Kisah Para Rasul
21 Sanajan beurat papisah jeung maranéhna, ahirna urang-urang indit balayar langsung ka Kos, isukna ka Rodés, jeung ti dinya terus ka Patara. 2 Pas aya kapal nu rék meuntas ka Fénisia, urang-urang balayar naék kapal éta. 3 Pulo Siprus katingali di beulah kénca, tapi diliwat. Kapalna terus balayar ka Siria jeung balabuh di Tirus, sabab di dinya kapal rék bongkar muatan. 4 Tuluy, urang néangan murid-murid. Sanggeus panggih, urang cicing jeung maranéhna salila tujuh poé. Tapi ku bingbingan kawasa suci, maranéhna mangkali-kali ngabéjaan Paulus supaya ulah nincak Yérusalém. 5 Pas geus waktuna, urang indit pikeun neruskeun perjalanan. Urang-urang dianteur nepi ka palabuhan ku saréréa, kaasup ku para awéwé jeung barudak. Di basisir, urang kabéh sideku pikeun ngadoa 6 tuluy pamitan. Urang-urang naék ka kapal, ari maranéhna baralik ka imahna.
7 Ti Tirus urang-urang balayar jeung nepi di Ptolémais. Urang kabéh turun tina kapal pikeun ngucapkeun salam ka dulur-dulur, tuluy cicing jeung maranéhna sapoé. 8 Isukna urang indit jeung nepi di Kaisaréa. Geus kitu, urang nganjang ka imahna Filipus nu sok nguarkeun Injil, salah saurang ti tujuh priya nu dipilih téa. Urang kabéh cicing jeung manéhna. 9 Manéhna téh boga opat budak awéwé nu léngoh* kénéh jeung bisa ngaramal.* 10 Sanggeus urang-urang cicing di dinya sababaraha poé, aya saurang nabi nu ngaranna Agabus datang ti Yudéa. 11 Manéhna nyampeurkeun urang-urang jeung nyokot beubeurna Paulus, tuluy nalian suku jeung leungeunna sorangan. Ceuk manéhna, ”Ieu nu diucapkeun liwat kawasa suci, ’Jelema nu boga beubeur ieu bakal ditalian kawas kieu ku urang Yahudi di Yérusalém, jeung ku maranéhna bakal diserahkeun ka leungeun jalma-jalma ti bangsa séjén.’” 12 Ngadéngé kitu, urang-urang jeung kabéh nu aya di dinya méménta supaya Paulus teu indit ka Yérusalém. 13 Tapi Paulus némbalan, ”Ku naon maranéh bet careurik jeung ngalemahkeun tékad* urang? Sing yakin, demi ngaran Juragan Isa mah tong boroning ditalian, paéh di Yérusalém gé urang siap.” 14 Lantaran Paulus geus teu bisa diolo, urang-urang teu maksa deui* jeung ngomong, ”Mugia kahayang Yéhuwa nu laksana.”
15 Sababaraha poé ti harita, urang kabéh siap-siap jeung indit ka Yérusalém. 16 Murid-murid ti Kaisaréa gé aya nu milu jeung nganteur urang kabéh ka imahna Mnason, urang Siprus nu geus lila jadi murid, sabab urang kabéh diajak mondok di imahna. 17 Pas urang-urang nepi ka Yérusalém, dulur-dulur barungah nyambut urang. 18 Isukna, Paulus jeung urang-urang manggihan Yakobus. Harita gé kabéh kokolot aya di dinya. 19 Paulus ngucap salam ka maranéhna, tuluy ngajéntrékeun sagala nu dilakukeun ku Allah ka jalma-jalma ti bangsa séjén liwat palayananana.
