29 Saterusna, Musa mikeun tanah warisan ka kulawarga-kulawarga ti satengah kaom Manasyé.+ 30 Daérah maranéhna dimimitian ti Mahanaim+ kaasup sakabéh Basyan, nyaéta sakabéh daérah karajaan Raja Og ti Basyan, sarta sakabéh kampung pakémahan Yair+ di Basyan. Di daérah maranéhna téh aya 60 kota.