PANANYA 19
Naon eusi buku-buku nu aya dina Kitab Suci?
KITAB-KITAB IBRANI-ARAM (”PERJANGJIAN LAWAS”)
TORÉT (5 BUKU):
Kajadian, Budalan, Imamat, Bilangan, Pamindo
Hal nyiptakeun jagat raya nepi ka ngadegna bangsa Israil kuno
BUKU-BUKU SAJARAH (12 BUKU):
Yosua, Hakim-Hakim, Rut
Bangsa Israil asup ka Tanah Perjangjian jeung kajadian-kajadian sanggeusna
1 jeung 2 Samuel, 1 jeung 2 Raja-Raja, 1 jeung 2 Babad
Sajarah bangsa Israil nepi ka ancurna Yérusalém
Esra, Nehemia, Ester
Sajarah urang-urang Yahudi sanggeus marulang ti pangbuangan di Babul
BUKU-BUKU PUISI (5 BUKU):
Ayub, Jabur, Siloka, Pandita, Kidung Agung
Kumpulan pituah-pituah jeung kawih
BUKU-BUKU NUBUAT (17 BUKU):
Yesaya, Yermia, Tangis Yermia, Yeheskel, Daniel, Hosea, Yoel, Amos, Obaja, Yunus, Mika, Nahum, Habakuk, Sepanya, Hagai, Jakaria, Malaki
Nubuat, atawa ramalan, ngeunaan umat Allah
KITAB-KITAB YUNANI KRISTEN (”PERJANGJIAN ANYAR”)
INJIL (4 BUKU):
Mateus, Markus, Lukas, Yohanes
Sajarah ngeunaan kahirupan jeung pangwawaran Yésus
CARIOS PADAMELAN RASUL-RASUL (1 BUKU):
Sajarah ngadegna sidang Kristen jeung kagiatan utusan injil
SURAT-SURAT (21 BUKU):
Rum, 1 jeung 2 Korinta, Galata, Epesus, Pilipi, Kolosa, 1 jeung 2 Tesalonika
Surat ka sidang-sidang Kristen
1 jeung 2 Timoteus, Titus, Pilemon
Surat ka sababaraha urang Kristen
Ibrani, Yakobus, 1 jeung 2 Petrus, 1, 2, jeung 3 Yohanes, Yudas
Surat-surat séjénna pikeun urang Kristen
WAHYU (1 BUKU):
Réntétan téténjoan nubuat nu ditémbongkeun ka rasul Yohanes