-
Galatia 1:13, 14Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
-
-
13 Aranjeun tangtu geus ngadéngé tindakan kuring waktu masih kénéh nganut agama Yahudi.+ Kuring téh sakitu kejemna* nganiaya sidang jamaah Allah, bener-bener hayang ngabasmi.+ 14 Basa nyekel kénéh agama Yahudi,* kuring téh leuwih punjul tibatan loba babaturan nu saumur sarta sabangsa. Dina ngajalankeun tradisi karuhun gé, kuring téh leuwih sumanget.+
-