Hakim-Hakim
8 Geus kitu urang Éfraim ngomong ka Gidéon, ”Ku naon maranéh téh bet kitu? Ku naon teu ngajak-ngajak nyerang urang Midian téh?” Maranéhna ambek-ambekan ka Gidéon. 2 Tapi dijawab ku manéhna, ”Naon atuh abdi téh mun dibandingkeun jeung aranjeun mah? Lainna sésa panén Éfraim téh leuwih alus tibatan panén anggurna Abi-ézér? 3 Pan Allah geus nyerahkeun gegedugna urang Midian, nyaéta Oréb jeung Zééb, ka aranjeun. Mun dibandingkeun jeung aranjeun mah abdi téh euweuh nanaonna.” Ari geus dijawab kitu mah tenang wéh maranéhna téh.
4 Tuluy Gidéon nepi di Walungan Yordan jeung meuntasan walungan éta. Manéhna jeung 300 prajuritna téh geus carapéeun, tapi terus baé ngudag musuh. 5 Jadi pas di Sukot, manéhna ngomong ka urang dinya, ”Tiasa teu abdi nyuhunkeun roti keur balad abdi, lantaran maranéhna téh geus lalungséeun? Mangkaning abdi keur ngudag Zébah jeung Zalmuna, raja-raja urang Midian.” 6 Tapi para pamingpin Sukot kalah ka ngomong kieu, ”Jang naon urang méré roti ka pasukan manéh? Zébah jeung Zalmuna can katéwak, pan?” 7 Gidéon ngajawab, ”Lantaran maranéh ngomong kitu, engké mun Yéhuwa geus nyerahkeun Zébah jeung Zalmuna ka kuring, kuring rék mecutan maranéh maké rungkun cucuk ti gurun keusik.” 8 Ti dinya, manéhna indit ka Pénuél jeung ménta roti ogé ka urang dinya, tapi jawaban urang Pénuél sarua jeung jawaban urang Sukot. 9 Manéhna ngomong ka urang Pénuél, ”Sanggeus kuring salamet jeung balik deui ka dieu, munara ieu rék dirugrugkeun ku kuring.”
10 Zébah jeung Zalmuna téh keur aya di Karkor bareng jeung pasukan maranéhna, kira-kira 15.000 urang. Éta sésa pasukan jalma-jalma ti Wétan, lantaran 120.000 prajurit séjénna nu marawa pedang geus tariwas. 11 Gidéon terus maju ka jalan nu biasa diliwatan ku jalma-jalma nu cicing di kémah, di wétaneun Nobah jeung Yogbéha. Der Gidéon nyerang pakémahan éta, ari musuh-musuhna mah teu siap ngalawan. 12 Zébah jeung Zalmuna kabur, tapi dua raja urang Midian éta diudag jeung ditéwak ku Gidéon. Sakabéh pasukan musuh paburisat.
13 Sanggeus bérés perang, Gidéon anak Yoas balik ngaliwatan jalan nu nanjak ka Hérés. 14 Di perjalanan, manéhna néwak saurang budak ngora ti Sukot, tuluy budak éta ditanya-tanya. Jadi, budak ngora éta nuliskeun ngaran 77 pamingpin jeung kokolot di Sukot. 15 Ti dinya, Gidéon manggihan urang Sukot jeung ngomong, ”Yeuh Zébah jeung Zalmuna. Harita pan maranéh ngaléléwé kieu, ’Jang naon urang méré roti ka pasukan manéh nu lalungsé? Zébah jeung Zalmuna can katéwak, pan?’” 16 Tuluy manéhna néwak para kokolot kota jeung mecutan maranéhna ku rungkun cucuk ti gurun keusik. 17 Manéhna gé ngarugrugkeun Munara Pénuél jeung maéhan sakabéh lalaki di kota éta.
18 Gidéon nanya ka Zébah jeung Zalmuna, ”Nu dipaéhan ku maranéh di Tabor téh jalma-jalmana siga kumaha?” Ku maranéhna dijawab, ”Siga manéh, kabéhanana siga putra raja.” 19 Ceuk Gidéon, ”Maranéhna téh dulur-dulur kuring, dulur saindung. Lamun maranéhna teu dipaéhan mah, demi Yéhuwa nu hirup, maranéh gé moal dipaéhan ku kuring.” 20 Terus ceuk Gidéon ka Yétér anak cikalna, ”Paéhan maranéhna.” Tapi budak ngora éta téh teu nyabut pedangna. Manéhna sieuneun da ngora kénéh. 21 Jadi Zébah jeung Zalmuna ngomong, ”Mun bener manéh lalaki, paéhan wéh urang ku manéh sorangan.” Ku kituna, Gidéon maéhan Zébah jeung Zalmuna tuluy nyokot perhiasan bentuk bulan tina beuheung onta maranéhna.
22 Ka dieunakeun, urang Israél ngomong ka Gidéon, ”Tos wéh anjeun jeung anak incu anjeun nu jadi pamingpin urang, sabab anjeun tos nyalametkeun urang sadaya ti urang Midian.” 23 Tapi ceuk Gidéon, ”Kuring moal jadi pamingpin maranéh, kitu ogé anak kuring. Yéhuwa nu bakal mingpin maranéh.” 24 Gidéon ngomong deui, ”Kuring ngan boga hiji paménta: maranéh masing-masing méré hiji anting irung ka kuring tina hasil jarahan.” (Musuh maranéhna téh maraké anting emas dina irungna, sabab maranéhna turunan Ismail.) 25 Ceuk maranéhna, ”Mangga waé, engké dipasihkeun.” Maranéhna ngamparkeun jubah, tuluy unggal jalma neundeun ka dinya hiji anting irung hasil jarahanana. 26 Sakabéh anting emas nu dipénta ku Gidéon téh beuratna ampir 20 kilo,* can kaasup perhiasan bentuk bulan, kongkorong, pakéan tina wol ungu nu dipaké ku raja-raja Midian, sarta kongkorong onta-ontana.
27 Ku Gidéon, éta kabéh dijieun éfod* jeung dipamérkeun di kotana, nyaéta Ofra. Saterusna, éfod éta disembah ku urang Israél jeung jadi masalah keur Gidéon sarta kulawargana.
28 Nya kitu urang Israél nalukkeun urang Midian. Maranéhna teu wani nangtang urang Israél* deui. Geus kitu, nagri éta aman* salila 40 taun dina jaman Gidéon.
29 Tuluy Yérubaal anak Yoas balik ka imahna jeung matuh di dinya.
30 Gidéon boga 70 anak lalaki, da pamajikanana loba. 31 Selirna nu aya di Syikhém gé ngalahirkeun anak lalaki, nu dingaranan Abimélékh. 32 Gidéon anak Yoas maot waktu geus kolot pisan tuluy dikuburkeun di makamna Yoas bapana, di Ofra kotana urang Abi-ézér.
33 Sanggeus Gidéon maot, urang Israél nyembah deui ka déwa-déwa Baal. Baal-bérit dijadikeun allah maranéhna. 34 Maranéhna mopohokeun Yéhuwa Allahna, nu geus nyalametkeun maranéhna ti sakabéh musuh di sakurilingna. 35 Maranéhna gé teu satia* ka kulawargana Yérubaal, nyaéta Gidéon, nu geus sakitu hadéna ka urang Israél.