Wahyu nu Ditarima ku Yahya
16 Geus kitu, kuring ngadéngé sora nu tarik ti tempat suci* ngomong ka tujuh malaikat éta, ”Jung geura bahékeun ka bumi amarah Allah nu aya dina tujuh mangkok éta.”
2 Malaikat nu kahiji indit jeung ngabahékeun eusi mangkokna ka bumi. Seug jalma-jalma nu boga tanda sato galak éta jeung nu nyembah patungna keuna ku bisul parah nu nyeri pisan.
3 Malaikat nu kadua ngabahékeun eusi mangkokna ka laut. Seug laut jadi getih, siga getihna jalma nu dipaéhan. Tuluy, kabéh mahluk nu hirup di laut paraéh.
4 Malaikat nu katilu ngabahékeun eusi mangkokna ka kabéh walungan jeung sumber cai. Seug éta kabéh jadi getih. 5 Kuring ngadéngé malaikat nu boga kawasa kana cai ngomong kieu, ”Gusti téh Allah nu satia, nu aya ti baheula jeung nu aya ayeuna. Gusti téh adil lantaran geus méré hukuman ieu. 6 Maranéhna ngucurkeun getih jalma-jalma suci jeung para nabi, éta sababna maranéhna disina nginum getih ku Gusti. Maranéhna mémang pantes narima éta.” 7 Tuluy, kuring ngadéngé aya nu ngomong tina mézbah, ”Nun Allah Yéhuwa Nu Mahakawasa, hukuman* Gusti téh bener jeung adil.”
8 Malaikat nu kaopat ngabahékeun eusi mangkokna ka panonpoé. Seug panonpoé dibéré kawasa pikeun ngaduruk manusa ku seuneu. 9 Ku panasna nu hébat éta, manusa kaduruk. Tapi, lainna tobat jeung ngamulyakeun Allah, maranéhna kalah ka ngahina ngaran Allah nu boga kawasa pikeun ngadatangkeun musibat-musibat ieu.
10 Malaikat nu kalima ngabahékeun eusi mangkokna kana tahta sato galak éta. Seug sakabéh nu dikawasaan ku sato éta jadi poék, jeung jalma-jalma ngégél létahna bakating ku nyeri. 11 Tapi, lainna tobat tina kalakuanana nu jahat, maranéhna kalah ka ngahina Allah nu ngawasaan sorga lantaran ngarasa nyeri ku bisul-bisulna.
12 Malaikat nu kagenep ngabahékeun eusi mangkokna ka Éfrat, walungan nu gedé téa. Set caina saat, ku kituna éta bisa jadi jalan pikeun diliwatan ku raja-raja ti beulah wétan.*
13 Geus kitu kuring ningali naga, sato galak, jeung nabi palsu, masing-masing ngaluarkeun kekecapan nu najis* tina sungut maranéhna. Tilu kekecapan najis éta katingalina siga bangkong. 14 Kekecapan-kekecapan ieu téh asalna ti roh-roh jahat jeung didéngé ku raja-raja di sakuliah bumi. Kekecapan-kekecapan ieu nyieun loba mujijat* ngarah raja-raja éta dikumpulkeun ka perang dina poé agung Allah Nu Mahakawasa.
15 Tuluy, aya sora nu ngomong, ”Sing waspada! Kuring bakal datang siga maling. Bagja jalma nu tetep sadar, jadi baju luarna teu dicokot. Ku kituna, manéhna moal katingali taranjang ku batur jeung ngarasa éra.”
16 Tuluy, raja-raja éta dikumpulkeun ka tempat nu dina basa Ibrani disebut Armagédon.*
17 Malaikat nu katujuh ngabahékeun eusi mangkokna ka udara. Seug aya sora nu tarik ti tempat suci,* tina tahta éta, nu ngomong, ”Geus laksana!” 18 Der kilat tingburinyay, guludug tinggulugur, jeung aya sora-sora, sarta lini nu kacida gedéna jeung hébatna. Ti saprak manusa diciptakeun di bumi, can pernah aya lini nu siga kitu. 19 Kota nu gedé téa nepi ka beulah jadi tilu, jeung kota-kota di sakabéh nagri ancur lebur. Geus kitu, Babilon Gedé diinget ku Allah, terus disina nginum cianggur amarah-Na nu hébat. 20 Pulo-pulo leungit, gunung-gunung sirna. 21 Breg hujan és batu nu kacida baradagna turun ti langit ninggangan jalma-jalma, hijina téh beuratna kira-kira 20 kilogram.* Seug maranéhna ngahina Allah ku lantaran musibat hujan és batu nu sakitu hébatna.