-
Bilangan 18:24Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
-
-
24 Urang Israél geus nyumbangkeun sapersapuluh bagian ti pangabogana ka Yéhuwa. Éta geus diwariskeun ku Kuring ka urang Léwi. Éta sababna Kuring ngabéjaan kieu, ’Maranéh teu meunang boga warisan di antara urang Israél.’”+
-
-
Bilangan 26:62, 63Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
-
-
62 Jumlah lalaki ti kaom Léwi nu umurna sabulan ka luhur nu didaptar téh aya 23.000 urang.+ Maranéhna teu didaptar bareng jeung urang Israél séjénna,+ sabab maranéhna teu dibéré warisan di antara urang Israél.+
63 Éta jalma-jalma nu didaptar ku Musa jeung Imam Éléazar waktu urang Israél diitung di Gurun Keusik Moab, di sisi Walungan Yordan deukeut Yérikho.
-
-
Pamindo 18:1Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
-
-
18 ”Para imam Léwi jeung sakabéh kaom Léwi moal meunang bagian atawa warisan kawas urang Israél séjénna. Maranéhna bakal dahar tina kurban milik Yéhuwa, nyaéta kurban nu dibeuleum keur Anjeunna.+
-