Surat nu Kadua ti Pétrus
2 Sakumaha di antara umat Allah jaman baheula aya nabi-nabi palsu, di antara aranjeun gé bakal aya guru-guru palsu.+ Maranéhna susulumputan nyieun sékte-sékte nu mecah belah, malah teu ngaku yén maranéhna téh milik Juragan nu geus meuli maranéhna.+ Ku kituna, maranéhna bakal gancang dibinasakeun. 2 Salian ti éta, bakal loba nu nuturkeun kalakuan maranéhna nu kurang ajar.*+ Gara-gara maranéhna, jalan nu bener bakal digogoréng.+ 3 Tuluy lantaran sarakah, maranéhna bakal ngamangpaatkeun aranjeun ku carita bohong. Sanajan kitu hukuman keur maranéhna moal diengké-engké. Éta geus diputuskeun ti baheula kénéh.+ Maranéhna pasti diancurkeun.+
4 Allah teu nahan-nahan pikeun ngahukum para malaikat nu nyieun dosa.+ Maranéhna dibalangkeun ka Tartarus*+ sarta diranté* dina kaayaan poék mongkléng nepi ka waktuna maranéhna dihukum.+ 5 Allah gé teu nahan-nahan pikeun ngahukum dunya jaman baheula.+ Anjeunna ngadatangkeun caah gedé ka dunya nu pinuh ku jalma-jalma doraka.+ Tapi Anjeunna nyalametkeun Nuh, pawarta bebeneran téa,+ jeung tujuh urang deui.+ 6 Salian ti éta, Allah ngahukum Sodom jeung Gomora,+ ngancurkeun dua kota éta jadi lebu. Ieu dijadikeun conto yén jalma-jalma doraka téh bakal kitu jadina.+ 7 Allah nyalametkeun Lut,+ jalma bener téa, nu ngarasa susah haté pisan lantaran ningali jalma-jalma jahat nu kalakuanana kurang ajar.* 8 Salila cicing di antara maranéhna, jalma bener éta unggal poé ngarasa kasiksa* lantaran ningali jeung ngadéngé kajahatan maranéhna. 9 Jadi, Yéhuwa* terang carana ngaleupaskeun jalma-jalma nu ngabdi ka Anjeunna tina cocoba.+ Ari jalma-jalma jahat mah ku Anjeunna ditahan pikeun dibinasakeun dina poé pangadilan,+ 10 utamana anu hayang ngumbar napsu jeung nganajisan batur,+ sarta nu nyapirakeun wewenang.*+
Guru-guru palsu éta wani teuing, mawa karep sorangan, jeung teu sieun ngahina jalma-jalma nu mulya.* 11 Padahal para malaikat gé, nu leuwih kuat jeung leuwih kawasa, teu pernah nuduh jeung ngahina ka guru-guru palsu éta, lantaran hormat ka Yéhuwa.*+ 12 Jalma-jalma nu kararitu téh siga sasatoan nu teu boga akal nu saukur nuturkeun nalurina, nu dilahirkeun pikeun ditéwak jeung dipaéhan. Maranéhna ngahina hal-hal nu teu kaharti ku maranéhna.+ Maranéhna bakal dibinasakeun lantaran kalakuanana nu goréng 13 sarta bakal dihukum lantaran kajahatanana.
Maranéhna resep hirup méwah jeung senang-senang,+ malah ti beurang kénéh. Maranéhna siga kokotor jeung cacad, nu kabeukina téh nyaritakeun pangajaran nu nyasabkeun waktu dahar bareng jeung aranjeun.+ 14 Kahayangna téh jinah waé,+ teu bisa eureun ngalampahkeun dosa, jeung resep ngolo jalma-jalma nu lemah iman.* Haténa geus kalatih jadi sarakah. Maranéhna téh jalma-jalma nu dikutuk. 15 Maranéhna geus nyasab, ninggalkeun jalan nu bener. Maranéhna nuturkeun conto Biléam+ anak Béor, nu daék ngalampahkeun nu salah lantaran kabita ku buruhna,+ 16 tapi ditegor lantaran ngalanggar naon nu bener.+ Kaldé nu teu bisa ngomong jadi bisa ngomong cara jalma sarta ngahalangan kalakuan gélo éta nabi.+
17 Maranéhna kawas cinyusu nu geus saat, kawas halimun nu katebak ku angin gedé, sarta bakal ditempatkeun di tempat nu poék mongkléng.+ 18 Omonganana téh hébat tapi euweuh eusina. Maranéhna teu éra nyieun kagoréngan.* Gara-gara maranéhna, jalma-jalma jadi boga kahayang nu salah deui.+ Maranéhna ngolo saha waé nu kakara leupas ti jalma-jalma nu lalampahanana salah.+ 19 Maranéhna ngajangjikeun kamerdékaan, padahal dirina sorangan diperbudak ku dosa,+ sabab lamun hiji jalma dikawasaan ku hiji hal,* manéhna jadi palayanna.+ 20 Maranéhna dibébaskeun tina kabiasaan najis ieu dunya+ sanggeus boga pangaweruh nu bener ngeunaan Juragan jeung Jurusalamet urang, Isa Al-Masih. Lamun maranéhna balik deui jeung dikawasaan ku kabiasaan najis éta, kaayaan maranéhna ayeuna tangtu leuwih parah tibatan saacanna.+ 21 Mending maranéhna teu pernah nyaho kana jalan nu bener, tibatan nyaho pisan kana hal éta tapi ninggalkeun paréntah suci nu ditarima ku maranéhna.+ 22 Jalma nu siga kitu téh cocog pisan jeung ieu paribasa: ”Anjing ngadahar deui utahna, babi nu geus dimandian gugulitikan deui dina leutak.”+