Aranjeun téh jalma merdéka,+ tapi kamerdékaan aranjeun ulah dijadikeun alesan pikeun nyieun kagoréngan.+ Sabalikna, gunakeun éta keur ngalalayanan Allah.+ 17 Sing hormat ka sagala rupa jalma,+ sing nyaah ka sakabéh dulur saiman,+ sing hormat* ka Allah,+ jeung sing hormat ka raja.+
18 Para palayan kudu tunduk jeung hormat ka dununganana,+ teu ngan saukur ka nu bageur jeung ngarti, tapi ogé ka nu hésé disenangkeun. 19 Allah resep ka jalma nu ngalaman kasusah* jeung kateuadilan demi boga haté sanubari nu bersih di hareupeun Anjeunna.+ 20 Lamun aranjeun tetep sabar waktu diteunggeulan lantaran nyieun salah, naon nu bisa dipuji ti aranjeun?+ Tapi, lamun aranjeun tetep sabar waktu ngalaman kasangsaraan lantaran ngalampahkeun nu hadé, Allah resep ka aranjeun.+
21 Sabenerna, aranjeun dipilih ku Allah téh supaya hirup siga kitu, da Al-Masih geus sangsara demi aranjeun.+ Anjeunna jadi tuladan supaya aranjeun nuturkeun unggal léngkahna.+ 22 Anjeunna teu pernah nyieun dosa+ jeung teu pernah ngabohong.+ 23 Waktu dihina,+ anjeunna teu malik ngahina.+ Waktu sangsara,+ anjeunna teu ngancam, tapi sumerah ka Allah, Hakim+ nu adil. 24 Anjeunna nanggung dosa-dosa+ urang saréréa ku awakna nu dipaku dina tihang,*+ supaya urang dileupaskeun* tina dosa sarta hirup pikeun ngalampahkeun nu bener. Salian ti éta, ”ku lantaran raheut-raheutna, maranéh dicageurkeun”.+ 25 Tadina aranjeun téh siga domba nu sasab,+ tapi ayeuna aranjeun geus balik deui ka pangangon+ nu ngajaga hirup* aranjeun.