PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • g18 No. 2 kaca 6
  • 3 Rasa Hormat

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • 3 Rasa Hormat
  • Éling!—2018
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • NAON HARTINA?
  • KU NAON PENTING?
  • NAON NU BISA DILAMPAHKEUN?
  • OBROLKEUN JEUNG BATUR HIRUP
  • SARAN-SARAN
  • Carana Teu Mamawa Urusan Pagawéan ka Imah
    Bantuan keur Kulawarga
  • Naon Pangaruh Téknologi ka Perkawinan Anjeun?
    Éling!—2021
  • Lamun Béda Pandangan
    Bantuan keur Kulawarga
  • 1 Kasatiaan
    Éling!—2018
Éling!—2018
g18 No. 2 kaca 6
Salaki pamajikan keur masang bata maké adukan semén

Omongan nu merenah jeung sopan ibarat adukan semén nu bisa ngaraketkeun salaki pamajikan

KEUR SALAKI PAMAJIKAN

3 Rasa Hormat

NAON HARTINA?

Salaki pamajikan nu silih hormat bakal silih pikanyaah sanajan keur béda pandangan. Buku Ten Lessons to Transform Your Marriage nyebutkeun, ”Maranéhna moal pakeukeuh-keukeuh kana pandanganana, tapi ngabadamikeun masalahna. Maranéhna ngahargaan pandangan batur hirupna, tuluy nyieun putusan nu bisa ditarima ku duaan.”

PRINSIP KITAB SUCI: ”Sipatna kanyaah teh . . . tara mentingkeun maneh.”​—1 Korinta 13:4, 5.

”Hormat ka pamajikan téh hartina ngahargaan pandangan manéhna. Abdi embung nganyenyeri manéhna atawa ngalakukeun hal nu bisa ngaruksak perkawinan abdi.”​—Micah.

KU NAON PENTING?

Lamun euweuh rasa hormat, salaki pamajikan bakal silih cela, silih sindir, malahan silih hina. Numutkeun para ahli, ieu téh tanda-tanda awal pikeun pepegatan.

”Omongan nu sinis, nu nyindir, nu ngaléléwé téh ngarendahkeun harga diri pamajikan, manéhna gé jadi teu percaya deui ka Sadérék, sarta perkawinan Sadérék bakal ruksak.”​—Brian.

NAON NU BISA DILAMPAHKEUN?

PÉK PIKIRKEUN

Perhatikeun obrolan jeung lalampahan Sadérék salila saminggu. Tuluy pikirkeun:

  • ’Sakumaha sering abdi nyela batur hirup jeung sakumaha sering abdi muji manéhna?’

  • ’Dina hal naon waé abdi geus némbongkeun hormat ka batur hirup?’

OBROLKEUN JEUNG BATUR HIRUP

  • Lalampahan jeung omongan nu siga kumaha nu ngalantarankeun Sadérék duaan ngarasa dihormat?

  • Lalampahan jeung omongan nu siga kumaha nu ngalantarankeun Sadérék duaan ngarasa teu dihormat?

SARAN-SARAN

  • Tulis tilu hal nu bisa ngalantarankeun Sadérék ngarasa dihormat, kitu ogé jeung batur hirup Sadérék. Pék tukeur catetan éta tuluy upayakeun pikeun ngahormat batur hirup sakumaha nu dipikahayang ku manéhna.

  • Jieun daptar ngeunaan sipat-sipat hadé nu dipikaresep ku Sadérék ti batur hirup. Tuluy, ungkabkeun yén Sadérék ngahargaan pisan sipat-sipat éta.

”Hormat ka salaki téh katingali tina lalampahan yén abdi ngahargaan manéhna jeung hayang manéhna bungah. Éta téh teu kudu ku tindakan nu gedé, tapi ku tindakan-tindakan leutik gé bisa katémbong.”​—Megan.

Jadi, nu penting lain urang nu geus ngarasa hormat ka batur hirup, tapi naha batur hirup geus ngarasa dihormat ku urang.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Kudu boga tabeat karunyaan, hade hate, handap asor, darehdeh, jeung sabar.”​—Kolosa 3:12.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun