1 Samuél
8 Waktu Samuél geus kolot, manéhna ngalantik anak-anakna jadi hakim Israél. 2 Nu cikal ngaranna Yoél, ari nu kadua ngaranna Abiya. Maranéhna jadi hakim di Béér-syéba. 3 Tapi, anak-anakna mah teu nyonto bapana. Maranéhna kalah ka nyiar kauntungan ku cara nu teu jujur, narima suap, jeung sok teu adil waktu ngahakiman.
4 Ahirna, sakabéh kokolot Israél ngumpul sarta ngadatangan Samuél di Rama. 5 Ceuk maranéhna, ”Anjeun téh tos sepuh, tapi anak-anak anjeun teu nyonto anjeun. Jadi ayeuna mah sok lantik raja pikeun jadi hakim keur urang kabéh siga bangsa-bangsa séjén.” 6 Tapi, Samuél teu resepeun* waktu ngadéngé maranéhna ménta raja pikeun jadi hakim maranéhna. Ku kituna, manéhna ngadoa ka Yéhuwa. 7 Yéhuwa ngajawab kieu ka Samuél, ”Cumponan wéh paménta maranéhna, sabab nu ditolak ku maranéhna téh lain manéh, tapi Kuring, raja maranéhna. 8 Ti saprak Kuring mawa maranéhna kaluar ti Mesir nepi ka ayeuna, maranéhna téh kitu waé, teterusan ninggalkeun Kuring jeung nyembah allah-allah séjén. Nya sarua, ayeuna maranéhna gé kitu ka manéh. 9 Ayeuna mah cumponan wéh paménta maranéhna. Tapi, maranéhna gé kudu diomat-omat jeung dibéré nyaho naon waé hak raja nu bakal maréntah maranéhna.”
10 Jadi sakabéh firman Yéhuwa ditepikeun ku Samuél ka jalma-jalma nu ménta raja. 11 Ceuk manéhna, ”Ieu hak-hak raja nu bakal maréntah maranéh: Manéhna bakal nyokot anak-anak lalaki maranéh, tuluy ditempatkeun di karéta-karéta perangna sarta dijadikeun pasukan nu numpak kuda, jeung aya nu bakal disina lumpat di hareupeun karéta-karéta perangna. 12 Manéhna bakal ngalantik para pamingpin nu ngapalaan sarébu urang jeung lima puluh urang. Aya ogé nu bakal disina ngawuluku* lahanna, ngala panénna, jeung nyieun senjata perang sarta pakakas karéta perang. 13 Manéhna bakal nyokot anak-anak awéwé maranéh sina jadi tukang nyampur minyak seungit, tukang masak, jeung tukang nyieun roti. 14 Manéhna bakal nyokot hasil nu pangalusna tina lahan maranéh, kebon anggur maranéh, jeung kebon zaitun maranéh, tuluy éta kabéh bakal dibikeun ka para palayanna. 15 Manéhna bakal nyokot sapersapuluh tina hasil lahan jeung kebon anggur maranéh, tuluy éta dibikeun ka para pajabat jeung palayanna. 16 Manéhna gé bakal nyokot palayan-palayan maranéh boh nu lalaki boh nu awéwé, ingon-ingon maranéh nu pangalusna, jeung kaldé maranéh pikeun digawé keur manéhna. 17 Manéhna bakal nyokot sapersapuluh tina domba-domba maranéh, jeung maranéh sorangan bakal jadi palayan manéhna. 18 Engké, maranéh bakal tingjarerit ku lantaran raja pilihan maranéh éta, tapi moal didéngé ku Yéhuwa.”
19 Jalma-jalma angger embung ngadéngékeun omongan Samuél. Maranéhna ngomong, ”Keun baé, pokona urang hayang boga raja. 20 Jadi, urang bakal siga bangsa-bangsa séjén, boga raja nu bakal jadi hakim urang, mingpin urang, jeung perang demi urang.” 21 Sanggeus Samuél ngadéngé sakabéh omongan jalma-jalma, éta ditepikeun deui ka Yéhuwa. 22 Ceuk Yéhuwa ka Samuél, ”Cumponan paménta maranéhna, sarta lantik saurang raja pikeun maréntah maranéhna.” Tuluy, Samuél ngomong ka urang Israél, ”Jung baralik ka kota masing-masing.”