2 Sihon+ raja urang Amori, nu cicing di Hésbon. Manéhna ngawasaan Aroér,+ nu aya di sisi Lebak* Arnon,+ bagian tengah éta lebak, jeung satengah Giléad nepi ka Lebak* Yabok, nyaéta wates daérah urang Ammon.
13 Jadi, raja urang Ammon ngajawab kieu ka utusan Yéfta, ”Sabab waktu urang Israél kaluar ti Mesir,+ tanah kuring direbut ti Arnon+ nepi ka Yabok, terus nepi ka Walungan Yordan.+ Geus ayeuna mah teu kudu perang, asal éta dipulangkeun.”