Hakim-Hakim
21 Urang Israél geus sumpah kieu di Mizpa, ”Urang kabéh moal mikeun anak awéwé urang jadi pamajikanana urang Bényamin.” 2 Ku kituna, urang Israél arindit ka Bétel, jeung diuk di hareupeun Allah nu bener nepi ka peuting. Maranéhna ceurik tingsalegruk. 3 Maranéhna ngomong kieu, ”Nun Yéhuwa Allah Israél, ku naon ieu bet kajadian di Israél? Ku naon Israél kedah kaleungitan hiji kaom poé ieu?” 4 Isukna, maranéhna hudang isuk-isuk, tuluy nyieun mézbah pikeun nyanggakeun korban beuleuman jeung korban karukunan.
5 Geus kitu, urang Israél nanya kieu, ”Ti antara kaom-kaom Israél, saha nu teu milu ngumpul di hareupeun Yéhuwa di Mizpa?” Maranéhna nanya kitu téh ku sabab geus sumpah yén saha waé nu teu datang ka Yéhuwa di Mizpa kudu dipaéhan. 6 Urang Israél ngarasa sedih kana kaayaan Bényamin dulurna. Ceuk maranéhna, ”Poé ieu, Israél kaleungitan hiji kaomna. 7 Urang kudu kumaha supaya nu nyésa téh bisa boga pamajikan, da urang geus sumpah ka Yéhuwa moal mikeun anak awéwé urang jadi pamajikan maranéhna?”
8 Urang Israél nanya, ”Ti antara kaom-kaom Israél, saha nu harita teu datang ka Yéhuwa di Mizpa? Ari pék téh euweuh hiji-hiji acan urang Yabés-giléad anu datang ka pakémahan tempat jamaah éta ngumpul. 9 Waktu jalma-jalma diitung, euweuh saurang-urang acan penduduk Yabés-giléad nu datang ka dinya. 10 Jadi jamaah éta ngutus 12.000 prajurit nu paling perkasa. Maranéhna dibéré paréntah, ”Jung indit, paéhan penduduk Yabés-giléad ku pedang, kaasup awéwé jeung barudak. 11 Maranéh kudu maéhan sakabéh lalaki jeung maéhan sakabéh awéwé anu geus lain parawan.” 12 Di antara penduduk Yabés-giléad, aya 400 awéwé anu parawan kénéh, nu can pernah ngalakukeun hubungan séks jeung lalaki. Jadi maranéhna dibawa ka pakémahan di Syilo, di tanah Kanaan.
13 Geus kitu, sakabéh jamaah ngirim pesen ka urang Bényamin nu aya di Gawir Cadas Rimon. Maranéhna ngajak rukun. 14 Seug éta urang Bényamin téh baralik. Tuluy, awéwé-awéwé ti Yabés-giléad nu teu dipaéhan téa diserahkeun ka maranéhna, tapi jumlahna teu mahi. 15 Urang Israél ngarasa sedih kana kaayaan Bényamin, anu ku Yéhuwa geus dipisahkeun ti kaom-kaom Israél. 16 Para kokolot jamaah ngomong, ”Di kaom Bényamin téh geus euweuh deui awéwé. Urang kudu kumaha supaya anu can kabagian téh bisa boga pamajikan?” 17 Ceuk maranéhna deui, ”Urang Bényamin nu salamet téh kudu tetep boga tanah warisanana, supaya euweuh kaom nu leungit ti Israél. 18 Tapi urang teu bisa mikeun anak awéwé urang pikeun jadi pamajikan maranéhna, lantaran urang Israél geus sumpah, ’Sing dikutuk saha waé nu méré pipamajikaneun keur urang Bényamin.’”
19 Geus kitu, maranéhna ngomong kieu, ”Unggal taun pan aya parayaan keur Yéhuwa di Syilo. Syilo téh aya di kaléreun Bétel jeung kiduleun Lébona, di wétaneun jalan nu nanjak ti Bétel ka Syikhém.” 20 Jadi maranéhna nitah kieu ka urang Bényamin, ”Jung indit jeung nyumput di kebon-kebon anggur. 21 Waktu maranéh ningali mojang-mojang* Syilo kalaluar rék ngarigel, maranéh kudu kaluar ti kebon anggur, tuluy masing-masing néwak saurang mojang Syilo keur pipamajikaneun. Geus kitu, jung baralik ka tanah Bényamin. 22 Upama bapana atawa dulur-dulur lalakina daratang ka urang lantaran teu resepeun, ku urang rék dijawab kieu, ’Sing karunya atuh ka urang jeung maranéhna, lantaran awéwé nu dibawa ti pangperangan téh teu cukup keur maranéhna. Aranjeun gé teu bisa méré pipamajikaneun keur maranéhna, da éta téh ngalanggar sumpah.’”
23 Jadi éta ditarurut ku urang Bényamin. Maranéhna masing-masing nyokot saurang mojang nu keur ngarigel jang dijadikeun pamajikan. Geus kitu, maranéhna baralik ka tanah warisanana, ngabangun deui kota-kotana, jeung maratuh di dinya.
24 Ti dinya urang Israél papisah, masing-masing baralik deui ka kaom jeung kulawargana. Maranéhna mulang ka tanah warisanana.
25 Harita, euweuh raja di Israél. Unggal jalma ngalakukeun nu bener ceuk pamikirna* sorangan.