Hakim-Hakim
4 Sanggeus Éhud maot, urang Israél ngalampahkeun deui nu jahat dina pandangan Yéhuwa. 2 Jadi, Yéhuwa nyerahkeun* maranéhna ka Yabin raja Kanaan, nu ngawasa di Hazor. Panglima tentarana téh Siséra, nu cicing di Harosét-hagoyim.* 3 Yabin* téh boga 900 karéta perang nu aya arit beusina.* Manéhna kacida kejemna nindes urang Israél salila 20 taun, ku kituna urang Israél ménta tulung ka Yéhuwa.
4 Harita, aya saurang nabiah nu nepikeun panghakiman ti Allah ka urang Israél, ngaranna téh Débora, pamajikan Lapidot. 5 Biasana, manéhna osok diuk di handapeun tangkal palem milikna di antara Rama jeung Bétel, di daérah pagunungan Éfraim. Urang Israél sok daratang ka manéhna hayang nyaho ngeunaan panghakiman Allah. 6 Débora ngirim pesen kieu ka Barak anak Abinoam ti Kadés-naftali, ”Yéhuwa Allah Israél geus méré paréntah, ’Indit jeung maju ka Gunung Tabor. Bawa 10.000 urang Naftali jeung Zébulon. 7 Engké Siséra panglima tentarana Yabin bareng jeung karéta perang sarta pasukanna rék disina datang ka Walungan Kisyon. Kuring bakal nyerahkeun manéhna ka manéh.’”
8 Barak ngajawab Débora, ”Lamun anjeun milu, abdi indit. Tapi lamun anjeun teu milu, abdi moal indit.” 9 Ceuk Débora, ”Abdi pasti milu. Tapi dina perang ieu, nu bakal dimulyakeun téh lain anjeun, sabab Yéhuwa bakal nyerahkeun Siséra ka saurang awéwé.” Geus kitu, Débora indit bareng jeung Barak ka Kédés. 10 Barak ngageroan kaom Zébulon jeung Naftali ka Kédés. Aya 10.000 urang nu nuturkeun manéhna, Débora gé milu.
11 Harita, Hébér urang Kéni misah ti urang Kéni séjénna. Maranéhna téh turunan Hobab mitohana Musa. Hébér masang kémah di deukeut tangkal gedé di Zaananim nu aya di Kédés.
12 Siséra meunang laporan yén Barak anak Abinoam geus indit ka Gunung Tabor. 13 Siséra langsung ngumpulkeun kabéh pasukanna jeung 900 karéta perang nu aya arit beusina.* Maranéhna indit ti Harosét-hagoyim ka Walungan Kisyon. 14 Ari ceuk Débora ka Barak, ”Sok maju, sabab poé ieu Yéhuwa bakal nyerahkeun Siséra ka anjeun. Yéhuwa bakal maju di hareupeun anjeun.” Jadi Barak turun ti Gunung Tabor, dituturkeun ku 10.000 urang. 15 Ku Yéhuwa kabéh pasukan jeung karéta perang Siséra disina pabaliut tuluy maranéhna diserang ku pedang Barak. Siséra ngajleng tina karétana tuluy lumpat kabur. 16 Barak ngaberik karéta-karéta perang jeung pasukan éta nepi ka Harosét-hagoyim. Kabéh pasukan Siséra paéh ku pedang. Euweuh hiji-hiji acan nu salamet.
17 Ari Siséra kaburna téh ka kémahna Yaél pamajikan Hébér urang Kéni téa, sabab Yabin raja Hazor téh boga hubungan nu alus jeung kulawarga Hébér urang Kéni. 18 Tuluy Yaél kaluar manggihan Siséra jeung ngomong kieu, ”Mangga ka lebet, Juragan. Tong sieun.” Jadi Siséra asup ka kémah, tuluy disimbutan ku Yaél. 19 Siséra ngomong, ”Cik ménta cai saeutik. Urang haus.” Jadi ku Yaél manéhna dibéré nginum cisusu tina kantong kulit, tuluy manéhna disimbutan deui. 20 Ceuk Siséra, ”Jung nangtung di lawang kémah. Lamun aya nu datang jeung nanya, ’Aya jalma teu di jero?’ béjakeun wéh euweuh.”
21 Tapi, Yaél pamajikan Hébér nyokot patok jeung palu. Waktu Siséra saré tibra bakating ku capé, Yaél nyampeurkeun manéhna lalaunan. Jebrod patok téh ditancebkeun kana palipisan Siséra nepi ka tembus kana taneuh. Siséra paéh.
22 Barak nu keur ngudag Siséra datang ka dinya, tuluy Yaél kaluar manggihan manéhna jeung ngomong, ”Sok ka lebet, tingali geura jalma nu keur ditéangan ku anjeun.” Barak jeung Yaél asup tuluy ningali Siséra geus paéh. Dina palipisanana, aya patok kémah nu nanceb.
23 Poé éta, Allah nalukkeun Yabin raja Kanaan di hareupeun urang Israél. 24 Serangan urang Israél beuki kuat ka Yabin raja Kanaan, nepi ka Yabin raja Kanaan binasa.