Surat nu Katilu ti Yahya
1 Kahatur Gayus nu dipikanyaah, ti kuring, lalaki nu geus kolot.* Kuring nyaah pisan ka anjeun.
2 Dulur nu dipikanyaah, doa kuring mah mugia anjeun terus séhat jeung teu kakurangan nanaon, sakumaha ayeuna. 3 Kuring bungah pisan waktu aya dulur-dulur nu datang tuluy nyaritakeun yén anjeun satia kana bebeneran sarta terus aya dina jalan nu bener.+ 4 Keur kuring mah taya deui nu leuwih ngabungahkeun* salian ti ngadéngé anak-anak kuring terus aya dina jalan nu bener.+
5 Dulur nu dipikanyaah, anjeun téh sakitu satiana ngabantu sadérék-sadérék, sanajan anjeun teu wawuh ka maranéhna.+ 6 Kanyaah anjeun dicaritakeun ku maranéhna ka sidang jamaah. Engké waktu maranéhna indit, sabisa-bisa bantu maranéhna ku cara nu dipikaresep ku Allah,+ 7 lantaran maranéhna indit téh demi kapentingan nami Allah. Maranéhna teu ngarepkeun nanaon+ ti bangsa-bangsa séjén.* 8 Ku kituna, urang saréréa wajib akuan ka maranéhna.+ Éta tandana urang digawé bareng dina nguarkeun bebeneran.+
9 Kuring pernah nulis surat ka aranjeun nu aya di sidang jamaah, tapi Diotréfés nu hayang jadi pamingpin di antara aranjeun+ nyapirakeun sagala omongan abdi sadaya.+ 10 Éta sababna, engké mun kuring datang, kuring bakal ngabolékérkeun kumaha manéhna nyebarkeun omongan jahat ngeunaan abdi sadaya.+ Teu cukup kitu, manéhna gé embung narima jeung embung ngahargaan sadérék-sadérék+ nu datang. Anu rék narima kalah ka dihalang-halang ku manéhna, malah dikaluarkeun ti sidang jamaah.
11 Dulur nu dipikanyaah, ulah nyonto nu goréng, nyonto mah nu alus.+ Jalma nu hadé lampah asalna ti Allah,+ ari nu goréng lampah mah teu kenal ka Allah.+ 12 Tapi, Démétrius mah hirupna sajalan jeung bebeneran. Manéhna dipuji ku kabéh dulur. Dina pandangan abdi sadaya gé manéhna téh jalma hadé. Anjeun terang yén omongan abdi sadaya téh bener.
13 Loba kénéh picaritaeun téh, tapi kuring embung nyaritakeunana ku péna jeung tinta. 14 Kuring hayang geura panggih sarta ngomong langsung jeung anjeun.
Mugia anjeun narima katengtreman.
Aya salam ti sobat-sobat di dieu. Pangnepikeun ogé salam kuring ka sobat-sobat di ditu hiji-hiji.