20 Ngadéngé kitu, maranéhna ngamulyakeun Allah. Tapi ceuk maranéhna ka Paulus, ”Lur, aya rébuan urang Yahudi nu jadi percaya, kabéhanana sumanget kénéh ngajalankeun Torét. 21 Tapi, maranéhna meunang béja, manéh téh ngajar urang Yahudi nu cicing di antara bangsa séjén supaya murtad tina Hukum Musa, cenah barudakna teu meunang disunatan, maranéhna ogé dilarang ngajalankeun tradisi. 22 Jadi kudu kumaha nya? Maranéhna pasti bakal ngadéngé manéh geus datang. 23 Kieu wéh, di dieu aya opat priya nu geus nyieun ikrar. 24 Ajak maranéhna ngajalankeun upacara nyucikeun diri bareng jeung manéh, engké tanggung biayana ku manéh, supaya maranéhna bisa nyukur pondok buukna. Ku kituna, kabéh jalma bakal nyaho béja ngeunaan manéh téh salah, lantaran lalampahan manéh mah bener, manéh gé ngajalankeun Torét. 25 Ari keur dulur-dulur ti bangsa séjén mah urang-urang geus ngirim surat ngeunaan putusan urang supaya maranéhna terus ngajauhan sagala rupa nu dikorbankeun ka berhala, ogé ngajauhan getih, sato nu paéhna dicekék,* jeung lampah cabul.”*
26 Isukna, Paulus mawa priya-priya éta jeung ngajalankeun upacara nyucikeun diri bareng jeung maranéhna. Tuluy manéhna asup ka bait pikeun méré nyaho iraha poé-poé nyucikeun diri éta bérés, supaya imam bisa nyanggakeun kurban keur maranéhna masing-masing.
27 Waktu tujuh poé éta téréh bérés, urang Yahudi ti Asia nempo manéhna di bait, tuluy ngahasud jalma réa. Jadi maranéhna néwak Paulus 28 jeung gogorowokan, ”Urang Israél ka darieu, bantuan! Ieu yeuh jelemana anu ngajar jalma-jalma di mamana sina ijid ka bangsa urang, ka Torét urang, jeung ka tempat ieu. Malahan manéhna mawa urang Yunani ka bait jeung nganajisan tempat ieu.” 29 Sabab saacanna, maranéhna nempo Trofimus urang Éfésus bareng jeung Paulus di kota, jadi disangkana Paulus mawa asup manéhna ka jero bait. 30 Sakuliah kota jadi rusuh. Jalma-jalma lalumpatan ka bait, néwak Paulus, tuluy nyéréd manéhna kaluar bait, jeung panto-pantona langsung ditarutupan. 31 Basa jalma-jalma rék maéhan manéhna, komandan pasukan meunang laporan yén sakuliah Yérusalém keur rusuh. 32 Komandan éta gancang mawa para prajurit jeung para perwira, tuluy lumpat ngadatangan maranéhna. Barang ningali komandan pasukan jeung para prajurit, maranéhna eureun neunggeulan Paulus.
33 Tuluy, komandan pasukan nyampeurkeun jeung nitah supaya Paulus ditéwak jeung ditalian ku dua ranté. Manéhna tatanya ka jalma-jalma saha Paulus téh jeung naon nu dilakukeunana. 34 Tapi jalma-jalma némbalanana tinggorowok, ceuk ieu kieu, ceuk itu kitu. Ku sabab kaayaanana teu pararuguh, manéhna teu nyaho kajadian nu sabenerna, jadi manéhna nitah supaya Paulus dibawa ka markas prajurit. 35 Tapi barang nepi kana tangga, Paulus kapaksa kudu diangkat ku para prajurit lantaran jalma-jalma rék nyilakakeun manéhna. 36 Maranéhna pada naluturkeun bari tinggorowok, ”Paéhan manéhna!”
37 Barang rék digiring ka jero markas prajurit, Paulus ngomong ka komandan pasukan, ”Abdi tiasa nyarios ka Bapa?” Dijawabna, ”Geuning bisa basa Yunani? 38 Sugan téh manéh urang Mesir anu ngahasud jalma-jalma sina barontak, jeung mingpin 4.000 jalma nu mawa balati indit ka gurun keusik.” 39 Tuluy Paulus némbalan, ”Sabenerna abdi téh urang Yahudi, warga Tarsus, kota nu penting di Kilikia. Abdi ménta idin ka Bapa supaya bisa ngomong ka jalma-jalma.” 40 Sanggeus diidinan, Paulus nangtung dina tangga, jeung méré isarat ka jalma-jalma sina jarempé. Sanggeus jempling, manéhna ngomong maké basa Ibrani, kieu cenah,