Hakim-Hakim
12 Tuluy, urang Éfraim ngarumpul jeung meuntas ka Zafon.* Maranéhna ngomong kieu ka Yéfta, ”Ku naon maranéh teu ngajakan urang waktu ngalawan urang Ammon? Manéh jeung imah manéh, ku urang rék diduruk.” 2 Ku Yéfta ditémbalan kieu, ”Kuring jeung balad-balad kuring téh keur bébéakan perang jeung urang Ammon. Kuring geus ménta tulung ka maranéh, tapi maranéh teu nyalametkeun kuring ti maranéhna. 3 Lantaran maranéh teu daék nyalametkeun kuring, kuring naruhkeun nyawa ngalawan urang Ammon, tuluy maranéhna diserahkeun ka kuring ku Yéhuwa. Jadi ayeuna, ku naon maranéh rék ngalawan kuring?”
4 Geus kitu, Yéfta ngumpulkeun sakabéh urang Giléad jeung ngalawan urang Éfraim. Maranéhna diéléhkeun ku urang Giléad. Urang Éfraim pernah ngomong kieu, ”Maranéh, urang Giléad nu aya di Éfraim jeung Manasyé téh ngan saukur jalma-jalma nu kalabur ti Éfraim.” 5 Urang Giléad ngarebut pameuntasan di Walungan Yordan jeung ngajagaan tempat éta ngarah euweuh urang Éfraim nu lolos. Lamun aya urang Éfraim nu ménta idin rék meuntas, ku urang Giléad ditanya, ”Manéh urang Éfraim lain?” Lamun dijawab lain, 6 manéhna dititah kieu, ”Cik ngomong Syibolét”. Tapi urang Éfraim mah nyebutkeunana téh ”Sibolét”, da maranéhna teu bisa bener ngucapkeunana. Mun geus kitu, manéhna ditéwak jeung dipaéhan di pameuntasan Walungan Yordan. Jadi harita, aya 42.000 urang Éfraim nu dipaéhan.
7 Yéfta jadi hakim Israél salila genep taun. Geus kitu, Yéfta urang Giléad téa maot tuluy dikuburkeun di kotana di Giléad.
8 Sanggeus manéhna, Ibzan ti Bétléhém jadi hakim Israél. 9 Manéhna boga 30 anak lalaki jeung 30 anak awéwé. Anak-anak awéwéna dikawinkeun jeung lalaki-lalaki ti kulawarga séjén. Ari anak-anak lalakina mah dikawinkeun jeung 30 awéwé nu dipilih ku manéhna. Manéhna jadi hakim Israél salila tujuh taun. 10 Geus kitu, Ibzan maot tuluy dikuburkeun di Bétléhém.
11 Sanggeus manéhna, Élon urang Zébulon jadi hakim Israél salila sapuluh taun. 12 Geus kitu, Élon urang Zébulon téa maot tuluy dikuburkeun di Aiyalon, di tanah Zébulon.
13 Sanggeus manéhna, Abdon anak Hilél urang Piraton jadi hakim Israél. 14 Manéhna boga 40 anak lalaki jeung 30 incu lalaki, masing-masing boga hiji kaldé. Manéhna jadi hakim Israél salila dalapan taun. 15 Geus kitu, Abdon anak Hilél urang Piraton téa maot tuluy dikuburkeun di Piraton, di tanah Éfraim di gunung urang Amalék.