30 Sakuliah kota jadi rusuh. Jalma-jalma lalumpatan ka bait, néwak Paulus, tuluy nyéréd manéhna ka luar bait. Panto-pantona langsung ditarutupan. 31 Basa jalma-jalma rék maéhan manéhna, komandan pasukan meunang laporan yén sakuliah Yérusalém keur rusuh.