Hakim-Hakim
2 Tuluy, malaikat Yéhuwa+ indit ti Gilgal+ ka Bokhim. Manéhna ngomong kieu ka urang Israél, ”Kuring geus ngabébaskeun maranéh ti Mesir jeung mawa maranéh ka tanah nu geus dijangjikeun ku Kuring ka karuhun maranéh.+ Kuring gé geus ngomong, ’Kuring moal ingkar tina perjangjian Kuring ka maranéh,+ 2 asal maranéh teu nyieun perjangjian jeung penduduk di éta tanah,+ sarta maranéh kudu ngancurkeun mézbah-mézbahna.’+ Tapi, maranéh teu nurut ka Kuring.+ Ku naon maranéh bet kitu? 3 Éta sababna Kuring gé ngomong kieu, ’Kuring moal ngusir maranéhna ti hareupeun maranéh.+ Maranéhna bakal ngajiret maranéh,+ sarta allah-allahna bakal nyimpangkeun maranéh ti Kuring.’”+
4 Ngadéngé malaikat Yéhuwa ngomong kitu, kabéh urang Israél careurik mani tarik. 5 Éta sababna, éta tempat dingaranan Bokhim.* Di dinya maranéhna ngabaktikeun kurban keur Yéhuwa.
6 Sanggeus urang Israél dibubarkeun ku Yosua, maranéhna indit ka tanah warisanana masing-masing pikeun ngarebut éta tanah.+ 7 Éta bangsa terus nyembah ka Yéhuwa salila Yosua hirup. Sanggeus Yosua maot gé, maranéhna terus nyembah ka Anjeunna salila aya kénéh para kokolot nu nyaksian kabéh tindakan Yéhuwa nu luar biasa demi urang Israél.+ 8 Geus kitu, Yosua anak Nun, hamba Yéhuwa, maot dina umur 110 taun.+ 9 Manéhna dikuburkeun di tanah warisanana di Timnat-hérés,+ daérah pagunungan Éfraim, kaléreun Gunung Gaas.+ 10 Kabéh génerasi éta maot tuluy dikuburkeun cara karuhunna. Génerasi nu hirup sanggeus maranéhna teu kenal ka Yéhuwa jeung teu nyaho kana sagala tindakana-Na keur Israél.
11 Ka dieunakeun, urang Israél ngalampahkeun nu jahat dina pandangan Yéhuwa sarta nyembah ka* déwa-déwa Baal.+ 12 Maranéhna ninggalkeun Yéhuwa Allah karuhun maranéhna, nu ngabébaskeun maranéhna ti Mesir.+ Maranéhna kalah ka nuturkeun jeung sujud ka allah-allah séjén, nyaéta allah-allah nu disembah ku bangsa-bangsa sakurilingeun maranéhna.+ Éta nganyenyeri Yéhuwa.+ 13 Maranéhna ninggalkeun Yéhuwa sarta nyembah ka Baal jeung patung-patung Astorét.+ 14 Ku kituna, Yéhuwa ambek pisan ka Israél. Anjeunna nyerahkeun maranéhna ka musuh-musuh nu nyerang jeung ngajarah maranéhna.+ Ku Anjeunna maranéhna diserahkeun* ka musuh-musuh di sakurilingna.+ Israél jadi teu sanggup ngalawan musuh-musuhna.+ 15 Rék ka mana waé maranéhna indit, Yéhuwa ngalawan maranéhna jeung ngadatangkeun musibat,+ sakumaha ucapan Yéhuwa jeung sumpah Yéhuwa ka maranéhna.+ Maranéhna jadi sangsara pisan.+ 16 Ku kituna, Yéhuwa ngalantik hakim-hakim supaya bisa nyalametkeun maranéhna ti musuh-musuh nu ngajarah.+
17 Tapi ka hakim-hakim gé maranéhna teu daék ngadéngékeun, kalah ka nyembah* jeung sujud ka allah-allah séjén. Maranéhna gancang pisan nyimpang, teu cara karuhunna nu nurut kana paréntah-paréntah Yéhuwa.+ 18 Unggal Yéhuwa ngalantik hakim keur maranéhna,+ Yéhuwa nyarengan éta hakim jeung nyalametkeun maranéhna ti musuh salila éta hakim hirup. Yéhuwa teu tégaeun+ ngadéngé maranéhna ceurik lantaran ditindes+ jeung dikaniaya.
19 Tapi, ari hakimna geus maot mah kalakuan maranéhna jadi leuwih parah tibatan karuhunna. Maranéhna kalah ka nuturkeun jeung sembah sujud ka allah-allah séjén.+ Maranéhna téh baredegong jeung teu daék robah tina kalakuanana. 20 Tungtungna mah Yéhuwa ambek pisan ka Israél.+ Anjeunna ngucapkeun kieu, ”Ieu bangsa geus ngalanggar perjangjian nu dijieun ku Kuring+ jeung karuhun maranéhna sarta teu nurut ka Kuring.+ 21 Éta sababna, Kuring moal ngusir bangsa-bangsa anu can diéléhkeun ku Yosua ti hareupeun maranéhna.+ 22 Ku kituna, engké kanyahoan yén Israél téh bakal tetep nuturkeun Kuring,+ Yéhuwa, siga karuhunna atawa henteu.” 23 Jadi, éta bangsa-bangsa ku Yéhuwa diantep aya di dinya. Ku Anjeunna maranéhna henteu buru-buru diusir jeung henteu diserahkeun ka Yosua.